Ku: R. A. F
“Di mana bapa, Sur? Di mana bapa,
Sur?” Barudak leutik keur ngayeuh-ngayeuh Si Mansur, jalma teu pati jejeg
ingetanana.
“Héy Sur, di mana bapa anjeun?”
“Bapa kuring mata-mata musuh! Bapa
kuring mata-mata musuh!”
Si Mansur ngajawab bari
ngagulang-gulang pameupeuh. Atuh buriak barudak téh lalumpatan bari
saleuseurian. Mun geus jauh kakaran pok
deui baé naranya:
“Sur, di mana bapa anjeun?”
Kitu jeung kitu baé. Beuki jauh,
beuki jauh. Sora nu ayeuh-ayeuhan beuki henteu tétéla. Ukur hawar-hawar. Nu
kadéngé kénéh ukur surakna barudak jeung jawab si Mansur: “bapa kuring
mata-mata musuh! Bapa kuring mata-mata musuh!”
Karunya.
Barudak leutik mah teu nyarahoeun
naon hartina kecap-kecap si Mansur. Bebenyit ukur resep salusurakan, asa aya
kaulinan. Ukur suka, mun si Mansur ngajawab. Ngudag, bari ngulang-ngulang
pameupeuh.
Ku pangheureuyan séjén Si Mansur
tara ngagugu. Tapi mun ditanya tina hal bapana, nanya keur kumaha baé ogé
manéhna ngudag, ngulang-ngulang paneunggeul bari ngagorowok: “bapa kuring
mata-mata musuh!”
Saenyana salembur kuring mah geus
taya nu bireuk kana carita Si Mansur téh. Kabéh pada nyaho, yén
langlang-linglingna lain bawa ti ajali, lain gélo ti bubudak. Umumna di lembur kuring mah geus euweuh nu
teu nyaho kana lalakon Si Mansur. Tapi nya kitu, teu bisa kumaha. Da geus kitu
jadina.
Mun nénjo manéhna keur maceuh, ukur bisa
gogodeg bari istigpar, atawa kekecrék bari ngagerendeng: “deudeuh teuing,
karunya teuing”. Atawa paling-paling nyaram barudak bengal: “montong garanggu!”
Ngaranna Mansur.
Manéhna sorangan teu nyahoeun, naon
sababna pangna dingaranan Mansur. Anggapanana ngaran kitu téh kacida goréngana,
keur budak, kungsi manéhna ngusulkeun ka bapana sangkan ngaranna diganti
Iskandar.
“Hayang rada ngeunah kadéngéna”, pokna.
Tapi ngadéngé usul kitu téh, bapana ngan
ukur mésem.
“Kolot kuring teu nyahoeun ngaran alus”,
cék Si Mansur ka baturna.
Naon sababna pangna manéhna nganggap
ngaranna goréng, taya nu nyaho. Dalah manéhna sorangan jigana moal bisaeun
ngajawab mun aya nu nanya: “goréng lebah naonna?”. Ngan nu tétéla, manéhna
nganggap ngaranna teu nparok jeung ngaran batur. Tapi ari bapana mah nyahoeun
pisan, naon sababna anak tunggalna dingaranan Mansur.
Pokna: “méré ngaran budak lain pagawéan
heureuy. Teu bisa dipikir bari nundutan. Kudu diitung heula. Henteu bisa
sagawayah. Ulah boro keur ngaran manusa atuh, dalah méréngaran ka domba kapan
henteu bisa sagawayah, henteu bisa sakainget. Kudu diitung mawatna, kudu
dipikir: naon untungna, naon rugina”.
“Saenyana kuring méréngaran ka anak
kuring téh kieu…”, bapana neruskeun catitana, “gegedéna
diitung heula sajarah éta budak, ti lahirna nepi ka gedé tur warasna.
Mansur
téh kecap tina basa Arab.
Urang,
urang Islam. Jadi sawadina lamun néangan ngaran-ngaran kudu nyokot tina basa
Arab. Éta asup kana sabagian tina iman, mahabbah ka Nabi. Ssabab Nabi
urang saréréa wedalan Arab”. Panjang nyarita urusan ieu. Éta baé nepi ka kungsi
maca salah-sahiji ayat tina surat Yusup
sagala rupa. Hésé nuturkeunana.
Ngan
nu inget baé, manéhna mesek élmu sarapna. Pokna: “Mansur éta isim maf’ul,
tina fi’il nasoro, hartina nulungan. Kieu geura: nashoro-yanshuru-fahuwa
nashirun-wa dzakaka manshurun. Tuh geunign kapanggih, jadi Mansur isim maf’ul,
hartina “nu ditulungan”. Sabab éta nurutkeun
sakeplasna, harti nu sacéréwéléna. Si Mansur hirup, saréatna istuning
berkatna panulung.
Ti
sabarang dina kandungan kituna téh. Indungna keur nyiran, keukeuh hayang angeun
poloy, weléh teu beunang disisilihan. Kungsi nyaksrak ka mana-mana, tapi dumadakan nudipikahayang
keur suwung pisan. Kabeneran dina karéta api kuring panggih jeung nu mawa poloy
dina karanjang. Éra-éra ogé ngawajahnakeun manéh, mamandapan. Sirikna teu bari
ceurik ménata rék ngahilian.
Taksiran
karunyaeun, da sok méré. Panghilian teu ditarima. Pokna henteu niat ngajual,
ieu mah ukur niat nulungan.
Kakara
tujuh bulan leuwih saeutik,brol budak téh lahir. Leuh ripuhna! Keur mah ngajuru
kakara, turug-turug hésé pisan. Cilaka méméh jabang bayi lahir, indungna dipundut Ku Nu Kawasa. Sakitu gé Alhamdulillah,
sabab maot keur ngalahirkeun kalayan rido, Éta jadi kauntungan, kagolong ka
para syahidin. Nu maot syahid, bébas tina patakonan kubur. Di ahérat di
sawarga. Moal di mana tempatna.
Hadéna
katulungan ku dokter nu keur turni di lembur. Budak lahir kalawan salamet.
Hirup sanajan matak water. Cék babasan, ngan ukur sagedé leungeun.
Alhamdulillah!
Disusuan ku bibina. Budak morontod henteu ririwit. Tah, lantaran éta
pisana, lantaran saréatn ahirup tina
pitulung, rarasaan ngaran Mansur pangalusna keur manéhna, kalawan harepan
saterusna meunang pitulung Nu Maha Suci, jaga dina mangsana nyanghareupan
sakaratil maut”. Kitu dongéng bapana.
***
Dedeg
pangadegn taya anéhna, biasa baé kawas jalma lumrah. Kulitna rada hideung,
irungna rada demes, panonna carékas, nandakeun éncér uteukna.
Aya
sipat nu hadé pisan di si Mansur téh. Nyaéta bogs kateguhan haté anu kacida tohagana. Tigin kana jangji.
Omongna beunang dipercaya. Mun ceuk manéhna hideung, hésé ku urang
dionggét-onggétna. Mun aya soal nu geus jadi tangtunganana, henteu gampang
dirobahna.
Éta
pisan sababna, ti bubudak ti bubudak geus boga sipat pikapercayaeun batur.
Sipat-sipat séjénna taya nu anéh, prah jeung jalma biasa. Jeung da enya Si
Mansur lain jalma istiméwa, tapi jalma lumrah kawas nu séjén. Disiplin Séinéndan
jaman Jepang nguatan watek si Mansur. Tambah ku jiwa militér. Wani, tur nyaho
kana kawajiban sorangan.
Euweuh
hiji perkara goréng nu sama-sakali taya alusna; ogé euweuh perkara nu alus nu
sama sakali taya goréngna. Maksud téh
saperti jaman Jepang, nu nyangsara, nu ngaripuhkeun, teu saeutik méréna
kauntungan ka urang, sasat méré modal kana perjoangan kamerdikaan. Jaman Jepang
ngalahirkeun manusa militér nu pinuh ku kawani, nu nyaho naon hartina berjoang.
Saperti Si Mansur contona.
Barang
der révolusi, enya-enya jadi salah saurang pelopor, nu wani maju ka hareup
ngabéla bebeneran. Bukti-bukti dina pertempuran leuleutikan jeung Jepang, éstu
ngébréhkeun yén Si Mansur jalma wani Wani tur tegas. Saluyu jeung sipatna; kateguhan
haténa hésé dirobah-robahna.
***
RÉPOLUSI
lain hartina kakacowan jeung kaributan. Kaributan jeung kakacowan ukur hal-hal
nu bisa kajadian dina répolusi. Méh teu aya répolusi anu dijerona taya
kakacowan jeung kaributan.
Ogé
nu kaalaman ku urang. Nepi ka antukna korban tina kakacowan nu kajadian dina
répolusi, geus prah baé disebut korban répolusi. Sok rajeun pabaliut hésé
ngabédakeunana, nu mana saenyana korban perjoangan dina ngabéla kamerdikaan
jeung mana korban kakacowan dina waktu répolusi.
***
HARITA
té tengah peuting. Poék mongkléng hujan ti beurang kénéh teu eureun-erureun. Di
imah deukeut Kaum, para pamuda keur karumpul, ngabadamikeun soal-soal
perjoangan
“Dulur-dulur,
urang nyekel tanggung jawab nu pohara gedéna.” Burhan minangka pamingpin muka
carita.
“Perjoangan
aya dina leungeun pamuda. Urang kudu wani bertindak. Kalawan langsung urang
henteu adu hareupan jeung musuh anu rék ngajajah. Tapi saenyana kutu-kutu alat
pengjajahan geus loba di urang. Loba jalma anu ngahalangan kana perjoangan.”
“Nu
kitu kudu dibérésan!” panémpasna saurang pamuda.
“Kuring
geus meunang daptar catetan, saha-sahana nu ngahalang-halang parjoangan,”
omong Burhan.
“Saenggeus
kitu naon héséna?” cék Si Mansur.
“Héséna
loba, “ Burhan némpas deui, “urang loba katalian ku kawawuhan jeung duduluran,
loba nu kawengku ku kolot jeung baraya.”
“Dina
perjoangan eweuh kolot, euweuh barya. Mun sakirana ngahalang perjoangan, kudu
disirnakeun. Urang nyaah ka lemah cai, lewih nyaah batan ka diri pribadi. Urang
sanggup ngrtohkrun pati,” cék Si Mansur deui.
“Sebutan,
saha nu kudu dibérésan téh?”cék salah saurang.
“Kuring
teu yakin guna henteuna mun ayeun ku kuring disebutan, sabab tacan kanyahoan
naha aranjeun percaya atawa henteu, jeung naha kira-kirana aranjeun wani
migawéna.”
“Ieu
jaman répolusi, dina sagala tindakan ulah miyuni hayam kabiri. Asa wani asa
henteu. Urang kudu tegas. Wani atawa henteu?” jawab nu séjén.
“Mun
kitu urang sebutan,” cék Burhan.
“Hiji,
Sumarta tukang kai.”
“Akur,”
ceuk nu séjén, “mémang si éta geus kadéngé ngahina kana perjoangan. Malah teu
daékeun indit meuli potrét Bung Karno ogé.”
“Kadua,
Lurah Amin. Katulu, Haji Kartobi….”
Ngadéngé
ngaran ieu, caricing taya nu ngomong.
“…
bapa kuring?” Cék Mansur.
“Enya,
bapa anjeun,” walon Burhan kalawan tegas, “bukti-buktina geus kapanggih. Kamari
kapanggih di jero lencanana aya lawon bulao. Basa digaradah kamari, dina
beuteungna aya cap NICA.”
Euwuh
jalma nu ngomong, jempé lir gang katincak.
“Aranjeun
teun meunang ingkar tina sumpah,” cék Burhan mimiti nyarita deui. “Aranjeun
geus sumpah ka Nusa jeung Basngsa; leuwih cinta kana perjuangan batan ka diri
sorangan, batan ka kolot, batan ka baraya. Tina perjoangan, taya sanak taya
kadang, mun sakirana ngahalangan kana jalanna perjoangan, kudu dubérésan. Geus
bukti Haji Kartobi mata-mata musuh.”
“Mun
kitu kudu dibérésan!” cék nu di juru.
“Kuring
sanggup ngababérésan,” cék nu deukeut panto.
“Jadi…
peuting ieu; Sumarta, Lurah Amin, jeung Haji Kartobi kudu perlaya!”
“Akur!”
saur manuk.
“Kuring
ménta …,” cék Mansur lalaunan.
“Naon
nu rék dipéta?” cék Burhan, Asal ulah ingkar tina azas perjoangan.”
“Kuring
cinta kana perjoangan, sarta cinta ka bapa sorangan. Paménta, tong aya nu wani
maragatkeun bapa kuring, tangtu bakal aya ribut diantara urang jeung urang.
Sabab tamgtu kuring bakal males pati.”
“Maksud
anjeun?” cék Burhan, “naha mata-mata musuh ku urang kudu diidinan hirup
ngajalankeun pagawéanana, pédah éta téh bapa anjeun?”
“Tong
kasar kitu,” walon Mansur, “maksud kuring, kuring sorangan nu ré2
nyirnakeunana, sabab ku jalan kitu kuring moal males pati ka nu ngarogahala
bapa kuring. Tapi aya paménta: ménta bukti!”
“Tong
loba teuing urusan, ieu lain jaman aman. Urang teu bisa ka landrat. Tapi saksi
enggeus cukup, Haji Kartobi mata-mata musuh! Bisi aranjeun teu wani, kuring nu
érék méréskeun! Caritana sadérék Mansur rék males pati, kuring sadia. Kuring
nyaah kana perjoangan. Pikeun éta, kuring wani ngorbankeun sobat. Tapi kuring
ogé percaya Bung Mansur lain agén NICA!”
“Répéh!”
cék Si Mansur. Awakna ngagidir bawaning ambek. “Prung! Kuring nu rék mérésan.
Aranjeun nu néwak, kuring nungguan di sisi cai!”
Saur
manuk, “Akur! Akur!”
Riungan
Bubar.
***
HUJAN beuki kerep. kaayaan beuki poék.
Sora
Haji Kartobi nu keur husu macda Surah Yasin ngawawaas jalma nu sok ibadah.
Sorana nu naék turun, jiga dibarengan ku nyérélékna cai tina talang. Husu, éstu
husu pisan.
Kecap-kecapna—Kecap
Arab nu teu kaharti—mani jiga nyerep kana tulang. Nyerep… jiga moal nyerep kitu
mun basana basa lancaran biasa basa nu kaharti sapopoé mah.
…kola ya waélana mambaatsana, min
markodina-haza ma waadar-rohmanu wa sodakol-mursalun…”
Meni
semu kacipta, jeung karasa; ari harti éta ayat téh: jalma-jalma harudang tina
kuburna, luak-lieuk di yaomil akhir bari ngagero, “Saha nu ngahudangkeun kami?
Nya ieu nu dijangjikeun ku NU Maha Murah; sidik benerna para rasul téh.”
Enya
mani jiga nu nyerep pisan. Éta da barang nrpi kana sakat, eureun sakeudeung
bari narik napas téh, bangun rey… rey… bulu pundakna muringkak.
Ngajina
téréh tamat, gedor.. gedor! Kana panto.
“Saha
éta?” cék Haji Kartobi.
“Kuring,
Buka panto!” cék nu di luar.
Teu
talangké panto dibuka.
Beletak
sirahna, leng manéhna teu inget.
Inget-inget
geus di sisi cai, pédah karasa angin tiis ngahiliwir, jeung sora cai
ngagolontor. Tapi geus teu walakaya. Ditalian, panonna dipeungpeukan.
“Rék
dikumahakeun kuring téh?” manéhna nanya.
“Montong
ngomong, mata-mata musuh kudu musna!”
“Kuring
rék dipaéhan?” manéhna nanya deui pegat-pegat.
“Bener,
pikeun kapentingan perjoangan.”
Haji
kartobi teu ngajawab.
“Mang
Haji,” cék salah saurang, “bisi Mamang rék ngado’a, bisi Mamang rék nyuhunkeun
disalametkeun dina sakaratul maot ku Nu Maha Suci, saé ayeuna. Mamang moal lami
deui ngadangu guruhna cai, ngaraos hiliwirna angin.”
“Geuning
manéh, Run?” cék Haji Kartobi, apal kana sora Harun batur Mansur.
“Sumuhun
Mang, sanés iklas, mung kaayaan nu ménta.”
“Hayang
panggih jeung Si Mansur, Run!” Haji kartobi nyarita deui.
“Manéhna
teu aya di dieu, Mang!” walon Harun.
“mamang
iklas nemahan pati, Run, mamang terang, ieu buahna nu hianat. Tapi boga paménta mun Mamang geus
lastari, hayang dikubur. Tong dipalidkeun.”
Lila
haji kartobi nyaritana jeung Harun, bari ngadagoan wadal nu dua daratang.
“Mangga
Mang Haji, geura sayagi,” cék Harun.
“Nya
atuh, mana kieu gé geus milik mamang, kudu paéh tanpa lantaran. Geus aya ti
azalina. Ngan tepikeun pangdo’a mamang ka Si Mansur, Jang!”
“Dongko!”
cék nu maréntah.
Haji
Kartobi dongko.
“Asa
ngadéngé sora anak kuring, Si Mansur!” manéhna nyarita heula.
Teu
kungsi dijawab, Si Mansur taki-taki …
Inna
lillahi wa inna ilaihi roji’un …
Maot
dihukum kalayan teu kanyahoan salahna.
***
PERJOANGAN
beuki lila beuki panas. Korban beuki
loba, korban kamerdikaan, korban tékad nu teguh; ngabéla hak sacara hiji
bangsa!
Pamuda-pamuda
ti lembur kuting geus ngurangan, dipénta ku perjoangan. Si Burhan geus tiheula
nemahan pati, digorok ku baturna lantaran hawek teuing.
Si
Mansur masih tetep jadi pajoang tara pisah jeung Si Harun. Éstu satia kana
amanat Haji Kartobi méméh lastari, “Jang, mihapé anak mamang!”
Hiji
poé.
Keur
raraména pertempuran, tru kanyahoan ti mana jolna pélor ngahiung néangan wadal,
keuna kana dada Hatun. Mansur muru. Sobat dalitna disangkéh.
“Kuring
rék nyarita heula, “ cék Harun pegat-pegat.
Si
Mansur teu ngajwab. Leungunna ditungkupkeun kana dada Harun nu pinuh ku getih.
Anjeun
kudu tobat, Sur!”
“Maksud
anjeun?” cék Si Mansur.
“Saenyana
bapa anjeun maot tanpa kasalahan. Baréto kuring teu wani nyarita, sabab Si
Burhan rék ngarah pati. Bapa anjeun maot ku hianatna Si Burhan nu hayang
ngarebut harta banda bapa anjeun.
“Anjeun
kudu toba, Sur…”
Ngan
nepi kadinya, Harun geus taya dikieuna. Henteu daya teu upaya dipundut ku Nu
Kagungan.
“Si
Mansur balik ngadigdig, muru astana tempat bapana. Ceurik nyuuh kana tunggul.
Teu daék balik, terus cicing di kuburan. Tengah peuting manéhna nangkuban.
Ceurik kacida nyerina. Mun bisa, taksiran moal boa ceurik getih.
Teu
puguh ti mana jolna, ujug-ujug belegedeg di hareupeunana aya nu nangtung.
Jangkung gedé, tur sarwa bodas.
Barang
Si Mansur cengkat, nu nangtunh nyakaka seuri.
“Anjeun
nu maéhan bapa téh? Jalma nu teu tuah teu dosa?” pokna.
“Kuring
ngajalankeun paréntah,” jawab Si Mansur. “Bapa kuring mata-mata musih.”
“Ha
… ha … ha …,” nu bodas téh suri deui. “Teu nyaho manéh yén éta téh palsu? Gedé
dosa manéh, anak maéhan bapa!”
“Bapa
kuring mata-mata musuh! Bapa kuring mata-mata musuh! Jawab Si Mansur.
Nu
bodas beuki ngadeukeutan. Si Mansur ngadégdég.
Kek
lengeunna no bodas téh kana beuheung Si Mansur, jerit Si Mansur ngajerit …
Késangna
luut-léét, manéhna hudang. Impian goréng pisan.
Gambar beunang: Google |
“Bapa
kuring mata-mata musuh! Bapa kuring mata-mata musuh!” ceuk Si Mansur ngagorowok
bari indit.
Teu
eureun-eureun kituna téh, terus nepi ka beureng gogorowokan. Matak karunya. Si
Mansur owah ….
Unggal
inget ngagorowok: bapa kuring mata-mata musuh! Bapa kuring mata-mata musuh!
Bebenjit mah ukur resep ngaheureuyan.
(Ti na Majalah Sunda no. 15,
Taun II, 3 Méi 1953)
*Disalin sagemblengna ti na Kanjutkundang:
Prosa jeung Puisi Sunda Sabada Perang, kenging ngumpulkeun Ajip Rosidi &
Rusman Sutiasumarga).
0 komentar:
Posting Komentar