“LEBARAN”
Ku: Ahmad Bakri*
Beuki burit beuki loba
barudak ngagarimbung di buruan masigit, ngadaragoan bedug Magrib. Nu mekel cau, nu
mekel gegetuk keur engké buka ari geus disada bedug.
“Naha can jedur kénéh waé euy…?
Pan asa geus burit ieu téh!” cék Oji
bari nyenyekel jambu asak. Diambeuan deui diambeuan deui kawas nu geus hayang
kop ngokos, “aduh, seungit-seungit teuing jambu téh…!”
“Ning hayoh waé diambeuan …? Batal
siah puasana!” cék Oyib!
“Hih, batal sotéh mun didahar…!
Da ieu mah diambeuan hungkul!”
“Pan seungitna asup kana
irung…! Karasa ngeunahna wéw! Batal ari kitu téh!”
“Teu lah henteu… teu batal …,
teu batal!”
“Batal… batal… batal…!” cék
Oyib keukeuh, “jig geura tanyakeun ka Pa Lebé!”
“Ari aya nu ngagoréng peda
batalnya salelembur…? Pan sok kaambeu ka mana-mana!”
“Gandéng… gandéng … gandéng…!
Nanaonan ta téh marebutkeun goréng peda…?” cék kolot ti émpér masigit.
Dur
bedug Magrib. Seblem… seblem… seblem, barudak téh paheula-heula. Nu paréa-réa
omong gé jempé, da sungutna pinuh ku dahareun.
“Tomot
ooooy…!" cék Si Ekom ngosom, da bari samutut ku gegetuk.
“Rék puasa isuk, Teng…?” cék Toto.
“Puasa atuh… piraku henteu
mah…”
“Cup siah, moal milu murak
tumpeng isuk!”
“Naha…? Aéh enya waé Lebaran nya…!
Bit-bit-bit, teu inget tadi mah… Lebaran… Lebaran…, hursééééh… Lebaran!”
Berebet lalumpatan maruru ka
saimah-imahna, ngadon dalahar.
“Buru-buru daharna nya, Jang,
engké disampeur ku uing!” cék Oji.
“Rék ka mana kitu...?” cék
Jang Udin.
“Hih, pan rék ngadulag di
masigit… Uing mah geus boga panakolna gé meunang nyieun tadi ti beurang.”
“Naha maké nyieun…? Pan di
masigit gé aya panakol mah, lain?”
“Ah, bongan sok parebut… mending
boga sorangan, ambéh seubeuh,” cék Oji bari nyimpang ka buruan imahna.
Jang Udin ogé buru-buru
balik. Nyampak geus ngabarak di tengah imah.
“Mana ari bapa?” cék emana.
“Di masigit kénéh Ema,
panginten keur netepan,” témbal Jang Udin bari sila ngajemprak ngahareupan
idangan.
“Ning Ujang geus ti heula
atuh?”
“Da… da Ujang mah…” Ngan
sakitu nembalna téh, kaburu inget teu milu solat Magrib.
“Teu netepan nya…?” cék
emana.
Teu némbal. Kalamas-kélémés
waé éraeun.
“Tuh da kitu Ujang mah…! Sok ngalalaworakeun
kana papatah kolot téh… kumaha cék Ema baréto?”
“Da Oji ngajak buru-buru Ema!
Lumpat waéh Ujang téh.”
“Ulah sok nyalahkeun ka batur…!
Bongan saha make guguan…? Kop geura dahar. Éngké tas buka agé-agé netepan
Magrib bisi ahir mantén!”
Am
Jang Udin dahar. Mani ponyo. Lapar ongkoh, da tas puasa, turug-turug loba
deungeunna nu ngareunah, dahareun usum lebaran.
Dag
dulugdugdag dulugdugdag… Dag dulugdugdag dulugdugdag!
Jang
Udin curinghak …Euleugeu euleugeu kabuhulan.
“Aya
naon ciga tibuburanjat?” cék emana.
Nyelang nginum heula méméh
némbal téh. “Kapiheulaan waéh ku batur…!”
“Naon kapiheulaan téh…?”
“Ngadulag.”
“Alaaaah… kopkop waé dahar
mah sing jongjon! Ngadulag mah engké gé hade. Nepi ka isuk gé matak naon, maleman
Lebaran ieuh!”
“Pan
tara kabagéan panakolna Ema… Oji mah gaduheun, da ngadamel. Ujang mah henteu.”
“Nginjeum
wé ka Oji… piligenti… Oji capéun, genti gentena ku Ujang. Pan jeung sobat,
lain?”
“Jang…!
Jang Udiiiin…! cék nu ngageroan ti luar.
“Hoooooy…,
dagoan …! Témbal Jang Udin bari ngoréjat, berebet lumpat muru nu nyampeur, “mana
panakolna, Ji?”
“Tah
ieu...! kaina gé dahan jeruk ieu mah, Jang. Pék geura cekel, ampeg nya! Tarik
sora bedugna gé ditakol ku ieu mah.”
“Engké
Ujang ngajaran, nya Ji!”
“Heug…
Yu atuh buru-buru urang maras panakol!”
Srog
ka masigit. Nyampak geus ngagimbung barudak deukeut bedug, pasesedek ngadagoan
giliran ngadulag.
“Halik,
uing heula!” cék Oji bari seselendep.
“Gandéng
ah, uing gé geus ngadagoan ti tatadi” cék nu kasedekkeun.
“Hih,
da uing mah mawa panakolna gé!” témbal Oji keukeuh.
Ngadulag (gambar beunang Google) |
Dulugdug
milu ngadulag, marengan nu geus nyampak.
“Allohu
Akbar…! Allohu Akbar…! Walillahilham…!”
“Yeuh
tampanan, barudak, Ua can kokocok suku!” cék nu nanggeuy baskom di lawang.
Barudak
paheula-heula nampanan baskom tumpeng, diteundeun di émpér jeung geus ngabarak
di dinya.
“Leuh…
geus loba nya euy tumpengna gé…! Mun unggal poé Lebaran téh, resep!”
“Leuh,
geuning Si Ekom royal, euy, maké udud sagala!”
“Matak
naon deuih, salebaran sakali mah?” témbal Si Ekom.
“Pék
siah lieur geura! Baréto gé Si Andi utah-utahan nepi ka teu kadugaeun milu
sidkah!” cék Oji.
Si
Ekom reuwaseun. Geuwat rokona dipiceun.
Nepi
ka tengah peuting barudak téh raraméan sukan-sukan. Nu ngadulag, nu milu takbir
jeung kolot. Nu heureuy lolobana mah. Geus marilu murak tumpeng gemprah sararé
di bale malang.
Dur
bedug Subuh.
“Harudaang,
barudak, beurang…!”
Tingkoréjat,
tingkuliat, tingrariceng sérab… Léos baralik rék ngadon mandi jeung disalin.
Aya nu lulungu kénéh. Batur-baturna muru lawang, manéhna mah léosna ka
paimbaran.
Bada
subuh masigit geus pinuh ku nu rék sarolat sunat. Barudak misah di émpér,
paginding-ginding maké papakéan weuteuh. Si Eman gé aya, bangun kacida
gumbirana téh.
Rérés
solat sunat, rérés hutbah, saréréa sarasalaman.
“Hampura
nya euy, silih lubarkeun dosa,” cék Oji.
“Lebaran…
lubar sakabéh dosa!” cék barudak bari sungsong silih asongan leungeun.
“Rék
ka mana Jang Udin, lain rék milu sidkah heula?”
“Rék
munjungan heula ka Ema… Engké ka dieu deui!”
“Aéh
heueuh nya euy, urang gé kudu nyungkem, bisi kapiheulaan ku batur… Pamali cék
kolot ogé!” cék Toto bari lumpat.
Batur-baturna
gé paheula-heula ka imah, muru nyungkem kana lahunan emana, neda pangampura
jeung pidu’ana. ***
(Disalin tina Manglé
Alit no. 265, 1 Januari 1987)
*) Ahmad Bakri, Pangarang nu produktip dina yuswa nu geus ceueut ka hareup. Lahir di Rancah Ciamis 11 Me1 1917. Opat naskahna kungsi ngaborong hadiah IKAPI Jabar taun 1967, nyaéta: Kabandang ku Kuda Lumping, Nu Sengit dipulang Asih, Payung Butut, jeung Rajapati di Pananjung. Disagigireun maca jeung nulis, teu aya deui pangaresep sejenna iwal ti ngawangkong/ngalohong.
0 komentar:
Posting Komentar