“Jajap
Nu Mulang”
Ku: Usép Romli HM*
Teu burung
datang nu lila didagoan téh. Layon Obin ti Bandung. Dibawa kana ambulan. Sora
héong sirineu geus kadéngé ti kajauhan. Blus ka jalan pilemburan. Heureut. Ukur
asup samobileun. Bari gerenjul ku batu. Leuheung usum halodo. Mun usum hujan
nyeblok. Pinuh ku leutak.
Beuki tarik
sora sirineu. Komo lebah tanjakan. Sora nu nambang kana lamping kénca katuhu,
lir janeritkeun hariring peurih nu lila kapendem satukangeun lulurung waktu.
Tapi éta mah
ngan rarasaan Apin sorasngan, nu harita milu mapag di sisi jalan. Bareng jeung
urang lembur séjénna. Réréana dulur
baraya Obin nu kaamanatan ngurus layon. Pikeun Apin, datangna Obin nu geus
ngababatang satukangeun boéh, asa nyabit-nyabit tatu nu geus lawis lipur. Tatu
nu kungsi gudawang opat puluh lima taun katukang.
“Saha nu
hayangeun Obin dikurebkeun di dieu?” Nurdin, batur sakulah-sakolih Apin, nanya
semu panasaran.
Apin ukur
ngajawab ku gideug. Kawas nu embung kaganggu, duméh pipikiranana keur
kumalayang ka mangsa-mangsa ka tukang. Sanajan geus maot, Obin asa ngingetan
Apin pikeun éling kana bingbilangan umur.
“Sabaraha taun
umur, Jang?” opat puluh tujuh taun ka tukang. Obin kungsi nanya. Dibabarung nyéréngéh, rada nyengir
sautik. Nepi ka tembung huntu carahemna nu dilapisan pérak.
Saenggeus
ngahuleng sakeudeung, Apin nembalan: “Tilu belas taun.”
“Tilu belas?
Akang dua lima. Béda dua belas taun,” Obid nyéréngéh deui, kawas hayang
nembongkeun huntu pérakna.
Dua lima tambah
opat tujuh, harita nepi ka maot téh, umur Obin tujuh puluh dua taun. Apin genep
puluh taun.
“Geus papada
kolot,” Apin ngagerendeng. Bareng jeung anjogna ambulan. Jalma-jalma pahibut.
Rék milu ngagotong layon. Patugas ambulan mukakeun lawang tukang. Metot
brangkar sina nolol gagangna. Ku duaan lembur nu geus pangdeukeutna kadinya,
dibetot deui. Duaan asup ka jero.
“Siap?” cék nu
ti luar.
“Siap!” jawab
nu ti jero.
Regeyeng
gotongan layon dijungjungkeun.
“ka mana ieu téh?”
“Ka masjid jami
wé,” salah saurang dulur Obin némbalan. “Da geus dimandian, diboéhan. Tinggal nyalatkeun.”
Haté Apin ngageter.
Uteukna pinuh ku rupa-rupa wangwangan ka jenatna Obin.
“Tungtungna mah teu
burung asup ka masjid. Teu burung disalatkeun, da basa lahir dina kaayaan
Islam. Naha keur hirupna kungsi Islam, jeung maotna Islam? Tapi salila mangsa
opat puluh tujuh taun, bisa jadi Obin ngalaman parobahan kajiwaan.”
Sanajan geus liwat
opat puluh tujuh taun basa mimiti pisan tepung jeung Obin, Apin inget kénéh
pisan. Umur dua puluh lima pikeun Obin harita, kacida pisan hargaanana. Manéhna
nyicingan imah panggung ukuran sedeng, sisi susukan irigasi. Pamajikanana, tara
ka mamana. Béda jeung kabiasaan awéwé pilemburan, nu sok indit ka sawah ka
kebeon. Jongjon baé ngasuh budak umur tilu taunan. Keur meujeuhna pikalucueun.
Bohono donto. Mun keut kikilitikan, ku Apin sok dijéwang. Dicium pipina nu
tembem. Najan semu-semu hanyir jeung basuh ku aday, teu jarijipen teu sing.
Geugeut wé nu aya.
Imah téh
pagigir-gigir jeung tajug. Émpérna, dipasangan ontob. Di dinya obin muka tempat
cukur. Atuh mindeng kaseudeuhan ku nu lalar-liwat. Pangpangna lalaki nu rék ka
carai. Ngadon niiskeun huela awak, dina bangku awi nu ngahaja dipasangan dina
sisi émpér kénca-katuhu. Boh nu rék dicukur, boh sakur milu ngawangkong,
mindeng ngagelek.
Kawilang mindeng Apin
datang ka tempat pangcukuran téh. Diuk dina bangku awi salila-lia. Sakapeung
ngaaja dicukur mun buukna geus rogok pisan. Mimindengan mah ngadon milu maca.
Sanajan hirup di pilemburan, jeung ukur gawé nyukur nu hasilna teu sabaraha, di
imah Obin téh réa bacaeun. Buku, suratkabar, majalah. Buku-bukuna dijréngjéngkeun din a méja tengah imah. Surat kabar jeung
majalah mah, dibarakkeun dina erak panyukuran. Mun Apin datang, geus hiding
deui Obin ngasongkeun suratkabar atawa majalah nu kasebut anyar kénéh.
“Ngahaja ti Bandung kamari, Akang mawa
majalah jeung suratkabar anyar bacaeun Jang Apin,” kwas sasari Obin nyéréngéh.
Nembongkeun huntu caréham ngaborélak
warna pérak.
Unggal poé Jumaah Obin sok indit ka
Bandung. Balik-balik Saptu sore atawa Minggu pabeubeurang. Nepi ka tara kungsi
kapanggih jumaahan di lembur. Ti barang datang sapiri umpi, kurang leuwih dua
taun,taca sakali-kali acan Obin salat jumaah di lembur. Das ok nyaba téa. Ku
dulur-dulur jeung barayana sok diaromongkeun, Pajah téh, ngeunah Obin mah,
digawéna saminggu sakali. Unggal jumaah. Tapi teu kungsi nyarahoeun, gawé naon
sabenerna.
Apin gé teu kungsi tatanya, gawé naon Obin
unggal jumaah di Bandung. Nu sok ditanyakeun téh, ukur aya euweuhna Koran atawa
majalah anyar. Ku Obin salawasna dijawab, aya. Nu matak, unggal poé Minggu
pasosoré, Apin sok ngahajakeun datang. Ngadekul maca bari sidéngdang dina
bangku awi. Teu maliré Obin keur nyukuran batur, atawa pamajikanana
cilingcingcat ti imah ka luar, atawa sabalikna, bari ngéngéngklék budak. Keur anteng
maca mah, Apin gé teu hayang pangangguran nyium pipi budak nu tembem, sanajan
budakna ngaléndotan kana suku ogé.
“Jang Apin mah resep maca, nya?” Obin
ngebing-ngebing lawon paranti nutupan awak nu keur dicukur tina lawang ontob.
“Resep, Kang,” Apin ngarérét sakeudeung.
Gancang neruskeun deui hanca.
“Aya perpustakaan di sakola?” Obin nanya
deui. Gék diuk dina korsi paranti nyukur. Cekés, cekés, ngahurungkeun bénsin.
Nyeungeut udud pahpir nu tadi geus dijieun, tapi karék kaburu dikenyot
saenggeus bérés nyukur.
“Aya gé kurat-karét. Ukur sababaraha judul buku.”
“Boa pepek kénéh nu Akang, nya,” Obin
nyéréngéh. Némbongkeun huntu caréham pérak.
“Rupina mah. Nu Akang, buku-buku naon
baé?” Apin panasaran. Najan mindeng milu maca suratkabar jeung majalah di
dinya, tacan kungsi dibéré nginjeum maca buku mah.
“Rupa-rupa wé, Jang. Sastra, kabudayaan,
politik, élmu pangaweruh. Sabaraha taun umur téh, Jang?”
“Tilu belas.”
“Akang dua lima. Béda dua belas taun. Ceuk
aturan mah, karék meunang maca buku-buku sastra, pangpangna roman, lamun geus
tujuh belas taun.”
“Opat taun deui atuh?” Apin kerung.
“Nya kitu, lah. Geus di SMA. Ayeuna Apin
kelas hiji SMP?”
“Kelas dua.”
“Tapi da di kampung. Hésé bacaeun. Kawasna
meunang budak kelas dua SMP maca buku-buku roman atawa politik, ari jang Apin
daék mah,” Obin ngojéngkang ka jero imah.
Puguh wé Apin giak. Diasongan buku Tenggelamnya
Kapal van der Wijck karangan Hamka jeung Subuh karangan Pramudya
Ananta Toer.
“Baca kdi dieu wé, satamatna nepi ka
iraha. Ulah dibawa mulang”
“Naha?” Apin ngajenghok.
“Dibawa mulang mah sarua jeung
nginjeumkeun”
“Naha ari nginjeumkeun, ulah kitu, Kang?”
“Ulah pisan. Sabab, jalma nu nginjeumkeun
buku sarua jeung belegug.”
“Kutan?”
“Leuwih belegug deui, jalma nu mulangkeun
buku beunang nginjeum.”
Apin nyalakatak. Obin neruskeun caritana:
“Nu matak langka jalma mulangkeun buku
meunang nginjeum da sieun dianggap belegug mun nginjeumkeun buku ka jang Apin.”
Jadi unggal poé, APin idek liher di émpér
imah Obin. Namatkeun buku Hamka jeung Pramudya, saminggu campleng. Ti barang
balik sakola, nepi ka liwat asar. Salat lohor jeung asar gé di tajug gigireun
imah Obin wé. Sakapeung sok diajak dahar. Karasa daréhdéh soméahna
salaki-pamajikan téh. Budakna gé milu apét.
Geus teu asa-asa nirilik mapagkeun mun nénjo Apin datang. Hayang dirawu
dipangku. Hayang dicelengok pipina nu tembem semu baseuh jeung hanyir. Geus
rada capétang nyarita deuih. Mindeng ngaganggu kaantengan maca ku
pertanyaan-pertanyaan nu teu pikahartieun. Sok gancang dicokot ku Indungna, atawa
ku bapana bari diomonganan:
“Ulah ngaganggu Mamang Apin. Keur
maca.”
Tamat Hamka jeung Pramudya, réa dui
buku séjén nu kapapay kabaca. Henteu kudu ngadagoan deui. Obin ngahempékkeun
milih sorangan.
“Resep kana politik, Jang?” Obin
nanya, biasa bari nyéréngéh, barang nénjo Apin muka-muka buku “Doktrin Politik”
susunan Comite Central Partai Komunis Indonesia, nu jilidna beureum. Maké
gambar “Palu Arit”.
“Ah, hayang terang wé, Kang,” jawab
Apin bari pipikiranana ngabanding-bandingkeun jeung buku nu kungsi katénjo dina
méja bapana. Buku nu jilidna héjo, make gambar “Bulan Béntang”. Bapana nyaram. Ngajéwang éta buku. Bus kana
laci. Jeprét dikonci. Apin teu ngarti, naha bapana kawas nu ulah kaliluan maca.
Béda jeung Obin nu terus-terusan méré sumanget sangkan réa maca.
*
Sataun kalarung. Biasa, minggu pasosoré,
Apin keur jongjon maca diémpér panyukuran imah Obin. Suratkabar “Warta Bandung”
jeung “Harian Rakyat” nu medal tilu opat poé saméméhna, geus réngsé dipapay.
Obin ngasongkeun suratkabar “Warta Bhakti”.
“Tah, Jang kitu geuning kabuktianana mah,”
Obin nyarita daria.
“Naon, Kang?”
“Éta roman karya Hamka nu dipikaresep ku
Ujang téa?”
“Tenggelamnya kapal van der Wijck?”
“Enya. Sihoréng meunang niron éta téh
geuning…!”
“Kutan?”
Tacan béak kahéran Apin, Obin nuduhkeun
tulisan dina rubric “Lentéra” suratkabar “Warta Bhakti”. Di dinya aya tulisan
Abdullah Said Patmaji nu nétélakeuj yén buku Tenggelamnya Kapal van der
Wijck karya Hamka, mangrupa plagiat tina roman Magdaléna karya
pangarang Mesir, Luthfi al- Manfaluthi.
Balik ka imah, Apin gancang cacarita ka
bapana ngeunaan pamanggihna bieu. Wani jeung daék sotéh cacarita, lanataran
Apin nyaho, bapana sok katénjo macaan karangan-karangan Hamka. Nu kungsi
kapanggih, bapana anteng pisan maca buku “Bohong di Dunia”. Mun tas dibaca buku
téh gancang disumputkeun.
Bari rada nyureng, bapana ngaenyakeun.
“Pagawéan jalma nu ngéwa ka Hamka jeung ka
Umat Islam éta mah,” jawab bapana tandes.
Hanjakal ogé Apin enggeusna mah. Sabab
isukna basa rék indit ka imah Obin,
bapana nyalukan:
“Ulah idek liher teuing jeung si Obin!”
“Naha?”
“Kominis si éta mah.”
Sakikituna. Taya penjelasan nanaon deui.
Nambah panasaran dina diri Apin.
Tapi teu dipaliré. Angger baé datang.
Babakuna kataji ku bacaeun. Lantaran geus omhang, selang-selang tina maca téh, basa tempat panyukuran geus suwung, jeung Obin
katingal salsé, Apin lah-lahan tumanya:
“Kang, ari akang muhun kominis?”
“Ari kitu?” Obin nyéréngéh.
Némbongkeun huntu caréham pérak. Cirining keur lugina.
“Ah. Henteu. Aya wé nu nyarios.”
“Mun enya rék kumaha, mun henteu rék
kumaha?” Obin nyéréngéh dui. Malah dituluykeun ku ngahahah.
“Moal kukumaha. Rék angger wé milu
maca.”
“Alus, Jang,” Obin nepakan taktak
Apin. “Kudu kitu tah. Boga jiwa progrésip revolusionér. Henteu heureut deuleu
jeung sumpek pamadegan. Enya, ku urang dieu Akang dianggap kominis. Pédah tara
salat. Ka tajug tara, salat lima waktu unggal poé tara, jumaahan ka masjid jami
tara. Da enya akang mah kominis. Anggota partéy. Malah jadi anggota pengurus
“Pemuda Rakyat” di Bandung.”
Karék harita Obin terus terang. Tapi
teu matak ngaroibah sikep Apin. Malah beuki osog kana maca. Komo geus ku Obin
dibébaskeun maca naon baé, jeung meunang mawa buku nu can tamat dibaca dibawa
ka imah.
“Sajaba ti réa maca, urang kudu bisa
nulis. Nulis naon baé nu aya dina kereteg haté jeung pikiran urang,” cék Obin
hiji poé, bari némbongkeun suratkabar mingguan nu dieusi tulisan negunaan
kahirupan di pakampungan. Nu nulisna Obin.
“Akang gé sok ngarang?” Apin rada
colohok.
“Pasti atuh. Apan kudu téa. Kudu
maca, kudu nulis. Pikeun ngabuktikeun diri urang téh aya. Lain ukur aya ku
jentul wungkul. Tapi ku karya. Ku kabisa nu katangar ku balaréa. Carana, nulis
dina suratkabar, majalah atawa buku. Ujang hayang jadi panagarang? Hayang jadi
wartawan?”
Apin unggeuk. Obn asup ka kamarna.
Teu lila kaluar deui. Mawa dua buku. Nu kahiji Dunia Jurnalistik karya
Jawoto. Nu hiji deui Salam dari Kawan Mao. Song ka Apin bari nerangkeun
pinuh kareueus:
“Jawoto téh wartawan kahot. Ayeuna
Kepala Lembaga Kantor Berita “Antara” di Jakarta. Sakeudeung deui rék diangkat
jadi duta besar di Tiongkok. Ari Mao téh, Mao Tse Tsung, pamingpin kominis
Tiongkok. Duanana barisa ngarang, nulis gagasan-gagasan, disagigireun pinter
nyarita dina podium-podium rapat raksasa.”
Buku ditampanan, bari ménta idin rék dibawa ka imah. Obin nyaluyuan.
Sajajalan muru balik ka imahna—rada anggang ti
imah Obin, misah lembur tapi natangga kénéh—uteuk Apin asa mepeg. Hémeng ku
rupa-rupa hal. Naha bapana, nu saimah sagulung-sagalang, henteu brukbrak. Mun
teu penting-penting teuing, ngobrol gé langka. Ari Obin mani sagala
dijéntrékeun. Kepi ka kayakinanana ogé dibalakakeun. Teu lebar ku kaboga deuih.
Buku, majalah, suratkabar, teu diempét-empét dikokorét. Malah dikubrakeun.
Loba méré béja anyar jeung pararenting
deuih. Pangpangna dina ngeunaan kamekaran kabudayaan
jeung kasusastraan. Apin jadi wanoh pisan ka Obin ngaliwatan karangan-karanganana
nu jadi mindeng kabaca. Boh artikel, sajak, carita, boh bahasan. Obin
némbongkeun raga katineung anu gedé pisa kana karaharjaan rahayat. Dina hiji
tulisanana Obin ngungkab nasib rahayat di pasisian nu hirupna koréh-koréh cok.
Réa nu dahar sore, henteu isuk. Padahal di sisi-sisi lemburna ngaplak lega
pasawahan. Subur tur mucekil. Saban panén ngahasilkeun pare mangketon-keton.
Tapi rahayat mah ukur kahieuman bangkong. Da nu baroga éta sawah ayana di kota.
Ataw aya ogé di désa, ngan kumed, pedit. Teu daék babagi kalawan adil. Ukur
méré garapan nengah mertelu nu leuwih matak ripuh patani tinimbang nu bogana.
“Ieu nu disebut “setan désa”
bungkeuleukan. Guntayangan nyerot getih rahayat. Ieu nu kudu dibabad dibasmi,
sangkan rahayat bagja raharja. Bébas tina panandasa para juragan tanah. Ieu nu
kudu diléléd ku révoluso sosialis. Révolusi rahayat leutik, kawas révolusi
Bolsjewik di Rusia!” kitu eusi tulisan Obin dina hiji suratkabar mingguan
wedalan Jakarta, nu kungsi kabaca ku Apin. Nu ngajurung sumanget Apin pikeun
bisa nulis kawas kitu.
Béda ti sasari, hiji poé bapana nyalukan.
Ngajak nyarita daria.
“Ari manéh getol-getol teuing macaan buku
kominis. Ti Obin?”
Apin ungguek. Moal bisa ngahélah, sabab
bapana geus nyekel buku Salam dari Kawan Mao nu karék kabaca dua lambar kamari.
“Pulangkeun gancang. Mun hayang maca,
bacaan buku-buku bapa nu aya dina peti. Pék ludang tuh dina peti. Tah koncina.”
Geus bapana ngaléos, indit méré pangajian
partéy “Nahdlatul Ulama” di désa séjén, Apin
gancang ngagusur peti di goah padaringan. Mani pinuh ku kebul, tapi eusina mha
beresih kénéh. Bangsaning buku jeung majalah Islam. Diantaran beundeul majakah
“Al – Imtsal” wedealan Tasikmalaya, beundeul majalah “Al-Hikmah” wedalan
Masumi, jeung réa-réa deui buku karangan para kekentong Masyumi.
Teu apal pisan Apin ogé. Ukur
sasangkaanana dumasar kana ingetan jeung béja hawar-hawar. Baréto inget-inget
poho, ku bapana kungsi digandong ka alun-alun kacamatan. Nyaksian kampanyeu “Masyumi”.
Nu pidatona Isa Ansyori, jeung “Ajengan Cilik”. Saenggeus “Masyumi” dilarang ku
pamaréntah Sukarno—basa Apin karék asup ka SMP taun 1960—bapana akip di NU.
Malah jadi pangurusana di kacamatan.
“Mun ti baréto nitah macaan buku
téh. Ari geus dibaladah ku Obin kakarék engeuh,” Apin rada kukulutus. Tapo
bungah ogé meunang idin muka peti jeung ngamangpaatkeun eusina. Hartina beuki
réa bacaan, jeung lain ti sapihak.
Geus aya bacaan di imah mah, ka Obin
teu noron teuing. Heuleut tilu atawa opat poé. Mulangkeun bari nginjeum deui buku
anyar. Geus ningkat deui obrolan gé. Henteu ukur tukang narima béja wungkul.
Tapi bisa méré béja, nu engkéna bakal dipadungdegkeun jeung Obin.
“Naha ari sakur kominis kudu athéis.
Teu percaya ka Gusti Alloh?” Apin nyoba-nyoba ngasongkeun masalah ka Obin. Pertanyaan
meunang nyutat tina buku ipis “Hati-Hati Terhadap Ideologi Komunis” wedalan “Front
Anti Komunis” Jawa Barat 1954.
Saperti biasa Obin nyéréngéh.
Némbongkeun huntu caréham pérak. Terus ngajawab kalem pisan:
“Ah, henteu. Aya nu kominis tapi teu
athéis. Kitu deui, aya nu athéis, tapi lain kominis.”
“Ari Akang?” Apin semu panasaran.
“Lantaran Akang mah hayang jadi
kominis saéstuna, nya Akang mah athéis wé. Nu matak tara salat ogé. Ieu
nembongkeun sikep jujur. Henteu munapék atawa lolondokan.”
“Jujur?” Apin kerung.
“Tangtu, jujur. Sabab dina kahirupan
mah, Jang, ukur aya dua pilihan. Halal-haram. Salah-bener. Jujur-hianat.
Munapék, hipokrit, mangrupa sikep jahat pisan. Leuwih jahat batan hianat. Tah Akang
mah hayang jujur. Embung munapék atawa hianat. Akang komunis. Risikona Akang
kudu athéis. Kudu kapir. Teu ngigama jeung teu boga agama. Sabab dina Islam
ogé, ukur aya dua pilihan. Falyu’min awu falyakfur . Iman atawa kapir.
Lanataran Akang kominis, teu iman,
Akang kudu kapir. Kudu athéis,” Obin nerangkeun bari terus nyéréngéh. Huntu pérana beuki katémbong boborélakan.
“Hébat, Kang!” Apin muji.
“Akang embung jiga karéréaan umat
Islam,” Obin neruskeun kalawan tatag. “Ngaku Muslim, ngaku iman, tapi teu
panceg kamusliman jeung kaimanana. Isuk-isuk iman, sore kapir. Peuting tahajud,
ti beurang nganiaya rahayat. Réa babaturan Akang ngaraku Islam. Tapi tara
salat, tara jumaah, puasa gé tara. Réa nu ngaku Kristen,
ka geréja tara nincak-nincak acan. Akang
kataji ku kominis, ku PKI, lanataran jalma-jalmana jalujur. Maranéhna athéis. Kapir.
Atuh tara salat, tara puasa, tara ngalakonan ritual ibadah. Cirining jujur
étah.”
Ngabandungan logika nu diasorkeun ku
Obin, Apin kataji. Sanajan nolak kana bebeneranana. Sajajalan muru balik, haténa
nganuhunkeun ka bapana nu geus ngeuyeuban pangaweruhna ku cara méré bahan
bacaan nu béda tina bacaan-bacaan Obin.
*
Geus lulus SMP, Apin neruskeun ka
sakola guru di Garut. Milu ilubiung dina rupa-rupa kagiatan, kaasup politik
jeung kabudayaan. Jeung Obin mineng panggih lamun kabeneran di Garut aya
kagiatan kabudayaan nu diluluguan ku Lembaga Kebudayaan Rakyat (Lékra). Obin
teu weleh ngajak hadir. Sanajan réa kader-kader
PKI, pangpangna “Pemuda Rakyat” jeung “IPPI” (Ikatan Pemuda Pelajar Indonesia)
nu tingdarilak jeung tingharéwos mun nénjo Apin milu pajemuhan kaum kominis,
teu dipaliré. Asa dijamin ku Obin nu tétéla di lingkungan éta mah, lain Si itu
Si Éta. Kungsi aya budak IPPI ngaharéwos tarik ka Obin, yén Apin mah aktivis
Gerakan Pemuda Anshor, murid KH Anwar Musaddad, naha bet disina aub kana
kagiatan PKI?”
“Di luar GP Anshor sotéh. Di dieu
maha “kawan”, nya Jang?” Obin malik. Biasa dibarung nyéréngéh. Nu ngaharéwos
tadi. Teu ngemék deui.
Terus terang Apin kataji ku cara
kagiatan urang kominis nu teu panta-panta. Harita nyaksian, anggota Lékra ti
pasisian Garut Kidul, meunang kasempetan cacarita hareupeun gegeden Lékra ti
Jakarta, Hesri Setiawan jeung Hr. Bandaharo nu geus kasebut sastrawan hébat.
Tulisan-tulisanana réa kabaca ku Apin. Ampir unggal poé aya dina suratkabar “Harian
Rakyat”, “Warta Bhakti”, majalah “Zaman
Baru” jeung sajabana. Éstuning produktip pisan. Éta urang pakidulan Garut téh,
cukup ku nyebut “Kawan Hésri”, “Kawan Bandaharo”. Teu kurang teu leuwih. Atuh
Hésri jeung Bandaharo teu asa diunghak. Malah leleb pisan nyebut “Kawan pedésaan” ka anggota Lékra nu aktip
dina seni réog téh.
Hiji hal nu teu kapanggih ku Apin
dina lingkungan partéy Islam. NU cacarita téh para kiyayi jeung pangurus
wungkul. Anggota kuricakan samodél Apin mah, nu kasebut budak kénéh téh, ti
awal nepi ka ahir, ukur semet ngeluk ngabandungan. Kungsi Apin usul ka salah saurang
kekentong partéy Islam Jawa Barat, sangkan para mustami nu ngarora kénéh, dibéré
kasempetan ngaluarkeun pamanggih di hareupeun forum, kawas nu sok kapanggih di
lingkungan PKI.
Ngajawabna singget pisan: “Justru di
didinya bédana partéy Islam jeung PKI.”
Keur kelas dua Apin téh, basa kajadian
reuwah-reuweuh Gerakan 30 Séptémber di Jakarta, nu diluluguan PKI
sabalad-balad. Inggeungna karasa ka sakuliah naraga. Kaasup ka padésaan-padésaan.
Ti bapana, APin meunang béja, yén di
Pasir Geulis kapanggih lombang badag anyar meunang ngali. Ditalungtik, aya nu
ngaku, cenah diparéntah ku Kuwu Samad. Geus kitu mah teu hésé matula-matalikeun.
Apan Kuwu Samad téh PKI. Sarua jeung Obin. Sarua jeung Hunang, jeung Ajut, nu
sok ngaréog jeung nyalung.
Teu reuwas teu sing meunang béja
kitu téh. Dina suratkabar gé kabaca. Ti mimiti jéndral-jéndral diculik terus
dipaéhan di Lubang Buaya. Mayitna digebruskeun ka sumur. Béja ngeunaan
kakacowan pamaréntahan deuih. Bung karno ngungsi ka Halim Perdanakusumah. Mayor
Jéndral Suharto, Panglima Kostrad tandang makalangan ngababad karaman.
Sabulan tas kajadian, Apin teu
ngahaja panggih jeung Obin di péngkolan. Awakna begang. Seurina henteu
suranyeh. Malah diajak nyarita, biwirna semu-semu balem. Nepi ka teu katémbong
naha dina huntu caréhamna aya kénéh lapis pérak atawa geus euweuh.
“Akang mah keur tunggara,” Obin semu
ngalengis. Matak water nu ngadéngé.
“Abdi ngama’lum, Kang. Sing
Atos-atos wé,” Apin ngupahan. Ras inget ka budakna. Nu pipina tembem. Nu baseuh
jeung semu hanyir. Meureun geus lima taunan. Téréh disakolakeun.
Bisa disebut tepung panungtungan.
Sabab saminggu ti harita, Ain kadatangan bapana nu tas rapat di kantor NU
Garut.
“Imah Obin diduruk,” béja
pangheulana nu katarima, matak ngajewaw.
“Kumaha buku-bukuna?” ujug-ujug éta
nu dipikainget ku Apin.
“Lapur teu nyésa. Malah tajug gé
milu kaduruk.”
“Ari Obin?”
“Salamet. Da didurukna peuting.
Isuk-isuk Obin ditéwak. Dibawa ka kodim. Anak pamajikanana mah diungsikeun ka
imah dulur-dulurna.”
Nyoba-nyoba Apin datang ka kantor
kodim. Hayang ngaongok. Tapi ku nu jaga dilarang. Sakur tahanan anyar anggota
PKI, masih kénéh diisolasi. Tacan didaptar saha-sahana jeung ti mana-manana.
Jadi hésé néanganana.
“Jeung kudu ati-ati, ulah dapon
hayang tepung,” kopral patugas jaga ngingetan. Bisi hayoh énté kabawa
di-pé-ka-i-keun. Daék?”
Apin nu harita mamaké jakét KAPI—Kesatuan
Aksi Pelajar Indonesia—gideug. Haténa murengked. Kawanina pétot. Gura-giru
kaluar ti buruan kantor kodim. Muru pos komando nu jadi panonoban anyar salila
kaayaan gunjang-ganjing.
Pleng les teu aya béja teu aya
carita. Basa meneran balik, naglanglang ka urut imah Obin. Tinggal rurutuk sésa
ngahuru. Kabéh geus rénghék géhéng. Nu gampil kateureuy seuneu, tinggal kekebul
mangrupa lebu hideung. Meureun pasésaan buku-buku , suratkabar, jeung majalah
boganaObin. Kacipta ku Apin, sut hurung téh enyaan. Asa disuluhan ku keretas.
Tajug gigireun imah Obin milu
kaduruk. Bubuhan kawilang antel pisan. Ceuk Mujab, babaturan Apin nu nyaksian
éta kajadian, tajug mah teu tuah teu dosa. Bet angger kababawa.
“Imah katut eusina sapuratina ogé
teu dosa. Mun rék disebut dosa, meureun Obin sorangan, da manéhna nu jadi
kominis. Naha mani kudu jeung imahna di sina ledis?” Apin ngaheruk.
Teu nyaho urang mah. Sakabéh urang
dieu gé teu nyaho. Ujug-ujug datang saabrulan jalma. Bada Isa harita téh.
Tinggorowok “ganyang PKI, ganyang PKI”. Gur baé imah Obin. Imah Kuwu Samad
sarua. Ngan imah Hunang jeung Ajut nu henteu téh. Bubuhan ukur kominis
pepetékna meureun.
“Urang dieu teu nyaho, komo urang
jauh, teu nyaho pisan. Naha wani-wani ngaduruk nya? Lain nanaon urang mah, euy.
Kahayang téh ulah dapon émosi. Keun wé imah jeung eusina mah, teu kudu
digunasika. Cukup ku jelemana, nu kuminisna, ditéwak.”
“Teuing atuh. Pédah usum dudurukan wé
meureun. Ilu-iluan.”
Nepi ka opat puluh dua taun pleng
les. Apin ukur meunang béja saliwat-saliwat. Cenah, Obin dipindahkeun ka
panjara Kebon Waru. Ti dinya ka Nusa Kambangan. Terus ka Pulo Buru.
Aya deui béja kamari. Di pangjumaahan.
Yén Obin gering ripuh di Bandung. Keukeuh meredih, mun puput umur hayang
dikubur di lembur. Aya titahan kulawargana datang ka Ajengan Muhlas.
Nyaritakeun kahayang nu keur nyanghareupan ajal.
“Ari Emang mah, pék téh teuing.
Dikubur di mana-mana ogé, sarua jalma mah. Nu béda téh amal-amalanana di dunya,
nu baris kabawa ka alam nu bakal datang,” putusan Ajengan Muhlas nu jadi
cecekelan kulawarga Obin.
Ayeuna layon datang. Apin milu
mapag. Mun bisa hayang muka heula boéhna lebah beungeut.
Hayang nyaho rurupaan pamungjas Obin nu kungsi sagulung-sagalang pat puluh
tujuh taun ka tukang. Dina henteuna rék milu nyalatan. Sanajan kungsi apal, yén
Obin ngaku kapir. Ngaku athéis. Piraku sugan dina mangsa ampir satengah abad,
tur ngalaman rupa-rupa pait peuheur kahirupan nu pangpait-paitna jeung
pangpeuheur-peuheurna, taya parobahan pamadegan jeung pamanggih. Bari Obin mah
ukur saurang pribadi. Sajarah geus ngabuktikeun, kominis nu mangrupa ideology internasional, jadi anutan nagara jeung
bangsa, bisa runtag sapisan. Bangsa-bangsa jeung nagara-nagara kominis réa nu
ancur lebur. Uni soviet, Yugoslavia, Jerman Wetan, Rumania, Hungaria, jeung
sajabana. Komo deui ukur sadirieun Obin nu geus kaluar asup panajra,
pangbuanagan, terus hirup deui di pakumkbuhan nu geus barobah ku perjalanan
jaman.
Ti sisi jalan, layon digotong ka
masjid jami. Patempatan nu baréto teu weléh disingjahan ku Obin. Sabab unggal
poé Jumaah, manéhna indit waé ka Bandung. Apin apal pisan. Sabab kungsi jadi
tukang ngarep-ngarep sangkan Obin gancang mulang poé Saptu atawa Minggu. Hayang
geura moro oléh-oléhna. Suratkabar, majalah atawa buku bacaeun anyar.
Datang deui mobil séjén. Sababaraha
urang turun. Aya nini-nini kolot. Aya awéwé tengah tuwuh umur lima puluhan.
Apin geus teg. Nini-nini kolot, moal salah pamajikan Obin. Ari nu tengah tuwuh,
anakna, nu baréto bohono, pipina tembem, baseuh ku aday jeung semu hanyir ari
dicium. Ayeuna jiga geus dituturkeun ku incu-incuna. Aya nu bohono
diantaranana. Ngan pipina beresih hadé urus. Henteu baseuh ku aday jeung moal
semu hanyir. Malum hirup di kota.
Teu lila di masjid téh. Layon
gancang dibawa ka pakuburan nu geus réngsé dikali ti tadi. Bada ngurebkeun,
Apin teu buru-buru balik. Ngahaja mandeurikeun manéh. Itung-itung jarah
sakalian tafakur. Neuteup hiji-hiji tutunggul perentul. Neuteup patempatan nu
isuk pagéto jaganing jaga, baris jadi panonoban dirina.
“Kitu gé lamun ku Gusti Alloh ditakdirkeun
maot di dieu, di lembur, tur aya kasempetan dikubur di dieu. Kawas Obin.
Nganclang ka mamana dina kaayaan nandangan lara tunggara, jasadna bisa kénéh
mulang ka sarakan baligeusan,” Apin ngaheneng. Rét ka kuburan anyar nu dieusi
layon Obin. Nu opat puluh dua taun katukang kungsi nyarita yakin pisan. Yén
hirup di dunya mah ukur dua pilihan. Kaasup dina soal akidah. Mun teu kapir,
nya iman. Ulah satengah sapotong. Sakapeung iman, sakapeung kapir.
Apin sorangan teu nyaho. Naha dirina
boga pamilih nu panceg kitu? Atawa mindeng luak-léok pucuk wian? Atawa kawas
éngkang-éngkang? Rumasa, sapanjang hirup genep puluh taun, tacan boga pamilih
nu luyu jeung kanyataan. Ngaku iman, padahal ukur wawayagon. Disebut kapir,
nolak entangan-entangan.
Jajap nu Mulang (Gambar beunag Googlé) |
Obin mah, ti opat puluh tujuh tau ka
tukang geus boga pamilih tur wani ngabuktikeunana dina kahirupan sapopoé. Malah
geus deukeut ka maot ogé, wani nangtukeun panonoban pamungkas pikeun ragana nu
geus ngababatang. Henteu di Nusa Kambangan, henteu di Pulo Buru. Tapi di lembur,
nu kungsi jadi pamatuhanana baheula.
Angin nebak ti lebak. Muragkeun
kembang-kembang samoja nepi ka mayak dina astana. Sora situncuing lir nurih
langit. Apin ngagerentes:
“Kang Obin, Akang geus tinemu jangji
ahir. Pék sing tagen nyanghareupan tanggung jawab pribadi Akang ka Gusti Alloh
nu ku Akang baréto dianggap euwuh. Mugi-mugi baé salami akang ngumbara di
dunya, kungsi anjog ka lahan nu nganyatakeun ayana Dzat Nu Maha Kawasa, tur
jadi kayakinan anyar nu ku Akang bisa dibuktikeun sabada nyawa katut amal-amal
pegat, jeung awak nyangkorah dina logak sacangkowak.”
(Dimuat dina Manglé No. 2133. Pinilih katilu Hadiah Sastra
LBSS 2007 Kategori Carita Pondok)
*H. Usép Romli HM. Guru nu ganti cabak jadi
wartawan, tur kungsi indit ka pangperangan di Afghanistan, Timur Tengah jeung
Bosnia. Panagrang produktif, nulis sajak, carpon, éséy, boh basa Sunda boh basa
Indonesia. Karyana nu geus medal dibukukeun doantarana Si Ujang anak
Peladang (1973), Pahlawan-Pahwalan Hutan Jati (1974), Pahlawan tidak dikenal
(1980), Nyi Kalimar Bulan (1982), Bambu Runcing Aur Kuning (1984), Désa
Tercinta (1984), Berlibur ke Kaki Gunung (1982), jeung lain-lainna. Ari
sajak, roman, jeung antologi carponna, nu geus medal nyaéta Sabelas Taun
(1979), Ceurik Santri (1985), Nganteurkeun (1966), Jiad Ajengan (1991), Nu
lunta jauh (1922), Paguneman Jeung Fir’aun, Béntang Pasantrén, Saenggeus Umur
Tunggang Gunung, Sapeuting di Cipawening, Péngkolan Jalan Cikajang. Jrrd.
0 komentar:
Posting Komentar