Senin, 25 September 2017

“Ka Luhur Sirungan ka Handap Akaran”



Cék sakaol, nulis téh bisa manjangkeun umur.  Enya kitu? Dienyakeun baé, pédah geus loba buktina. Ti ngawitan dawuhan Pangeran nu Agung, hadits ti kanjeng Nabi SAW, nepi ka carita sarébu samalem, lalampahan Bujangga Manik, Carita Purnama Alam, jeung réa-réa deui kajadian anu aya di alam bihari, bisa nepi kabaca tur kasawang ku urang kiwari, salah sahijina alatan dituliskeun. 
Baréto di sakola agama, geuning ustad kantos sauran, “ari élmu téh lir ibarat sato nu biasa diboro—linghas teu kawas sato nu sok diingu, keur nyangcangna nyaéta ku tulisan,”(ka béh dieunakeun karék kapanggih éta téh kasauran Imam Syafi’i Allohu Yarham). Lain ngaapilainkeun apal cangkem. Teu pisan-pisan. Ingetan gé penting pisan keur manusia dina raraga  nyangcang élmu. Ananging, dasar ari jelema, kapan sok rajeun ninggang di poho.  Atuh ari aya tulisan atawa catetan mah, bisa disalusur deui, bisa ngingetkeun deui mangsa poho narajang ka urang.
Cék ki Luis Borges—Pangarang asal Argéntina—téa mah, “ti sakur instrumén nu aya di manusa, teu syak deui nu paling ahéng téh nyaéta buku (jeung tulisan nu dipaké di jeroeun sakur buku). Nu lian téh keur mantuan waruga aranjeun; mikroskop jeung téléskop keur mantuan mata sangkan beuki atra. Télépon keur mantuan sangkan sora bisa nepi ka jauhna. Wuluku jeung pedang keur mantuan leungeun, tapi buku mah béda: buku keur mantuan manjangkeun ingetan jeung imajinasi urang,” kitu cék Borges sakumaha dicutat ku Fernando Baéz dina Penghancuran Buku dari Masa ke Masa (2017).
Anu nyampak di payuneun para wargi sadaya—ieu buletin—téh minangka salah sahiji tarékah ka lebah dinya. Ka jalan ngahontal harepan manjangkeun umur jeung ingetan. Demi itikadna mah taya lian jigna tina ngalarapkeun kasauran Kanjeng Nabi, anu patali jeung silaturahmi (haditsna katampi ti Abu Hurairoh, diriwayatkeun ku Imam al-Bukhoriy). Nabi ku anjeun ngaamanahan ka sing saha baé nu hayang dilegakeun rizki jeung dipanjangkeun umurna, nya ku cara silaturahmi téa. Atuh cék pangrasa mah, silaturahmi téh lian ti ku cara paamprok jonghok silih anjangan silih kirim kabungah ka baraya tur sobat téh, bisa ogé ku jalan tulisan, nyambungkeun silaturahmi ku babagi pangaweruh tur silih geuing dina enggoning ngalarapkeun tawaa as-shaubi al-haq  jeung tawaa as-shaubi as-shabr.
Nepangkeun kadang wargi! Ieu buletin téh dingaranan ‘Sirung.’ Medal saban saban sasih, panganteurna ku basa Sunda. Ngahaja ku basa Sunda, étang-étang milu ngamumulé basa Indung. Diusahakeun jeung dipedalkeun ku Komunitas Bangbung Ranggaék (KBR). Éta téh komunitas nu pangeusina dicangreud ku pangaresep jeung kahariwang nu sarua. Kalan-kalan sok ngayakeun sawala nu jejerna museur di sabudeureun kaislaman jeung kabudayaan, kaasup kasusastraan.
Buletin SIRUNG édisi 01 Taun ka I (Séptémber, 2017)
Ari ieu buletin, saheulaanan diwangun ku tujuh rohangan. Ka hiji Kanzul Islam, nu midangkeun tulisan patula-patali jeung kaislaman; tafsir Quran & pedaran hadits, ogé kaadaban Islam. Tuluy rohangan Sekar Roekoen, ngalap ngaran hiji media citak wulanan, nu medal di Wéltévréden (Jakarta Pusat kiwari), ti mimiti Désémber 1921. Diusahakeun ku Pakoempoelan Sekar Roekoen, salah sahiji pakumpulan wawakil ti pamuda séké-sélér Sunda (OKP meureun kiwari mah) nu miluan Kongres Pemuda Indonesia II, 27-28 Oktober 1928, kongrés nu jadi asbabul pucunghulna Sumpah Pemuda téa. Éta surat kabar mindeng midangkeun tulisan-tulisan patali jeung sosial kalih budaya, utamana témana museur dina perkara kuns atawa kabinangkitan (najan tulisan perkara séjén gé aya). Tah Sekar Roekeon dina ieu buletin gé baris midangkeun tulisan-tulisan ngeunaan sosial jeung budaya.
Rohangan anu katilu nyaéta rohangan Kanaga Sastra. Cék Kamus Basa Sunda beunang nyusun Lembaga Basa & Sastra Sunda (LBSS) mah, kecap ‘kanaga’ téh sarua jeung kandaga. Miboga harti wadah sabangsa peti leutik (pepetén) anu ilaharna dipaké ngawadahan barang nu aya hargaan (samodél papaés jrrd). Atuh Kanaga dina ieu buletin Sirung téh dipake keur ngawadahan rupa-rupa hasil karya sastra, boh sajak, carpon, éséy, jeung kritik sastra (aprésiasi sastra), atanapi tarjamahan tina karya deungeun.
Nu kaopat nyaéta rohangan Tapak-Lacak. Eusina tumali jeung sajarah. Kalima, rohangan téh nyaéta Rawayan Buku. Samisal cukang gantung nu disayogian ku Sirung sabatur-batur, jangeun kadang wagi meuntas, méh iasa wawanohan jeung buku kalih pangarangna. Nu kagenep, ngaran rohangan téh Léléngkah Halu. Rohangan numidangkeun pangalaman jeung kaéfiyat tulas-tulis dumasar pangalaman para pangarang nu geus moyan, susuganan jadi luang keur nu (diajar) ngarang. Atuh nu pamungkas, rohangan téh dingaranan Dogdog Pangréwong. Teu géséh jeung harti injeuman ilaharna, jalma nu milu mantuan  pagawéan tamba lumayan baé, ieu gé teu bina ti kitu, tamba lumayan milu ngareuah-reuah ku jihat reflektif kana kaayaan aktual di sabudeureun urang.
Ari Sirung, kadang wargi keur kuring saparakanca mah kecap nu teu weleh jadi du’a. Binihna tina binih ‘lamun’ nu dipelak di léngkob ‘sugan’. Dicébor ku ‘mudah-mudahan’, pan buahna gé ‘manawi’. Mamanawian, ieu Sirung nu melentis téh iasa janten wasilah keur urang merjuangkeun harepan jeung kamelang, geusan nyungsi isuk pagéto nu gaib kénéh.
“Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran,” bisana dikedalkeun ka jalma nu potol alias pailit téa, taya kamajuan tur taya kamarasan. Dikedalkeun keur nyupata ka jalma doraka. Palias teuing. Kalayan asmana Komunitas Bangbung Ranggaék saparakanca, Sirung seja umajak ka kadang wargi sada, réhna urang mah mugia baé teu kitu. Muga urang ka luhurna sing sirungan nepika jadi tangkal nu méh ngajul méga, atawa guna keur jalma nu lalar-liwat ngadon ngiuhan. Ka handapna sing akaran, pancég nanceb ka jero taneuh lapis katujuh. Sangkan aya titinggalan jeung bikeuneun jaga keur nu sapandeurieun. Atuh mudah-mudahan naon anu kapidangkeun dina Sirung téh aya mangpaatna, sasieureun sabeunyeureun. Jeung tangtu bakal seueur kakiranganana. Nyanggakeun baé sabrang salayan, lebet ka cabé mah henteu, nyanggakeun hatur lumayan lebet ka saé mah henteu.

Ditunda di jalan gedé,
bukaeun keur nu ngaliwat
Anu weruh di semuna,
anu rancagé di haté.

Cag!

Tabé Pun
Ais Pangampih Buletin SIRUNG

Tina Rubrik Haréwos Bojong, Buletin SIRUNG édisi 01 (Séptémber, 2017)

0 komentar:

Posting Komentar