Senin, 12 Januari 2015

"Itu Alo Ieu Suan"

Ku: Dukun Lepus*

Keur uing (meureun teu mustahil keur nu lian gé), lebah merenahkeun sesebutan nu aya dina pancakaki téh, sok rada bangga. Leuheung sesebutan keur nu dareukeut atawa nu aya kénéh dikieuna. Ninggang di nu geus teu aya dikieuna, komo ti uyut ka luhur…, euh bati pabaliut nu aya.  Sugan téh lebah dinya hungkul, horéng nu deukeut gé sok rajeun luput. Lebah merenahkeun sesebutan “alo” jeung sesebutan “suan”, ieu gé kungsi pabaliut.

Demi ti baheula tug nepi kelas I Mu’allimien, jajuheun  écés. Lebeng baé, suan jeung alo téh disaruakeun. Diéh-énéh éhedkeun. Kakara pas kelas II Mu’allimien manggih bongbolongan téh. Pedaran ti Akéh Romli ngeunaan “alo” & “suan”, basa keur lés pasosoré di kobong. Poho deui ari lés naon-naonna mah, ngan moal nyalahan wancina mah, pas pasosoré. Inget kénéh. Najan ukur saliwat, sahenteuna pedaran ti anjeunna jadi bekel keur kuring nu léléngkah halu dina focus diajar hal-ihwal nu patula patali jeung basa Indung. Najan lain manukna. Kalayan ringkés anjeunna sasauran, “yeuh tum, alo mah anak lanceuk, anak adi mah suan”, dipungkas ku imut. Laju mikeun sababaraha conto, sampling-na tina pancakaki kulawargi anjeunna. “Baruk, geunging kitu”, cék uing harita dina haté, bari unggeuk-unggeukan.

Panasaran kénéh, balik ka imah langsung mukaan kamus. Hiji-hiji kekecapan dititénan, pas nepi nina kecap “suan”. Dina Kamus Basa Sunda yasana Mama R. Satjadibrata[1], anjeunna ngahartikeun kecap “suan” téh,  anak adi. Ari “alo”, anak lanceuk. Tah geuning teu nyalahan, moal sak deui.

Naon pangna panasaran ngimeutan ieu hal téh, ah, teu pira. Alatan kungsi sababaraha kali dibéjaan  yén sesebutan “alo” téh sarua baé diperenahkeunana mah. Boh ka anak adi, atawa anak lanceuk. Tului nimu pedaran ti Akéh, asa katulungan. Aya nu nyaangan najan saenyay. Teu lila, pas kelas III Mu’allimein mun teu salah mah, manggih katerangan deui dina roman sajarah nu keur dihanca. Dina roman sajarah anu judulna, Prabu Anom Jayadewata, yanasa Yoséph Iskandar, aya paguneman antara Prabu Amuk Murugul, Prabu Susuk Tunggal, Rakéan Keukeumbingan (Pamanahrasa) jeung Paman Léngsér.

Prabu Amuk Murugul, jeung dua urang nu nyarenganana, ngadeuheus ka Prabu Susuk Tunggal nu linggih di Kadaton Pakuan Pajajaran. Biasa kumaha sosonoanana anak jeung bapa, gunem-catur Prabu Amuk Murugul jeung Prabu Susuk Tunggal téh. Nalika Rakéan Keukeumbingan alias Pamanahrasa/Prabu Anon Jayadewata ngadeuheus, geuning anjeunna bet nga-uwa keun ka Prabu Susuk Tunggal téh. Prabu Susuk Tunggal ngaranjung, aya jalma anyar pinanggih nga-uwa-keun ka manéhna, nga-uwa-keun ka Raja karajaan Sunda. Kieu eusi pagunemananana[2]:

            …“Heueuh,heueuh,  saha ari dia, jalu?” ceuk Prabu Susuk Tunggal bari mencrong ka Pamanahrasa.
            “Pun sapun, Uwa Prabu…,” ceuk Pamanahrasa bari nyembah.
            “Baruk? Na dia bet nyebut uwa ka kami?” Prabu Susuk Tunggal ngaranjung.
            “Mun Uwa Prabu percaya, kami téh seuweuna Prabu Déwa Niskala ti…” Pamanah rasa nyarita teu kebat.
            “Anaking? Baruk dia téh suwan kami?” kituna téh Prabu Susuk Tunggal bari turun tina watu gilang paranti diukna.
Pamanahrasa alias Prabu Anom Jayadewata téh putrana Prabu Déwa Niskala ti karajaan Galuh. Ari Prabu Déwa Niskala, adina Prabu Susuk Tunggal, béda Indung. Putrana Prabu Niskala Wastukancana, raja karajaan Sunda, rayina Putri Citraresmi atawa Dyah Pitaloka anu gugur di Bubat. Pamanahrasa nga-uwa-keun ka Prabu Susuk Tunggal, da ka lanceuk bapana. Prabu Susuk Tunggal nyebut suan ka Pamanahrasa, da budak adina (Dewa Niskala). Déwa Niskala, ramana Pamanahrasa, nga-alo-keun ka Prabu Amuk Murugul, da  budak lanceukna (Susuk Tunggal). Prabu Amuk Murugul, nga-amang-keun ka Prabu Déwa Niskala, da ka adi bapana.

Kitu meureun keur contona mah, lebah merenahkeun alo jeung suan téh. Lah, da ieu mah ukur curat-corét baé. Pinasti jauh tanah ka langit disebut alus atawa kaharti. Teu jauh ti ngabejaan bulu tuur. Najan kitu, ari nu diharep mah muga baé aya mangpaat keur nu maca, najan sasieureun-sabeunyeureun. Mugia***

*) Nu Nulis, nu keur diajar nulis.



[1] R. Stajadibrata. Kamus Basa Sunda. Pt. Kiblat Buku Utama, Bandung: 2008.

[2] Yoseph Iskandar. Prabu Anom Jayadewata. Pusat Studi Sunda, Bandung: cit – III, 2011. Kaca ka 20.

0 komentar:

Posting Komentar