Senin, 12 Januari 2015

"Itu Alo Ieu Suan"

Ku: Dukun Lepus*

Keur uing (meureun teu mustahil keur nu lian gé), lebah merenahkeun sesebutan nu aya dina pancakaki téh, sok rada bangga. Leuheung sesebutan keur nu dareukeut atawa nu aya kénéh dikieuna. Ninggang di nu geus teu aya dikieuna, komo ti uyut ka luhur…, euh bati pabaliut nu aya.  Sugan téh lebah dinya hungkul, horéng nu deukeut gé sok rajeun luput. Lebah merenahkeun sesebutan “alo” jeung sesebutan “suan”, ieu gé kungsi pabaliut.

Demi ti baheula tug nepi kelas I Mu’allimien, jajuheun  écés. Lebeng baé, suan jeung alo téh disaruakeun. Diéh-énéh éhedkeun. Kakara pas kelas II Mu’allimien manggih bongbolongan téh. Pedaran ti Akéh Romli ngeunaan “alo” & “suan”, basa keur lés pasosoré di kobong. Poho deui ari lés naon-naonna mah, ngan moal nyalahan wancina mah, pas pasosoré. Inget kénéh. Najan ukur saliwat, sahenteuna pedaran ti anjeunna jadi bekel keur kuring nu léléngkah halu dina focus diajar hal-ihwal nu patula patali jeung basa Indung. Najan lain manukna. Kalayan ringkés anjeunna sasauran, “yeuh tum, alo mah anak lanceuk, anak adi mah suan”, dipungkas ku imut. Laju mikeun sababaraha conto, sampling-na tina pancakaki kulawargi anjeunna. “Baruk, geunging kitu”, cék uing harita dina haté, bari unggeuk-unggeukan.

Panasaran kénéh, balik ka imah langsung mukaan kamus. Hiji-hiji kekecapan dititénan, pas nepi nina kecap “suan”. Dina Kamus Basa Sunda yasana Mama R. Satjadibrata[1], anjeunna ngahartikeun kecap “suan” téh,  anak adi. Ari “alo”, anak lanceuk. Tah geuning teu nyalahan, moal sak deui.

Naon pangna panasaran ngimeutan ieu hal téh, ah, teu pira. Alatan kungsi sababaraha kali dibéjaan  yén sesebutan “alo” téh sarua baé diperenahkeunana mah. Boh ka anak adi, atawa anak lanceuk. Tului nimu pedaran ti Akéh, asa katulungan. Aya nu nyaangan najan saenyay. Teu lila, pas kelas III Mu’allimein mun teu salah mah, manggih katerangan deui dina roman sajarah nu keur dihanca. Dina roman sajarah anu judulna, Prabu Anom Jayadewata, yanasa Yoséph Iskandar, aya paguneman antara Prabu Amuk Murugul, Prabu Susuk Tunggal, Rakéan Keukeumbingan (Pamanahrasa) jeung Paman Léngsér.

Prabu Amuk Murugul, jeung dua urang nu nyarenganana, ngadeuheus ka Prabu Susuk Tunggal nu linggih di Kadaton Pakuan Pajajaran. Biasa kumaha sosonoanana anak jeung bapa, gunem-catur Prabu Amuk Murugul jeung Prabu Susuk Tunggal téh. Nalika Rakéan Keukeumbingan alias Pamanahrasa/Prabu Anon Jayadewata ngadeuheus, geuning anjeunna bet nga-uwa keun ka Prabu Susuk Tunggal téh. Prabu Susuk Tunggal ngaranjung, aya jalma anyar pinanggih nga-uwa-keun ka manéhna, nga-uwa-keun ka Raja karajaan Sunda. Kieu eusi pagunemananana[2]:

            …“Heueuh,heueuh,  saha ari dia, jalu?” ceuk Prabu Susuk Tunggal bari mencrong ka Pamanahrasa.
            “Pun sapun, Uwa Prabu…,” ceuk Pamanahrasa bari nyembah.
            “Baruk? Na dia bet nyebut uwa ka kami?” Prabu Susuk Tunggal ngaranjung.
            “Mun Uwa Prabu percaya, kami téh seuweuna Prabu Déwa Niskala ti…” Pamanah rasa nyarita teu kebat.
            “Anaking? Baruk dia téh suwan kami?” kituna téh Prabu Susuk Tunggal bari turun tina watu gilang paranti diukna.
Pamanahrasa alias Prabu Anom Jayadewata téh putrana Prabu Déwa Niskala ti karajaan Galuh. Ari Prabu Déwa Niskala, adina Prabu Susuk Tunggal, béda Indung. Putrana Prabu Niskala Wastukancana, raja karajaan Sunda, rayina Putri Citraresmi atawa Dyah Pitaloka anu gugur di Bubat. Pamanahrasa nga-uwa-keun ka Prabu Susuk Tunggal, da ka lanceuk bapana. Prabu Susuk Tunggal nyebut suan ka Pamanahrasa, da budak adina (Dewa Niskala). Déwa Niskala, ramana Pamanahrasa, nga-alo-keun ka Prabu Amuk Murugul, da  budak lanceukna (Susuk Tunggal). Prabu Amuk Murugul, nga-amang-keun ka Prabu Déwa Niskala, da ka adi bapana.

Kitu meureun keur contona mah, lebah merenahkeun alo jeung suan téh. Lah, da ieu mah ukur curat-corét baé. Pinasti jauh tanah ka langit disebut alus atawa kaharti. Teu jauh ti ngabejaan bulu tuur. Najan kitu, ari nu diharep mah muga baé aya mangpaat keur nu maca, najan sasieureun-sabeunyeureun. Mugia***

*) Nu Nulis, nu keur diajar nulis.



[1] R. Stajadibrata. Kamus Basa Sunda. Pt. Kiblat Buku Utama, Bandung: 2008.

[2] Yoseph Iskandar. Prabu Anom Jayadewata. Pusat Studi Sunda, Bandung: cit – III, 2011. Kaca ka 20.

Senin, 05 Januari 2015

Abah Yaksa #part III

Ku; Fauzal Ihsan*


Buta nu némbongkeun beungeutna hareupeun Abah Yaksa teu kendat-kendat méré kasieun. Ratug tunggulan eusi harigu nu dirandapan Abah Yaksa ngawujud jadi bengkéngna awak. Rupa nu pias cicirén kasieun nu tandang kana eusi dada jeung pikir manéhna. Teu disangka, Buta nu ngajungkiring, awak bayuhyuh, jeung rupa héjo semu hérang carulang palebah beuteung geus témbong. Ari sugan, buta téh ngan wungkul dina carita, manahoréng aya, malahan ngajungkiring, kadeuleu hareupeun manéhna. Dadak sakala kabingung jeung karisi eunteup dina pikir manéhna, ponpilagi haté nu ngébréhkeun rasa kagimir. Kabayang, pasangrok jeung buta anu kacida gedéna, saha nu teu sieun? Matak muriding bulu puduk. Inggis batan maut hinis, rémpan batan mesat gobang. Karémpan nu karandapan ku Abah Yaksa linyok, tuluy-tuluyan nonjok.

Saenggeusna buta nyarupa, ngébréhkeun beungeut hareupeun Abah Yaksa, tuluy baé mapatkeun sagala rupa gerentes, kahayangna, bari ngomong semu hohoak:
“Kula datang ka tempat ieu hayang manggihan hidep. Kula nuggu wanci ieu salila 100 taun lilana. Néang jalma nu pantes pikeun nitis sarupaning kasaktén.”
Bari ngomong, panon buta éta neuteup kana panon Abah Yaksa. Panon anu sekeut, lir hinis anu nurih sarupaning kéjo. Abah Yaksa teu daya teu upaya. Teu bisa unggah atawa nyingkah ti tempat. Tapi sanajan buta éta apal yén Abah Yaksa téh guligah jeung bingung alatan didatangan ku manéhna, buta éta tuluy ngomong.
“Yeuh Surup, umur hidep masih ngora, tapi lakob hidep Abah Yaksa. Éta téh cicirén yén kawijaksanaan nu aya dina diri hidep, nu nyieun manusa di sabudeureun hidep ngahormat. Hidep geus dipikasérab. Tapi kula datang, hayang ngabuktikeun caritaan jalma-jalma. Kula teu samanéa datang, tapi aya nu dimaksud. Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang. Mangka hidep tong sieun jeung hariwang, kula moal nyilakakeun hidep. Kumaha tanggapan hideup ka kula Surip?”
Kakara, mangsa ngadéngé ucapan kitu Abah Yaksa ngarasa tengtrem. Guligahna kasinglarkeun ku ucapan buta éta. Tétéla gening buta téh lain rék nyisikudi. Mana horéng datang kalawan kahadéan nu di bawa ku éta buta. Geus apal kitu, Abah Yaksa ngawalon, bari semu arapap-areupeup.
“Samudaya hapunten jul-jol tina diri abdi pribadi. Manawi téh salira bakal nyilakakeun jisimabdi. Pami terang kitu mah, abdi moal goréng sangka ka salira sateuacanna. Kasaktén naon anu ku salira di papatkeun tadi téh? Sareng tadi salira nyebatkeun wiréh abdi téh jalma nu kapilih, sahingga salira ngantosan dugi 100 taunna pikeun tepang jeung abdi. Sakaterang abdi mah, abdi téh jalmi alit. Waragad teu seueur, waruga cungkring kacida. Pami teu diwagel mah, abdi hoyong terang. Naon tah anu nyababkeun abdi diantos kitu?”
Buta éta ngagakgak, seuri, nimbulkeun eundeur sakuliah cai tempat cicingna éta buta. Bari seuri, buta éta ngajawab.
“Yeuh Surup, kula kungsi pagunem catur jeung hiji tukang tapa. Tukang tapa ieu jolna ti nagara India. Ceuk manéhna, jalma wijaksana geus hésé dipanggihan. Manéhna tuluy ménta pitulung kula pikeun manggihan jalma nu wijaksana. Geus saratus taun lilana kula nunggu wanci ayeuna. Geus tong loba carita. Tarima ieu pakarang.”
Dialungkeun pakarang éta. Pakarang éta téh mangrupa gagandén. Biasa sok dipaké pikeun nakol kai. Luhurna di bungkus ku beusi campur waja nu gedé. Wangunannana pasagi. Mangsa Abah Yaksa narima pakarang éta, ujug-ujug buta tadi ngaleungit. Teuleum ka sagara cai nu ngagolak. Pakarang anu ahéng kacida. Pakarang nu nungguan nu bogana salila saratus taun ayeuna mah geus dicekel ku Abah Yaksa.
Abah Yaksa hémeng heula alatan leungitna éta buta. Can nganuhunkeun, ujug-ujug ngajorélat euweuh. Saenggeusna kitu, Abah Yaksa tuluy mawa gagandén éta. Mangsa diteteup-diilikan. Dina gagangna diukir ku mangrupa basa. Teuing basa naon. Manéhna teu ngarti mangsa ngailikanana. Basa nu dipaké pikeun ngukir gagang gagandén éta lain basa
Sansakerta, tapi basa lian anu teu diwawuh ku manéhna.
Tétéla, basa nu dipaké pikeun ngukir gagang pakarang éta téh nyaéta basa Yunani. Basa nu teu dipikanyaho ku Abah Yaksa. Tulisanna Gnothi Seaton.
Ari gnothi seaton téh aslina mah ukiran nu aya di hiji kuil. Kuil ieu pisan nu didatangan ku Sokratés. Kuil di Dhelpy anu dicicingan ku hiji tukang tapa baheula, nu kungsi panggih jeung Sokratés. Ari sokratés téh jalma nu katelah wijaksana di jamanna. Dumukna di nagara Yunani. Tulisan anu aya di kuil éta téh nyurup kana diri Sokratés, sahingga nepi ka dijadikeun pola hirupna. Anu hartina, “wanoh kana diri.” Kalimat manéhna nu kasohor, nu nyirikeun manéhna wijaksana téh nyaéta “nu saapal kuring, kuring mah teu nyaho naon-naon.”
Tapi anu anéh, naha ukiran gagandén éta sarupa pisan jeung tulisan nu aya di kuil Delphy? Nu leuwih ngabingungkeun mah, naon kaitannana Sokratés nu hirup di Yunani jeung Abah Yaksa nu hirup di wewengkon Sunda? Malah nu leuwih parah, nu ngagayot kanu pikir, naha tulisan gnothi seaton beut aya dina gagang gagandén éta? Nah!
*) Dipostingkeun kalayan widi ti nu Nulis

Abah Yaksa #part II

Ku: Fauzal Ihsan

Saban poé Kemis, Abah Yaksa ngaluangkeun waktu pikeun niiskeun sirah tina sarupaning perkara nu nimpa ka manéhna. Kabeneran, saacanna, dina poé Rebo, Abah Yaksa kungsi paadu urat, pasalia paham jeung lurah nu dumuk di kampung wétan. Pasalia paham éta di mimitian ku kajadian nu ngageunjleungkeun kampung. Abah Yaksa nu dumuk di kampung Tunggul belah kulonneun kampung Reunggas, imahna Lurah Sapto nu gétréng jeung Abah Yaksa téa.
Ari  Sapto téh kolot nu ngumbara ka Sunda, sabenerna mah manéhna asli urang Madura, dina pangumbaraanana, manéhna ngahaja cicing di daérah Reunggas, sabab harita, dina usum pamilihan lurah, manéhna nyalonkeun jadi pamingpin di daérah éta. Anapon alesan kadua manéhna dumuk di kampun Reunggas, nyaéta garwana anu kagungan jeneng Surtih mangrupa kembang desa nu asli urang kampung Reunggas. Ceuk béja mah, Sapto bisa meunang jadi lurah téh alatan kawasana nu bisa ngayakinkeun rakyat harita ku cara sentak-sengor.


Dina pangumbaraanana, Sapto teu leupas tina masalah ribut jeung papada manusa. Kacaritakeun dina hiji mangsa manéhna kungsi ngarogahala budak cikalna Pulisi. Sahingga nalika jadi buron, Sapto ngajalin kakuatan jeung kumpulan préman nu aya di sakuliah desa tempat dumukna Pulisi éta. Tapi najan geus ngumpulkeun loba préman gé, tetep Pulisi mah leuwih kawasa, sahingga –hayang teu hayang– manéhna kudu gagancangan nyingkah ti désa. Lila jadi buron, manéhna ujug-ujug bijil di kampung Reunggas, di belah kiduleun Sancang, jeung di belah wétaneun kampung Tunggul, neupi ka kakawinna jeung kapilihna jadi lurah.

Perkara nu ngageunjleungkeun éta dimimitian ku lobana kajadian maling di daérah tempat Sapto ngawasa. Dina hiji mangsa pamuda nu teuing saha ngarana, di tuduh jadi tukang maling. Éta pamuda teh pangumbara nu hirupna nyémah. Dina waktu saminggu, manéhna pundah-pindah tempat ka tiap masigit. Jalma di sakuliah masigit sok bungah nalika di sumpingan ku pamuda modél kitu, hartina, masigit nu tara di piroséa ku jajaka jeung wanoja désa, geus aya nu paduli, nyaéta pamuda nu ngumbara téa. Di sagedengeun éta, manéhna gé sok ngahaleuangkeun ayat Quran, nu lamun di baca ku éta pamuda, warga ngarasa tentrem ayem. Tapi saprak éta pamuda luuh di kampung, warga sok kaleungitan duit. Kajadian éta, saprak nyémahna pamuda jeung ngilu-ulubiungna éta pamuda kana urusan pamaréntahan masyarakat.

Harita, Lurah Sapto, ngayakinkeun warga wiréh pamuda éta pisan anu maling duit. Sapto nyarita ka warga, ku teudeung-ludeng tanpa borangan:

“Warga sadaya, ieu jalma nu ngarusak moral pamuda di ieu tempat. Ieu pisan jalmana. Manéhna ngawadul jadi ahli masigit, manéhna teu jujur nalika ngomong ikhlas mantuan pamaréntah satempat. Sok ayeuna geus ébréh ka urang sadaya yén ieu jalma téh bener-bener salah, urang sadaya teu bisa ngantep manehna cicing, genah, jeung tumaninah di dieu. Hirup hasil nipu ka papada manusa. Simkuring yakin yén jalma ieu pisan nu maling duit warga. Buktina nu loba leungit téh jalma nu dumukna sabudeureun masigit.”

Sapto leuwih sumanget nyarita, malah mandar manéhna beuki tarik monyongkeun congorna:

“Para wargi sadaya, kanyataan geus nembongkeun sihungna ka urang. Geus ayeuna mah urang gebugan jalma ieu.”

Nalika Lurah Sapto sumanget ngahasut warga pikeun ngagebugan, bahkan ngarogahala pamuda éta, Abah Yaksa datang. Teu disangka ku Lurah Sapto harita yén Abah Yaksa rék hadir di éta tempat. Abah Yaksa nu kakoncara ku sakuliah désa ngaakibatkeun ratug tunggulan hulu angen. Manéhna sieun ku datangna Abah Yaksa téh bakal ngabubukeun rencana nu ku manehna disusun, nyaéta ngusir jeung numbalkeun pamuda tadi jadi tukang maling. Tapi kagok éra, Lurah Sapto tuluy ngomong, beuki ngadedet pamuda éta, tanpa maliré sanajan harita haténa ngarasa ratug alatan datangna Abah Yaksa.

Sapadamayan Abah Yaksa nembalan ucapan Lurah Sapto

“Punten, Lurah, simabdi dongkap ka ieu tempat sanés ngahaja nyampur urusan batur. Simabdi teu dihaja ngaliwat ka ieu tempat. Singhoréng simabdi nguping salira ngahakiman ieu pamuda.”

Abah Yaksa ngetrukeun tarékah pikeun nyarita handap asor ka Lurah Sapto. Abah Yaksa nimbalan deui caritana:

“Kieu pa lurah, bawi rasa salira teu adil upami ngahakiman ku sapihak wungkul.”

Ngadéngé ucapan kitu Lurah Sapto ngarasa disinglarkeun harga dirina, manéhna asa dicoo gado ku budak. Tapi Sapto oge mikir dua kali, najan Abah Yaksa leuwih ngora batan manéhna, tapi Abah Yaksa ngaruh pisan di tempat éta, malahan ceuk beja mah kasakténna nu ngaakibatkeun Abah Yaksa jadi dipihormat. Ceuk béja ogé yén Abah Yaksa téh mibanda ajian nu bisa ngalunturkeun kulit ku rapalan nu di ucapkeun, da puguh manéhna geus guguru ka tukang tapa.

Tapi Lurah Sapto maksakeun manéh pikeun ngawujudkeun wawanénna. Lurah Sapto nyadar ku jurus “sentak-sengor”na moal neurak ka Abah Yaksa mah, tapi manéhna gé nyadar, lamun ucapan Abah Yaksa teu di palire ku sentak, manéhna moal bisa ngayakinan deui ka warga. Manéhna maksakeun manéh pikeun nuar ucapan Abah Yaksa, malahan teu kungsi lila ti Lurah Sapto nembalan ucapan Abah Yaksa, manéhna ngajak ngadu élmu raga ka Abah Yaksa, manéhna kapalang éra geus kasebut ngawasa daérah Reunggas, manéhna kapalang kagok geus nantang Abah Yaksa.

Abah Yaksa teu langsung nedunan kahayang Sapto, tapi alatan Sapto mamaksa, nya tanding élmu geus teu bisa dibatalkeun. Ngan ngabutuhkeun waktu lima menit pikeun ngelehkeun Sapto. Abah Yaksa ngarapalkeun sababaraha ucapan hasil guguru ka tukang tapa, manéhna malakiahan pikeun ngalumpuhkeun lawan nepi ka Sapto labuh ngadadak, teu bisa hanjat deui. Abah Yaksa ogé bisa nyabéréskeun perkara nu ngageunjleungkeun warga salila saminggu téa. Éta pamuda aman. Manéhna bisa ngumbara deui ka tiap-tiap masigit. Jeung warga teu katimpa hareudang-bayeungyangna hasudan Lurah Sapto.

Saperti biasa Abah Yaksa sok nisskeun sirah dina poe Kemis. Manéhna ngarunut kajadian ku cara muhasabah. Biasana manéhna ngayakeun muhasabah di karang laut. Harita Kemis, wanci geus nuduhkeun jam 11 peuting. Dina muhasabahana, galura ujug-ujug pagulung-gulung, jiga aya tangan nu ngawasa sagara cai. Manéhna hémeng nalika nempo cai nu pagulung-gulug gede, jiga nu rék nimbulkeun tsunami, sapadamayan bijil ti laut nu pagulung-gulung galurana, manusa gagah, manéhna leuwih ngabentuk jiga Buta Hejo. Dadak sakala Abah Yaksa teu boga kasaktén, manéhna teu daya teu upaya nempo jeung ngarasakeun kasaktén nu ngaburisat tina diri éta Buta. Manéhna teu bisa ngetrukeun rapalanana. Kawedi ujug-ujug datang, kawani nyingray tina haténa. Manéhna ngadadak jadi bengkéng nempo Buta nu bayuhyuh éta.

Nyambung.
*) Dipostingkeun kalayan widi ti nu nulis.

Abah Yaksa #part I

Ku:Fauzal Ihsan*


The Author
Hiji mangsa kacaritakeun aya jalma nu katelah Abah Yaksa. Teuing kumaha caritana éta jalma beut disebut yaksa, padahal nalika di tilikan awakna mah teu kaciri rék piwijaksanaeun. Ceuk béja mah éta jalam di babarkeun poé Rebo dina mangsa tujuh welas Agustusan. Sabaraha poé ti babarna éta jalma, ramana, nu kagungan wasta Sudra maparin jeneng Surup ka manéhna. Lain teu alesan bapana maparin jeneng Surup ka éta budak. Sudra geus ngetrukeun tarékah pikeun néang wasta nu cocog, malahan Sudra geus malakiahan ka dukun néang ngaran nu sapagodos jeung poé mangsa dilahirkeun éta budak. Mangka teu kungsi lila ti borojolna budak tina gua garba ibuna, Sudra maparin wasta Surup. 

Alesannana surup téh mangrupkeun ngaran nu kacida éndahna, salian ti éta surup ogé biasa di larapkeun ka panon poé nu geus warna konéng wangkid (kira-kira) jam genep soréan. Surup ogé dilarapkeun ka sakurna perkara nu asup kanu perkara lain, contona ruh nu surup dina raga. Harepan Sudra yén budakna bakal pijadieun jalam suksés, alatan sakabéh pangaweruh, pangabisa, jeung kahadéan bakal nyurup dina diri manéhna.

Ayeuna Surup geus nincak umur nu ka duapuluhlimana. Manéhna hirup ngumbara ti mimiti umur lima welas, alatan ramana (Sudra) nitah indit sajauhna pikeun nyiar élmu pangaweruh. Geus lima welas taun Surup nyukcruk jalan pikeun nyiar élmu. Ti mimiti nyakola di Paguyuban, tug nepi ka guguru ka tukang tapa. Salila hirup, Surup ngarasakeun pirang-pirang kasedih, utamana susahna nyiar kadaharan. Harita, teu béda jauh jeung jaman Orba taun 1998, nalika sagala rupa serba mahal, sahingga di sebut krisis moneter.  
Surup hirup saayana, can kungsi kacaritakeun manéhna dahar di tempat ahéng, tur tuang kadaharan nu mahal. Mangsa jalama beunghar ngagunakeun kudana pikeun indit kamamana, Surup mah ngagunakeun sukuna. Kamamana tara maké sandal, lain kunanaon, da puguh teu boga duit pikeun meulina. Tong boraah sendal, kadaharan ogé sapinggih, sapanimuna. Mun harita jalma-jalma disibukkeun ku perkara individual, timimiti raksukkan tug nepikeun ka kandaraan kudu alus, Surup mah saayana, kadang manéhna make baju nu angger salila tilu minggu, da puguh baju gé meunang hasil baramaén. Surup leuwih mirip jeung Sokratés nu di caritakeun ku Xenophon. Sokratés teu lewih mentingkeun hadéna raksukan batan hirup wijaksana. Sakabéh hirupna, Sokratés ngetrukeun tarékah pikeun nyiar kawijaksanaan.
Dina umur nu kawilang ngora, Surup katelaha ku  ngaran Abah Yaksa. Dina hiji carita nu can dipaluruh mah, Surup di paparin gelar Abah Yaksa téh, alatan kawijaksanaanna. Jeung ceuk hiji béja ogé, Surup di telahan Abah Yaksa alatan manéhna kungsi jadi jaksa nu nungtut jalma di pangadilan. Mangka singsaha baé anu nampi warta ti manusa, wajib pikeun manéhna maluruh benerna warta éta. Tapi, nalika maluruh jeung nyukcruk carita Surup, kacida héséna, sahingga versi-versi éta can di anggap bener ayana. Tapi nu jelas, Surup di paparin laqab Abah Yaksa, kusabab nyokot tina kalimah wijaksana, nyaéta jaksa. Kadang mah, di bahasa Jawa, hurup “j” sok di larapkeun kana hurup “y”, sahingga jaksa, jadi yaksa. Tah ti mimiti harita meureun cukang lantaran Surup di sebut Abah Yaksa téh.

 

 

“Pekik-Pekuk Tronada”

oleh: FAG

Pagi itu, semua masih tertidur pulas. Efek dari semalaman berpesta. Sangat meriah, sampai-sampai berlangsung selama seminggu. Hidangan yang menggunung, wine yang tak hentinya mengalir, mengisi tiap-tiap gelas. Dari seloki, hingga gelas bir besar (seperti pada film-film koboi atau bajak laut) tak ada yang kering, semua basah. Udara dalam ruangan, didominasi oleh Clive Crhistian’s Imperial Majesty, Caron’s Poivre, Jean Patou’s Joy, juga merek-merek parfum lainnya.
 Kilau dan kelap-kelip lampu, menjadi pelengkap meriahnya pesta itu. Para pegusaha, miliarder, koruptor, teroris, artis, pejabat, gigolo & pelacur, dari seluruh dunia. Semua berkumpul, larut dalam suasana pesta. Kau bisa lihat, sekumpulan orang yang sedang tertawa bengis di tengah geladak? Di meja bundar besar dilapisi kain putih, padanya surga gourmet yang mustahil bisa dicicipi oleh orang miskin, seumur hidupnya. Masing-masing mereka duduk didampingi oleh wanita-wanita cantik & sexy. Sembari tak henti menghisap Gurkha Black Dragon, Cohiba Behike, dan Arturo Fuente Opus X, cerutu-cerutu kualitas number wahid sedunia. Kurang lebihnya seperti itu, ritus-ritus rutin bagi para lelaki bertuxedo & wanita bergaun sutra. Dunia seolah-olah berada pada genggamannya.
***
Ada yang berbeda, di pagi saat pesta berakhir. Ombak begitu tenang, angin hampir tak ada, suara ricuh burung camar, rutinitas yang biasa terjadi di lautan, pagi itu, tak ada. Seluruh staff kapal pesiar itu, sedang bersantai meni’mati sarapan pagi. Semua terlena akan keadaan tersebut. Tidak terbersit dalam fikiran mereka, akan datangnya kejutan dari Tuhan. Bencana yang akan datang, yang menerjang dengan tiba-tiba. Ini sasaran empuk, bagi Tuhan. Untuk member balasan, kepada makhluq yang ia cipta, namun membangkang. Itulah mayoritas pengisi setiap stateroom persiar ini.
Sang Kapten, bernama Andy. Empat tahun ini, ia menakhodai sebuah kapal Pesiar pribadi, empunya milyarder AS. Di umurnya yang baru 30 tahun, mungkin ini adalah puncak dari karirnya. Dari semenjak usia 9 taun, ia telah terbiasa diombang-ambing ombak lautan. Setelah melalui berbagai cobaan dalam meniti karirnya, yang bermula hanya menjadi utility, bergelut dengan piring-gelas kotor, telunjuk & pekikan perintah.Masa-masa yang sulit. Karena keuletan & kerja kerasnya, karirnya sedikit demi sedikit mendekati kesuksesan. Dari hanya sekedar utility, ia naik menjadi second cook, pada tahun yang sama. Pada tahun ini pula, ia mengalami kengerian di kabin kapal. Harus menjadi pelampiasan nafsu seniornya. Yang entah berapa belas tahun tak bertemu wanita. Tahun-tahun berikutnya, adalah jalan menanjak yang terjal. Hampir mati jadi bulan-bulanan senior, setengah tuli karena tamparan pejabat, dan percobaan mengakhiri hidup, karena sudah tak kuat siksaan di atas kapal.
Ia orang yang taat dalam beragama. Pada pagi dan petang, ia tak lupa mealafalkan nama Tuhan beserta  nama-nama-Nya Yang Maha Baik. Karena didikan orangtuanya, bimbingan sedari dini, menjadikan ia sebagai manusia taat beragama. Orangtuanya ditembak mati di hadapannya keatika ia berumur 8 tahun. Karena dituduh sebagai penyebar paham agama yang fundamentalis & radikal. Yang sangat dibenci okeh pemerintah di daerahnya.  Kemudian, ia dijual ke pelabuhan untuk menjadi budak, dan dipekerjakan di sebuah kapal Feri lintas pulau, di laut timur.
Empat tahun dalam masa kejayaan karirnya, ada yang dengan pesat berubah. Bukan hanya tampilan & gaya hidupnya. Termasuk keyakinannya. Ia mulai mempertanyakan kembali, akan kebenaran Yang Maha. Bila Ia ada, kenapa Ia membiarkan kedua orangtuanya, yang begitu taat pada-Nya, mati dengan tragis? Kenapa dia juga harus mengalami penghinaan jiwa & raga, yang dilakukan oleh seniornya di kabin kapal ? Ia mulai percaya pada yang nampak saja. Pada uang, wanita dan jabatan.
Setelah semalaman ia bercinta dengan Silviana, seorang aktris film yang sedang naik daun. Kamar VIV pesanan sang kapten, terkunci sangat rapat. Dengan penegasan, “don’t Distrub!”. Ketika mayoritas orang masih meni’mati pesta, ia dan sang aktris dengan tergesa menuju kamar VIV, dengan sedikit mariyuana[1], dua botol Vodca dingin, dan jarum suntik. Kini ia menjadi pecandu morfin. Yang tersisa dari malam itu, hanya desahan dan suara berdecit dari per ranjang yang bergoyang.  
***
Pagipun datang. Matahari terbit dengan sangat percaya diri. Laut begitu tenang, langit kosong, tiada awan. Orang-orang mulai terbangun, termasuk sang Kapten. Ia bergegas mandi dan bersiap untuk kembali ke Dek. Sementara si aktris, masih lemas terkulai di ranjang. Pagi begitu tentram, bermelodikan elegy, hanya baginya. Yang lainnya abai. Ia ambil kembali lintingan mariyuana sisa semalam, berjalan ke arah menara kapal. Si aktirs ternyata mengikutinya, dengan cumbu-rayunya, tak bisa terelakkan lagi, dan mereka berdua bercinta kembali di atas dek, tak malu disaksikan mentari & langit.
Mendadak, segumpal besar awan cumulonimbush mendekat kearah pesiar itu. Hitam, pekat, dan menakutkan. Angin mulai berhembus tak beraturan, memecah ketenangan yang tadi meninabobokan seluruh pengisi kapal. Mulai terdengan lengkingan & pekik teriakan histeris nan ketakutan. Kapal gagah perkasa itu tak kuasa menahan hempasan ombak yang berkali-kali lipat, dari ukurannya. Bak menjadi mainan anak kecil, di bak mandi. Awan itu datang, biasanya karena ketidakstabilan atmosfer, secara ilmiah. Lebih jauhnya mungkin, kehendak Tuhan. Nama yang beberapa tahun ini, ia lupakan.
          Sayang, aku takut…” ucap Silviana resah.
          “Tenang sayang, kapal ini canggih dan didisgn sedemikian rupa untuk pertahanan ketika badai datang…”, ujar sang Kapten tegas.
          “Tapi, kali ini aku benar-benar takut, seolah – olah ku lihat, malaikat maut menari-nari di sekeliling kapal ini…” ia mulai menangis.
          “Tenag…, tenang-lah sayang, kematian tidak akan datang pada kita…kita akan hidup abadi dan saling mencintai selamanya”, Ia peluk wanita itu, dan berciuman.
Angin semakin tak terkendali, ini adalah hurricane atau yang biasa orang sebut sebagai topan. Ombak entah setinggi apa, menyapu pesiar itu. Ia terhempas, air laut masuk ke semua penjuru kapal.
“Murka dari Posaidon, aku bertobat padamu…., wahai dewa laut Yang Agung”, jeritan seorang pejabat, memelas.
“Oh Bapak di surga, selamatkan kami…selamatkan kami….” 
“Ya Allah, selamatkan kami… kami akan bertaubat jika selamat, aku mohon ya Allah…”
Begitu bisingnya nama Tuhan disebut. Tuhan manapun itu. Yang hanya mereka ingat ketika badai datang. Ketika dalam kesusahan. Ketika senang, ketika lengang Tuhan hanya menjadi nama sakral, sekedar motos saja. Hanya menjadi kalung berbentuk lelaki yang tersalib, hanya menjadi ukiran kaligrafi yang dipajang di dinding. Begitupun kitabsuciNya. Berdebu, tertumpuk, hanya untuk pajangan lemari belaka.
          “Ah…, di mana aku?” bisiknya.
          “Apakah sudah mati?, apakah ini neraka?”
          “Kau belum ku izinkan mati, ada yang ingin ku uji sekali lagi dari mu”, ada suara dari lagit, yang samar-samar ia dengar.
Matanya mulai terbuka, ia hanya mengambang diatas sebongkah kayu, puing-puing pesiar.
          “Apa maksud ucapan Mu?” teriaknya.
          “Tolong, jawablah!”
          “Siapa itu?, kau kah itu, Tuhan?”
          “Aku selamatkan kau, hiduplah sekali lagi. Mampukah kau melewati ini?” ucap suara misterus itu.
          “Aku tak mengerti, kenapa kau berlaku tak adil padaku? Lebih baik, ambil saja nyawaku sekarang!!!”. Pekiknya.
Gambar by: Google
          “Tidak, akan tiba waktu Ku, untuk mengambil nyawa mu. Tapi tidak hari ini, bukan di tempat ini”, jawabNya tegas.
          “Tuhan!, kumohon jangan siksa aku lebih dari ini, aku akan segera bertaubat bila Engkau menyelamatkanku”, rengeknya.
          “Bawa aku kedaratan, aku kan bartaubat”, pintanya penuh harap.
          “Tuhan… !”
          “Kumohon, jawablah…!”
Tak ada jawaban, suara itu tak akan terdengar lagi. Ia menangis, apa yang sejak dulu ia kumpulkan, semua hancur. Setiap pencapaiannya untuk tahapan-tahapan mutiara kesenangan dunia, tak berguna. Kini, entah di samudra belahan mana ia berada. Terombang-ambing diatas sebongkah kayu, hanya sendiri. ***

(langit-langit kamar, 07/10/14)


[1] Cannabis sativa.

Latensi Ricuh Sidang Wakil Rakyat




Tiga hari yang lalu, Selasa (28/10/2014),  sidag paripurna ke – 7 Dewan Perwakilan Rakyat digelar. Seperti yang telah sama-sama kita fahami. Seyogyanga sidiang DPR itu, adalah sidang denga orang-orang yang membahas segala macam yang berkaitan dengan rakyat. Bukan sidang yang mempersoalkan untung-rugi perindividu, atau instansi tertentu. Karena mereka terpilih, bukan untuk menjadi tuan rakyat. Akan tetapi sebagai wakil rakyat. Yang diberi amanah untuk mengurus kesejahtraan dan kelangsungan hidup rakyat.
Sidang kemarin, dalam agendanya adalah membahas mengenai Penetapan nama-nama anggota fraksi pada alat kelengkapan dewan. Kekisruhan sebenarnya sudah terjadi pada menit-menit awal. Sungguh memalukan. Selama dua jam, sidang hanya membahas kata-kata “bodoh” yang dilontarkan oleh seorang profesor anggota fraksi, kepada piminan sidang. Berlanjut dengan pembolékéran  masalah privasi partai sendiri, antara sesama kawan serumah itu. Hingga memuncak, ketika ada seorang anggota sidang yang menggulingakan meja sidang, sambil marah-marah. Belakangan diketahui, bahwa pelakunya adalah Hasrul Azhar, ketua fraksi partai yang  berlambang ka’bah.
Sungguh kengerian yang benar-benar. Perilaku tersebut tidak patas sedikitpun untuk dilakukan, oleh seseorang yang mengenyam kursi pendidikan. Ironisnya kejadian yang sudah-sudahpun, adalah gambaran ketidakpantasan perilaku buruk, orang-orang yang konon mengenyam pendidikan setinggi langit ini. Dalam Harian Umum Pikiran Rakyat, tercatat bahwa insiden “dorong meja” selasa kemarin itu, bisa disebut  paling ricuh & tidak terhormat sepanjang sejarah.
Ini menjadi ibroh tersendiri bagi kita sebagai rakyat, khususnya ummat islam, bahwa tak boleh sembarangan menjudge seorang itu baik atau buruk dari tampilannya, atau berdasarkan seberapa tinggi ia sekolah. Orang-orang yang ada di kursi-kursi DPR itu tentunya adalah orang-orang yang berpendidikan. Yang entah setinggi apa gelarnya. Akan tetapi terbukti, ketika dalam sidang, mereka selalu rebut tak control, bila mana ada kebijakan atau keputusan yang tak sesuai dengan keinginan mereka. Malah ini hampir terjadi seperti pertengkaran antara anak kecil yang saling berebut permen. Alih-alih mereka itu adalah publik figur, yang menjadi sorotan dan harusnya menjadi tauladan yang baik, ini malah memperburuk citra diri dengan berprilaku seperti itu.
Allah sendiri telah menginformasikan kepada kita dalam Al – Quran, bahwa hambanya yang pa;ing baik & yang paling mulya di matanya, hanyalah yang bertaqwa kepadanya (QS: Al – Hujuraat: 13 ), bukan yang tinggi sekolahnya, atau yang rapih tampilannya, bukan pula yang tinggi jabatan duniawinya. Bisa saja seorang petugas kebersihan yang tiapharinya membersihkan sampah di jalanan, karena ia bekerja dengan ikhlas, dan penuh berusaha bertaqwa, ia lebih mulia ketimbang seorang pejabat yang konon seorang provesor, yang telah berkali-kali bolak-balik ke Masjidil Haram. Jadi ingat sebuah lirik dalam lagunya band Sisir Tanah, “sekawanan ayam lewat dengan lebih sopan, dari pada sekumpulan pejabat”, memang tak semuanya seperti demikian, bagi kita, sebagai masyarakat yang peka & melek terhadap segala peristiwa, seyogyanga untuk menjadikan segala macam peristiwa yang terjadi, ibrah & mau’idzoh bagi kita. Fa’tabiru yaa uulil abshaar. Wallahu a’lamu. (FAG)*** 

*) Ieu Tulisan, keur harita Tugas nyieun berita.