Senin, 25 September 2017

“Ka Luhur Sirungan ka Handap Akaran”



Cék sakaol, nulis téh bisa manjangkeun umur.  Enya kitu? Dienyakeun baé, pédah geus loba buktina. Ti ngawitan dawuhan Pangeran nu Agung, hadits ti kanjeng Nabi SAW, nepi ka carita sarébu samalem, lalampahan Bujangga Manik, Carita Purnama Alam, jeung réa-réa deui kajadian anu aya di alam bihari, bisa nepi kabaca tur kasawang ku urang kiwari, salah sahijina alatan dituliskeun. 
Baréto di sakola agama, geuning ustad kantos sauran, “ari élmu téh lir ibarat sato nu biasa diboro—linghas teu kawas sato nu sok diingu, keur nyangcangna nyaéta ku tulisan,”(ka béh dieunakeun karék kapanggih éta téh kasauran Imam Syafi’i Allohu Yarham). Lain ngaapilainkeun apal cangkem. Teu pisan-pisan. Ingetan gé penting pisan keur manusia dina raraga  nyangcang élmu. Ananging, dasar ari jelema, kapan sok rajeun ninggang di poho.  Atuh ari aya tulisan atawa catetan mah, bisa disalusur deui, bisa ngingetkeun deui mangsa poho narajang ka urang.
Cék ki Luis Borges—Pangarang asal Argéntina—téa mah, “ti sakur instrumén nu aya di manusa, teu syak deui nu paling ahéng téh nyaéta buku (jeung tulisan nu dipaké di jeroeun sakur buku). Nu lian téh keur mantuan waruga aranjeun; mikroskop jeung téléskop keur mantuan mata sangkan beuki atra. Télépon keur mantuan sangkan sora bisa nepi ka jauhna. Wuluku jeung pedang keur mantuan leungeun, tapi buku mah béda: buku keur mantuan manjangkeun ingetan jeung imajinasi urang,” kitu cék Borges sakumaha dicutat ku Fernando Baéz dina Penghancuran Buku dari Masa ke Masa (2017).
Anu nyampak di payuneun para wargi sadaya—ieu buletin—téh minangka salah sahiji tarékah ka lebah dinya. Ka jalan ngahontal harepan manjangkeun umur jeung ingetan. Demi itikadna mah taya lian jigna tina ngalarapkeun kasauran Kanjeng Nabi, anu patali jeung silaturahmi (haditsna katampi ti Abu Hurairoh, diriwayatkeun ku Imam al-Bukhoriy). Nabi ku anjeun ngaamanahan ka sing saha baé nu hayang dilegakeun rizki jeung dipanjangkeun umurna, nya ku cara silaturahmi téa. Atuh cék pangrasa mah, silaturahmi téh lian ti ku cara paamprok jonghok silih anjangan silih kirim kabungah ka baraya tur sobat téh, bisa ogé ku jalan tulisan, nyambungkeun silaturahmi ku babagi pangaweruh tur silih geuing dina enggoning ngalarapkeun tawaa as-shaubi al-haq  jeung tawaa as-shaubi as-shabr.
Nepangkeun kadang wargi! Ieu buletin téh dingaranan ‘Sirung.’ Medal saban saban sasih, panganteurna ku basa Sunda. Ngahaja ku basa Sunda, étang-étang milu ngamumulé basa Indung. Diusahakeun jeung dipedalkeun ku Komunitas Bangbung Ranggaék (KBR). Éta téh komunitas nu pangeusina dicangreud ku pangaresep jeung kahariwang nu sarua. Kalan-kalan sok ngayakeun sawala nu jejerna museur di sabudeureun kaislaman jeung kabudayaan, kaasup kasusastraan.
Buletin SIRUNG édisi 01 Taun ka I (Séptémber, 2017)
Ari ieu buletin, saheulaanan diwangun ku tujuh rohangan. Ka hiji Kanzul Islam, nu midangkeun tulisan patula-patali jeung kaislaman; tafsir Quran & pedaran hadits, ogé kaadaban Islam. Tuluy rohangan Sekar Roekoen, ngalap ngaran hiji media citak wulanan, nu medal di Wéltévréden (Jakarta Pusat kiwari), ti mimiti Désémber 1921. Diusahakeun ku Pakoempoelan Sekar Roekoen, salah sahiji pakumpulan wawakil ti pamuda séké-sélér Sunda (OKP meureun kiwari mah) nu miluan Kongres Pemuda Indonesia II, 27-28 Oktober 1928, kongrés nu jadi asbabul pucunghulna Sumpah Pemuda téa. Éta surat kabar mindeng midangkeun tulisan-tulisan patali jeung sosial kalih budaya, utamana témana museur dina perkara kuns atawa kabinangkitan (najan tulisan perkara séjén gé aya). Tah Sekar Roekeon dina ieu buletin gé baris midangkeun tulisan-tulisan ngeunaan sosial jeung budaya.
Rohangan anu katilu nyaéta rohangan Kanaga Sastra. Cék Kamus Basa Sunda beunang nyusun Lembaga Basa & Sastra Sunda (LBSS) mah, kecap ‘kanaga’ téh sarua jeung kandaga. Miboga harti wadah sabangsa peti leutik (pepetén) anu ilaharna dipaké ngawadahan barang nu aya hargaan (samodél papaés jrrd). Atuh Kanaga dina ieu buletin Sirung téh dipake keur ngawadahan rupa-rupa hasil karya sastra, boh sajak, carpon, éséy, jeung kritik sastra (aprésiasi sastra), atanapi tarjamahan tina karya deungeun.
Nu kaopat nyaéta rohangan Tapak-Lacak. Eusina tumali jeung sajarah. Kalima, rohangan téh nyaéta Rawayan Buku. Samisal cukang gantung nu disayogian ku Sirung sabatur-batur, jangeun kadang wagi meuntas, méh iasa wawanohan jeung buku kalih pangarangna. Nu kagenep, ngaran rohangan téh Léléngkah Halu. Rohangan numidangkeun pangalaman jeung kaéfiyat tulas-tulis dumasar pangalaman para pangarang nu geus moyan, susuganan jadi luang keur nu (diajar) ngarang. Atuh nu pamungkas, rohangan téh dingaranan Dogdog Pangréwong. Teu géséh jeung harti injeuman ilaharna, jalma nu milu mantuan  pagawéan tamba lumayan baé, ieu gé teu bina ti kitu, tamba lumayan milu ngareuah-reuah ku jihat reflektif kana kaayaan aktual di sabudeureun urang.
Ari Sirung, kadang wargi keur kuring saparakanca mah kecap nu teu weleh jadi du’a. Binihna tina binih ‘lamun’ nu dipelak di léngkob ‘sugan’. Dicébor ku ‘mudah-mudahan’, pan buahna gé ‘manawi’. Mamanawian, ieu Sirung nu melentis téh iasa janten wasilah keur urang merjuangkeun harepan jeung kamelang, geusan nyungsi isuk pagéto nu gaib kénéh.
“Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran,” bisana dikedalkeun ka jalma nu potol alias pailit téa, taya kamajuan tur taya kamarasan. Dikedalkeun keur nyupata ka jalma doraka. Palias teuing. Kalayan asmana Komunitas Bangbung Ranggaék saparakanca, Sirung seja umajak ka kadang wargi sada, réhna urang mah mugia baé teu kitu. Muga urang ka luhurna sing sirungan nepika jadi tangkal nu méh ngajul méga, atawa guna keur jalma nu lalar-liwat ngadon ngiuhan. Ka handapna sing akaran, pancég nanceb ka jero taneuh lapis katujuh. Sangkan aya titinggalan jeung bikeuneun jaga keur nu sapandeurieun. Atuh mudah-mudahan naon anu kapidangkeun dina Sirung téh aya mangpaatna, sasieureun sabeunyeureun. Jeung tangtu bakal seueur kakiranganana. Nyanggakeun baé sabrang salayan, lebet ka cabé mah henteu, nyanggakeun hatur lumayan lebet ka saé mah henteu.

Ditunda di jalan gedé,
bukaeun keur nu ngaliwat
Anu weruh di semuna,
anu rancagé di haté.

Cag!

Tabé Pun
Ais Pangampih Buletin SIRUNG

Tina Rubrik Haréwos Bojong, Buletin SIRUNG édisi 01 (Séptémber, 2017)

Rabu, 10 Agustus 2016

“Maca Alf Laylah wa Laylah: Bubuka Bag. II"







Ku: Fikri A. Gholassahma

Minggu ka dua nu ngaderes Alf Laylah wa Laylah téh ngan duaan; kuring kadua pun paman. Kawasna mah nu séjén keur boga garapeun lian, tak teu sarumping. Tulisan ka dua ieu gé tacan asup kana carita-carita inti dina kitab Alf Laylah wa Laylah. Masih kénéh ngabahas panganteur ti Syeikh ‘Afīf. Meureun aya kana dua atawa tilu kalieun deui ngabahas panganteur téh.

Kamari ku nu méré panganteur keur éta kitab, dijéntrékeun yén para kritikus pabentar pamadegan ngeunaan identitas nu ngarang ieu kitab. Aya nu boga pamadegan yén ieu kitab aslina mah ti Persia, kalayan dijudulan Hizār Afsānah, ilaharna mah disebut Afsānah baé. Anapon nu boga pamadegan yén éta kitab téh ngaranna Alf laylah wa Laylah, dumasar kana kasauran nu ngarang éta kitab, dina nuliskeun carita nu munggaran, “… jeung carita-carita éta dingaranan Alf Laylah wa Laylah/Carita Sarébu Samalem…”

Sawatara kritikus nu ngawanikeun dirina nganisbahkeun ieu—Alf Laylah wa Laylah—téh asalna ti Pérsia jeung India, cukanglantaranana nyaéta, euyeubna churofat nu aya dina carita-caritana. Anu—churofat ieu—meredih ayana puncak intuisi jeung angen-angen nu luhur keur ngahontalna. Maranéhna wani nyarita, “éta kitab téh lain asli beunang urang Arab. Sab urang Arab jaman harita, teu miboga puncak intuisi jeung angen-angen anu kuat. Sahingga, upama seug maranéhanana nyieun hikayat/dongéng/carita nu fiktif-imajinatif, pasti moal sampurna. Teu mungkin keur akalna ngagambarkeun jeung ngawujudkeunana,” kitu cék pamadegan maranéhna.

Nu sok dipaké keur tamsilna téh nyaéta carita “at-Tājir ma’a al-Jinn”[1] (nu dagang jeung jinn). Carita ieu téh geus diriwayatkeun ku al-Mufadlal ibnu Salāmah, nu ngantunkeun dina taun ka 205 Hijriyyah/865 Maséhi, dina kitabna nu ngaranna “Al-Fākhir.”[2]

Syeikh Afīf leuwih beurat ka anggepan yén ieu kitab téh, dikarang mangsa karajaan Fathimiyyah, jeung tangtuna gé nu ngarangna hirup dina mangsa harita.  Anu nguatkeun kana pamadeganana nyaéta cék pangarang nu kakasihna al-Qurhiy,[3] inyana nyebutkeun kitab nu pinuh ku carita éta, dingaranan Alf Laylah wa Laylah, anu sumebar ka mamana tur pada mikanyaho.

Laju, sabada geus ngajéntrékeun yén éta kitab ditulis ku aksara Arab, kalayan lisan, dilalah, hakékat, jeung sifatna, tuluy nu méré panganteur ngabéjér béaskeun perkawis data éta kitab. Dipedalkeun ku pamedal mana, di mana, jeung taun iraha éta kitab medal.

Citakan ka  hiji medal maké aksara Mesir. Nya citakan/edisi nu ieu kawentarna ku ngaran “thob’ah bulāqil ūlā” (edisi Bulaq nu munggaran), anu medal dina taun 1651 H/1830 M. Tuluy thob’ah bulāqi at-tsāniyah, medal taun 1679 H. Tah dua edisi ieu, kawentar salaku dua édisi munggaran. Anu sabadana tingpucungkul citakan nu loba tina citakan-citakan syarqiyyah.

Pamedal Abal Yusū’iyyīn, ngaluarkeun kitab Alf Laylah wa Laylah kalayan disarahan.[4] Tuluy dihijikeun, nepi ka meunang kana lima jilidna édisi nu disarahan ieu mah. Ieu tarékah nerbitkeun téh lumangsung salila taun 1888 nepi 1890.

Antara taun 1839 atawa 1843 (?), naskah kitab nu maké aksara Mesir téh, dikirimkeun ka India, geusan dipedalkeun deui ku W. H. M’cnaghten, di Kalkuta. Edisi ieu dingaranan Thab’ah Kalkutah atawa Thab’ah Kalkutah Kāmilah. Tuluy dipindo cotak ku pamedal al-Hajr di Mumbay, dina edisi opat jilid (sét), taun 1697 H.

Dār-Shādr medalkeun kitab Alf Laylah wa Laylah kalayan citakan nu asli (teu maké syarah) jeun geus dieditoran ku Syéikh Muhammad Qatthah al-‘Adawiy. Edisi nu ieu meunang réspon alus ti kalangan nu maca, alatan loba manggih mutiara syi’ir, faédah sastrawi, jrrd, nu mana hal ieu téh geus ngajadikeun éta kitab, jadi kitab nu kakoncara, nu boga ciri susastra nu mandiri, nu urang moal manggihan nu modél kieu di nu séjén, dina kasusastraan Arab sorangan, atawa di kasusastraan séjén, kiwari.

Syéikh Afif, ngajurung urang (kawasna mah keur urang Arab khususna, urang Islam umunna), sangkan mikareueus manéh. Sab, kitab Alf Laylah wa Laylah téh kitab nu kakoncara ka sakuliah dunya (ditarjamahkeun kana pirang-pirang basa séjén). Lain ngan para kritikus ti Arab hungkul nu ngarasa ta’jub kana éta karya téh. Tapi aya saurang mustasyriq/orientasli nu kawentar, ngaranna Silvester de Sacy, nu nyarungsum kitab fiqh al-Lughah al-‘Arabiyyah al-Hadīts, gé nepi kapincut ku ieu karya. Sacy boga anggepan, yén éta karya sastra téh teu ditulis ku saurang, jeung manéhna gé netepkeun éta kitab téh disarungsum mangsa akhir-akhir, sakaligus nolak ayana anasir-anasir ti India jeung Pérsia.

Lian ti Sacy, lian deui al-Mas’udiy. Nu ngarang kitab Muruj ad-Dzahab ieu, anu nyaritakeun lalakon Syaddzad ibnu ‘Ād jeung Dayeuh Iram Dzāt al-‘Imād nyarita, “saenyana éta lalakon-lalakon téh disarungsum tina churofat-churofat jijieunan, nu dikumpulkeun ku jalma penjilat ka raja-raja ku nyaritakeun ka maranéhna. Jeung cara éta lalakon bisa nepi & ditarjamahkeun ka urang saréréa téh tina basa Pérsia, India, jeung Rumawi, atawa cék dina kaol séjén mah jeung Pahlawi (gaganti India), sakumaha nu kapanggih dina kitab Hizār Afsānah nu eusina euyeub ku churofat, kitu ogé Alf Laylah wa Laylah,” cék manéhna. Ananging dina dua riwayat nu lian, kitab Alf Laylah wa Laylah téh nyaritakeun lalakon hiji raja, wazir-na, jeung dua anak awéwéna, nyaéta Syahrazād jeung adi awéwéna, Dunyazād.

Duamsar kana data éta, Syeikh Afif, neguh yén al-Mas’udiy téh boga anggepan kana hal nu patula-patali jeung Alf Laylah téh (aya anasir India jnl) pédah meureun kapangaruhan ku omongan pangarang éta kitab, anu muka carita munggaran ku narasi “Dina hiji mangsa/Once Upon a Time.., hiji raja ti karajaan Sāsān, nu aya di jazirah India jeung Cina, nu miboga tangtara jeung warga…” Tah ari nagara Sāsān téh nyatana euweuh, boh di India, boh di Cina, atuh pon komo deui di Persia mah. Maka kumaha bet bisa aya di dinya? Raja Sāsāniy, Abu Sāsān téh kunyah keur Kisra Sāsān nu Akbar, Ibnu Bahman. Ari nu Ashghorna nyaéta Ibnu Bābak, Abu al-Akāsir (Al-fairuzabādiy dina Kamus Al-Muhīth).
Hanca!







 





[1] at-Tājir ma’a al-Ifrit na’ carita aslina mah.

[2] ibnu Salāmah, al-Mufadlal. Al-Fākhir. Cetakah Strory. Hal 137-140.

[3] Ilikan Brukalman, Geschichete der arabischen litterature, sakumaha dicutat ku Syeikh Afif dina bubuka kitab Alf Laylah wa Laylah.


[4] Leresan ieu, cék Syeik Afif, dina kasusastraan Arab aya nu disebut al-Maksyuf. Tah kitab Alf Laylah wa Laylah citakan Abal Yusū’iyyīn mah disarungsum kayalan maké format al-maksyuf.