Ku; Fauzal Ihsan*
Buta nu némbongkeun beungeutna hareupeun Abah Yaksa teu kendat-kendat
méré kasieun. Ratug tunggulan eusi harigu nu dirandapan Abah Yaksa
ngawujud jadi bengkéngna awak. Rupa nu pias cicirén kasieun nu tandang
kana eusi dada jeung pikir manéhna. Teu disangka, Buta nu ngajungkiring,
awak bayuhyuh, jeung rupa héjo semu hérang carulang palebah beuteung
geus témbong. Ari sugan, buta téh ngan wungkul dina carita, manahoréng
aya, malahan ngajungkiring, kadeuleu hareupeun manéhna. Dadak sakala
kabingung jeung karisi eunteup dina pikir manéhna, ponpilagi haté nu
ngébréhkeun rasa kagimir. Kabayang, pasangrok jeung buta anu kacida
gedéna, saha nu teu sieun? Matak muriding bulu puduk. Inggis batan maut
hinis, rémpan batan mesat gobang. Karémpan nu karandapan ku Abah Yaksa
linyok, tuluy-tuluyan nonjok.
Saenggeusna buta nyarupa, ngébréhkeun beungeut hareupeun Abah Yaksa,
tuluy baé mapatkeun sagala rupa gerentes, kahayangna, bari ngomong semu
hohoak:
“Kula datang ka tempat ieu hayang manggihan hidep. Kula nuggu wanci ieu
salila 100 taun lilana. Néang jalma nu pantes pikeun nitis sarupaning
kasaktén.”
Bari ngomong, panon buta éta neuteup kana panon Abah Yaksa. Panon anu
sekeut, lir hinis anu nurih sarupaning kéjo. Abah Yaksa teu daya teu
upaya. Teu bisa unggah atawa nyingkah ti tempat. Tapi sanajan buta éta
apal yén Abah Yaksa téh guligah jeung bingung alatan didatangan ku
manéhna, buta éta tuluy ngomong.
“Yeuh Surup, umur hidep masih ngora, tapi lakob hidep Abah Yaksa. Éta
téh cicirén yén kawijaksanaan nu aya dina diri hidep, nu nyieun manusa
di sabudeureun hidep ngahormat. Hidep geus dipikasérab. Tapi kula
datang, hayang ngabuktikeun caritaan jalma-jalma. Kula teu samanéa
datang, tapi aya nu dimaksud. Lain palid ku cikiih, lain datang ku
cileuncang. Mangka hidep tong sieun jeung hariwang, kula moal
nyilakakeun hidep. Kumaha tanggapan hideup ka kula Surip?”
Kakara, mangsa ngadéngé ucapan kitu Abah Yaksa ngarasa tengtrem.
Guligahna kasinglarkeun ku ucapan buta éta. Tétéla gening buta téh lain
rék nyisikudi. Mana horéng datang kalawan kahadéan nu di bawa ku éta
buta. Geus apal kitu, Abah Yaksa ngawalon, bari semu arapap-areupeup.
“Samudaya hapunten jul-jol tina diri abdi pribadi. Manawi téh salira
bakal nyilakakeun jisimabdi. Pami terang kitu mah, abdi moal goréng
sangka ka salira sateuacanna. Kasaktén naon anu ku salira di papatkeun
tadi téh? Sareng tadi salira nyebatkeun wiréh abdi téh jalma nu kapilih,
sahingga salira ngantosan dugi 100 taunna pikeun tepang jeung abdi.
Sakaterang abdi mah, abdi téh jalmi alit. Waragad teu seueur, waruga
cungkring kacida. Pami teu diwagel mah, abdi hoyong terang. Naon tah anu
nyababkeun abdi diantos kitu?”
Buta éta ngagakgak, seuri, nimbulkeun eundeur sakuliah cai tempat cicingna éta buta. Bari seuri, buta éta ngajawab.
“Yeuh Surup, kula kungsi pagunem catur jeung hiji tukang tapa. Tukang
tapa ieu jolna ti nagara India. Ceuk manéhna, jalma wijaksana geus hésé
dipanggihan. Manéhna tuluy ménta pitulung kula pikeun manggihan jalma nu
wijaksana. Geus saratus taun lilana kula nunggu wanci ayeuna. Geus tong
loba carita. Tarima ieu pakarang.”
Dialungkeun pakarang éta. Pakarang éta téh mangrupa gagandén. Biasa sok
dipaké pikeun nakol kai. Luhurna di bungkus ku beusi campur waja nu
gedé. Wangunannana pasagi. Mangsa Abah Yaksa narima pakarang éta,
ujug-ujug buta tadi ngaleungit. Teuleum ka sagara cai nu ngagolak.
Pakarang anu ahéng kacida. Pakarang nu nungguan nu bogana salila saratus
taun ayeuna mah geus dicekel ku Abah Yaksa.
Abah Yaksa hémeng heula alatan leungitna éta buta. Can nganuhunkeun,
ujug-ujug ngajorélat euweuh. Saenggeusna kitu, Abah Yaksa tuluy mawa
gagandén éta. Mangsa diteteup-diilikan. Dina gagangna diukir ku mangrupa
basa. Teuing basa naon. Manéhna teu ngarti mangsa ngailikanana. Basa nu
dipaké pikeun ngukir gagang gagandén éta lain basa
Sansakerta, tapi basa lian anu teu diwawuh ku manéhna.
Tétéla, basa nu dipaké pikeun ngukir gagang pakarang éta téh nyaéta basa
Yunani. Basa nu teu dipikanyaho ku Abah Yaksa. Tulisanna Gnothi Seaton.
Ari gnothi seaton téh aslina mah ukiran nu
aya di hiji kuil. Kuil ieu pisan nu didatangan ku Sokratés. Kuil di
Dhelpy anu dicicingan ku hiji tukang tapa baheula, nu kungsi panggih
jeung Sokratés. Ari sokratés téh jalma nu katelah wijaksana di jamanna.
Dumukna di nagara Yunani. Tulisan anu aya di kuil éta téh nyurup kana
diri Sokratés, sahingga nepi ka dijadikeun pola hirupna. Anu hartina,
“wanoh kana diri.” Kalimat manéhna nu kasohor, nu nyirikeun manéhna
wijaksana téh nyaéta “nu saapal kuring, kuring mah teu nyaho naon-naon.”
Tapi anu anéh, naha ukiran gagandén éta sarupa pisan jeung tulisan nu
aya di kuil Delphy? Nu leuwih ngabingungkeun mah, naon kaitannana
Sokratés nu hirup di Yunani jeung Abah Yaksa nu hirup di wewengkon
Sunda? Malah nu leuwih parah, nu ngagayot kanu pikir, naha tulisan gnothi seaton beut aya dina gagang gagandén éta? Nah!
*) Dipostingkeun kalayan widi ti nu Nulis
0 komentar:
Posting Komentar