“Nasib
Roman Sunda Ngepop”**
Ku: Atép Kurnia*
URANG
Sunda resep dongéng. Bukti nu tembresna mah dongéng via radio. Antara
taun 1970-an nepi ka 1990-an dunya dongéng dina radio ngabetot perhatian nu
ngabarandunganana. Harita mah réa pisan radio nu nyiarkeun acara dongéng. Di
Bandung, upamana, Radio Sangkuriang, Radio Garuda, jeung Radio Shinta nu sok
nyiarkeunana. Atawa di wewengkon Sumedang, aya Radio Jussan jeung Radio Duta.
Wa
Kepoh jeung Rachmat Dipraja mangrupa ikon-na. Duanana kakolomkeun juru dongéng
radio nu pangkawentarna. Sorana teu weléh dianti-anti. Nu matak hélok mah éstu
teu kawatesanan ku umur deuih pikeun ngabandungan hébatna gaya ngadongéngna
téh; kolot, budak, lalaki, awéwé. Karéréanana resep ngadaréngékeun dongéng
radio, siga jaman kiwari lalajo sinétron. Tapi ari nu nulis caritana mah tara
pati dipaliré, malah ampir kapopohokeun. Saperti Yat R, pangarang dongéng Si
Rawing, anu kungsi ngageunjleungkeun tatar Sunda.
Carita-caritana
mémang mataktak tibelat. Aya dongéng silat nu ngalalakonkeun para jawara
reujeung élmu kadugalanana, saperti Si Buntung Jago Tutugan. Tokoh utamana,
Andi, ngabogaan pakarang mangrupa haur konéng. Sedengkeun musuh kabuyutanana,
Karna, boga ajian batu karang. Tangtu réa keneh carita-carita sejenna gé. Boh
génre carita silat, mistéri, boh nu mangrupa romantika kahirupan. Modél
Gumilar, Jaka Santang, Nurélah, Néng Élah, Ir. Mardi, jsté.
Tapi
anu jarang kasungsi atawa kasebut-sebut téh nyaéta sumber-sumber lalakonna.
Sihoréng dongéng-dongéng Sunda via radio téh aya gantar kakaitanana jeung
pamedalan buku-buku roman pop Sunda dina mangsa 1960-1970-an. Harita mah
buku-buku modél kitu loba nu pada mikaresep. Jumlahna nepi ka mangratus judul.
Ditambah téh deuih tiap judulna gé ngurung hiji nepi ka sawatara puluh seri.
Contona Waliwis Bodas (Tjaringin, 1969) karya S. Sukandar nu jumlahna 45
jilid. Atawa Si Buraong (Wargina, 1971) karya K. Soekarna nu jumlahna
nepi ka 43 jilid. Buktina, tina situs-situs di internet kacatet, upamana
pabukon Universitas Kebangsaan Malaysia (UKM) ngoleksi roman Sunda saeutikna
270-an judul. Ditambah deui, model, pabukon KITLV nu ngumpulkeun ratusan judul.
Nu
narulisna gé réa deuih. Cara A. Roestandi nu nulis seri Andjar (Pusaka
Sunda, 1967). Atawa A. Tolib nu ngarang Pusaka nu Ménta Wadal (Romanato,
1970). Atawa Juda Djaja jeung Djaka Tarum-na (Laksana, 1970). Ogé Tatang
KS nu ngarang Rusiah Euis Marlinah (Wargina, 1969). Ngan tangtu wé nu
fenomenal mah K. Soekarna jeung S. Sukandar. Duanana geus ngahasilkeun roman
Sunda nu nepi ka kiwari masih dipikawanoh publik Sunda. K. Soekarna, upamana,
kakoncara ku bukuna Sirod Djelema Gaib (Saputra, 1969). Ari S. Sukandar
kawentar ku carita silatna Si Buntung Djago Tutugan (Tjaringin, 1969),
nu remen jadi babon dongéng radio tur dijudulan sarua.
Di
antara sakitu réana ngaran pangarang roman Sunda, aya sawatara pangarang nu sok
maké sandiasma (ngaran samaran). Cara Koko, Juda Djaja, atawa Supermen. Ngaran
asli Koko jeung Juda Djaja nyaéta M. O. Suratman, hiji kapten manten nu dumuk
di Jalan Babakan Tarogong, Bandung.
Sedengkeun
ngaran Supermén sihoréng sandiasmana S. Sukandar. Pang inyana maké éta ngaran
sabab hiji mangsa basa inyana rék masrahkeun naskah ka pamedal, inyana poho
neundeun naskahna nu digantelkeun dina Véspa. Tapi naskah horéng geus hiber aya
nu ngarampidan, ti dinya pisan inyana mimiti maké ngaran Supermén.
Cek
koropak pembaca (nu dimuat dina Sulit Ati Belang Bayah karya Wahyu Adam,
1972: 35-36) nepi ka taun 1972 aya sawatara pangarang nu masih aktif ngarang
roman pop Sunda. Nyaéta Wahyu Adam, Ki Masram, Supermén, Juda Djaja, jeung
Entang S. Maranéhna sok ngarumpul di Perpustakaan Anéka nu aya di Jalan
Pagarsih No. 179A Bandung sarta diluluguan ku M. O. Suratman.
Tapi
nepi ka kiwari, ceuk rasa mah tacan aya juru titén atawa kritikus nu nalungtik
ngeunaan buku-buku modél kitu. Boh ngeunaan génre-na, kandungan sastra-na, boh
pangaruhna ka masarakat Sunda. Pangaruhna perelu disebut sabab bisa jadi
masarakat Sunda mah mikawanoh sastra Sunda téh asalna tina buku-buku roman pop
téa. Walhasil, lain tina karya-karya nu jadi kanon sastra Sunda, saperti Baruang
ka nu Ngarora (D.K. Ardiwinata), Mantri Jero (R. Memed
Sastrahadiprawira), atawa Diarah Pati roman misteri karya
Margasulaksana.
Gambar: http://www.kumeokmemehdipacok.blogspot.com |
Nu
jadi pasualan, kunaon pang nepi ka kajadian boom dina éra harita? Bisa jadi aya
sawatara sabab. Di antarana, pungsi agén jeung taman bacaan nu jadi rawayan
sumebarna roman pop Sunda, gedé pisan kontribusina. Buktina, mun seug
pirajeunan niténan buku-buku roman pop téa, di jerona pasti sok aya gambaran
ngeunaan agén nu ngadistribusikeun buku-bukuna. Salian ti éta, di jerona téh
biasana sok aya ngaran-ngaran taman bacaan nu nyadiakeun buku-buku roman pop
Sunda. Cara, keur pamedal Romanato jeung Sinar Wulan agénna téh Toko Buku
Nasional Suka Asih nu aya di Jalan Rd. Dewi Sartika 1.H, Bandung. Jeung remen
sok dibarengan ku ngaran jeung alamat taman bacaanna.
Bisa
ogé tina jihat nu maracana. Nu maraca roman pop Sunda, bawirasa, lain
jalma-jalma anu resep hal-ihwal ngeunaan kasusastraan. Atawa teu miduli: naha
roman pop Sunda téh karya sastra atawa lain. Nu penting mah sigana asal ramé
tur ngondang nguniangna rasa panasaran. Cindekna nu maraca roman pop Sunda mah
jalma-jalma anu awam kana hal-ihwal kasusastraan.
Mungkin
waé éta téh jadi sabab para kritikus sastra Sunda henteu nembongkeun katitén ku
ayana éta roman-roman téa. Malah béh dituna nganggap yén taya mangpaat anu
dipetik tina jalan macaan buku-buku samodél kitu. Sabab ceuk arinyana mah
buku-buku nu pandena kitu téh ngan ngajarkeun kajumudan mikir jeung hal-hal anu
cawokah. Padahal ceuk rasa mah, gagasan kritikus sastra Sunda nu milah-milah
antara nu daria jeung pop nu jadi salah sahiji nu ngancurkeun tradisi roman pop
Sunda.
Salian
ti éta, bawirasa bédana antara sastra anu daria jeung sastra anu ngepop dina
sastra Sunda mah ipis kacida. Malah rada hésé ngabédakeunana. Ogé sabenerna mah
roman pop Sunda téh bisa dimangpaatkeun minangka média nu ngamumulé basa Sunda.
Sabab justru ku roman pop, sastra Sunda ngaronjat popularitasna nepi ka
masarakat réa nu pada mikaresep.
Ku
kituna, kiwari sigana waktu nu mustari pikeun ngumpulkeun (sok sanajan leuir)
sarta ngayakeun panalungtikan kana roman pop Sunda. Ku jalan kitu, éta téh
sarua hartina jeung ngahargaan sumanget jeung kréatifitas para pangarang roman
pop Sunda. Sabab kumaha baé ogé, roman-roman pop Sunda (sanajan salila ieu mah
luput tina panitén para kritikus) geus ngilu ngeuyeuban sastra Sunda.***
**) Pinilih Kahiji
Hadiah Sastra LBSS 2006 Kataégori Éséy.
*)Atép Kurnia. Lahir
di Bandung, 10 Mei 1979. Kungsi jadi rédaktur majalah Cupumanik. Saenggeus
lulus SMU (1998), digawé di pabrik tékstil di wewengkon Cikancung (1998-2006).
Kungsi kuliah di UIN SGD Bandung di jurusan Sastra & Bahasa Inggris. Aeuna
cekel gawé di sekretariat Museum Geologi. Tulisan-tulisanana kalan-kalan midang
dina Manglé, Cupumanik, Seni Budaya, Galura, Sk.
Pikiran Rakyat jeung Sk. Kompas.
0 komentar:
Posting Komentar