![]() |
Gambar beunang: Guuglé |
Ku: Dukun Lepus*
Sato leutik nu teu pisan bisa disapirakeun.
Numuntkeun ahli éntomologi (élmu anu nalungtik hal-ihwal ngeunaan serangga,
salasahiji cabang tina zoologi), ieu sato téh kaasup kana kelas insecta,
family culicidaé. Upami teu lepat, kapungkur ku guru biologi kantos
disubat-sabit, yén kirang-langkung aya kana 3500-an spésiésna, nu dibagi kana
tilu sub-family: Anophilianae, Culicinae, jeung Toxorhynchitinae.
Reungit lain kaasup sato hémaprodit. Dina
hartian, teu boga alat reproduksi nu lengkep dina hiji waruga. Teu jiga cacing
atawa sababaraha sato liana. Keur reproduksi téh kudu ngaliwatan kawin heula
reungit mah. Aya reungit jalu, aya reungit bikang. Ilaharna reungit ngahakan madu
atawa sari bungbuahan. Boh nu jalu, boh
nu bikang, sarua baé. Anaging hiji mangsa, aya kalana reungit bikang teu
ngahakan madu atawa sari bungbuahan. Tapi butuh ku getih. Iraha éta téh? Nyaéta,
nalika keur bureyeng endogan. Pikeun kasuburan endogna, reungit bikang butuh
protein nu aya dina getih.
Langganan éta reungit bikang mangsa butuh
kana protéin, biasana nyoco mamalia; ingon-ingon/sato nu kaasup “darah panas”,
manusa salahsahijina. Demi reungit bikang, miboga ciri nu has. Palebah
sungutna, ngabogaan moncong nu ciga tulalé. Uapama ditoong ku mikroskop, katémbong
tulaléna teu mencos jiga jarum. Tapi rérégéan. Si tulalé éta nu dipaké nyeuseup getih téh. Matak béntol kulit sabada dicocona.
Reungit bikang, ngandelkeun pangambeuna keur néangan targét cocoanna. Manéhna
sénsitip kana karbon dioxide nu kaluar tina engapan, jeung sababaraha zat nu aya dina
késang. Cenah, komo si reungit bikang téh, paling resep ka lalaki/jalu nu
bayuhyuh, jeung miboga golongan getih “O”. Aya ogé anu ngandelkeun sensor panas, keur
nangtukeun targétna. Reungit kaasup kana golongan
Sato nu ngalaman metamorfosis.
Naon
pangna tina bubuka, disebutkeun yén reungit téh hiji sato leutik nu teu bisa
disapirakeun? alatan reungit téh salahsahiji sato leutik (insecta) anu
disebut dina Kuran. Salian ti sireum jeung nyiruan. Reungit, anu dina basa Arab
mah ba’udzoh, disebut dina Kuran, surat al-Baqarah, ayat 26. Cenah ceuk
basa santri mah, sababunnuzulna ayat ieu, aya patula-patalina jeung ayat
séjén. Nyaéta ayat, nalika Gusti nétélakeun yén berhala-berhala
nu disembah ku maranéhna (jalma-jalma musrik), moal pernah bisa nyiptakeun
mahluk, sok sanajan leutik sagedé laleur. Najan maranéhna
ngariung, ngahiji, mapatkeun kabéh jampé
pamaké, ngetrukkeun kabéh élmu panemu, moal bakal kahontal.
Reungit
bisa jadi asal mula panyakit. Loba nu katarajang panyakit alatan diccoco ku
reungit. Modél panyakit ‘demam berdarah’ nu disababkeun ku reungit species
Aedes ae gypty. Malaria jeung Kaki gajah. Atuh keur
naon Gusti nyiptakeun éta mahluk, ari kadon mawa mamala mah? Atawa meuruen teu
sapati-pati Gusti nyiptakeun mahluk jiga reungit (samalah disebutkeun dina al –
quran), ari mun lain aya faédahna keur urang balaréa. Yudlillu bihii katsiira
wa yahdii bihii katsiraa.***
(Pameungpeuk,
basa peuting gandéng nataku, huang-hiung
digoda reungit bikang nu nyipok teu jeung adeuh)
*) Nu
nulis, jelema nu keur diajar tulas-tulis
0 komentar:
Posting Komentar