“Basa
Sunda Haétsu Mâ Kunta”
Ku: Dukun Lepus*
Nénéng Mingkeu:
Jati Kasilih ku Junti
Panggih
jeung Néng Mingkeu téh basa mimiti asup kuliah. Kabeneran harita sababaraha poé
mimiti éféktip kuliah. Barang gok amprok, solongkrong manéhna nyodorkeun
leungeun kéncana, bari pok, “kenalin, aku
Mingkeu. Salam kenal ya…!”, bari imut ngagelenyu. Semet di bales ku imut
deui. Tului manéhna mapay wawanohan ka saban lalaki di kelas, da jeung awéwéna
mah geus katinggali loma. Bari jeung teu tinggaleun, norowéco ku Basa Énonésa.
Nyaritana
capétang, keukeuh maké basa Énonésa. Teu cara awéwé nu lian, carang takol.
Sapopoé énerjik, teu bauan. Dina stélan
saliwatan mah matak kataji. Lebah
nga-mécingkeun baju nu dipakéna. Sakapeung ngota abis, sakapeung
basajan. Tiungna, tiung ala komunitas
hijaber rarancang Dian Pelangi, julat-jalit, ciga ema-ema nu rék metik entéh.
Baju geblus ngarumbay semet pingping, tawa diasupkeun kana erok. Kapeung, ukur
maké tiung lumrah kelir coklat,
kahandapanana maké kaméja panél nu kelirna sarua, jeung blué jins leupeut. Sapatuna mérek All Star, atawa Convérsé. Ceuk
panempo jajaka nu keur meujeuhna balég tampélé mah, “Aya ku nyari!”. Dina cara
nyarita, jeung kawani-na, atra pisan…wanoja kota! Wanoja métropolitan.
Panyangka mah meureun urang Batawi, atawa mun lain gé, boa wanoja ti dayeuh
mana.
Sabot absénsi
geus mimiti aya—dina minggu éta kénéh mun teu salah mah— kabeneran wé, aya
instruktur nu iseng. Nataan & nanyaan mahasiswa hiji-hiji. Ti mimiti
ngaran, sakola/institusi méméh asup kuliah, ogé ditanya lembur séwangséwangan.
Cunduk bagian si Nénéng Mingkeu nu ditanya. Tara-tara ti sasari teu bacéo. Ukur
balaham-béléhém semu nu éra. katohyan, yén si Nénéng Mingkeu téh—nu ceuk
panyangka mah ti dayeuh jauh—horéng urang Sunda. Ibu – ramana, malah nepi ka bao-kakaitsiwurna
gé urang Sunda.
Néng Mingkeu
urang Sunda pituin. Ngaran aslina gé Rikeu Laélasari. Ramana, urang Pasir
Kalapa, hiji lembur tapel wates antara Kabupatén Bandung jeung Kabupatén
Bandung Barat. Indungna urang Ci hideung, Sindangkasih, Kabupatén Ciamis. Démi
dijurukeunana di lembur indungna, di Ciamis. Mangsa umur dua taunan, inyana
dicandak ngalih ku ibu-ramana ka Jakarta, lantaran ramana katarima gawé di hiji
pausahaan nu kasohor di Batawi. Balik
deui ka lemburna, nya pas rék asup kuliah. Da ramana pindah gawé ka Bandung.
Gambar beunang: Googlé |
Kungsi ngobrol
paduduaan jeung Néng Mingkeu, mangsa nuangguan instruktur nu teu jebul-jebul
baé. Pangangguran tatanya ka manéhna maké basa Sunda. “Please Fik! Gua gak
ngerti. Pake bahasa Indonesia aja ya! Biar konek…” manéhna ngadilek semu
jengkél. Ari Kuring panasaran, mindo nanya deui, naha inyana bet teu bisa
nyarita maké basa Sunda. “Emang gué gak bisa. Bisa sih, tapi dikit-dikit”, pungkas
si Mingkeu tandes. Derekdek si Mingkeu ngaguar lalakonna. Balukarna, nu jadi
marga lantaran si Mingkeu teu bisa nyarita ku basa Sunda téh, sab ti leuleutik
ku kolotna teu diwarah nyarita maké basa Sunda. Samalah sapopoéna, basa
panganteur nu dipaké di imahna téh maké basa Énonésa. Katambah sabudeureunana
taya nu- ngajak nyarita ku basa Sunda. Da mayoritas urang Batawi, deuih, nu liana nyarita ku basa Énonésa hungkul (leuh, teu
nyalahan panyangka téh). Lamun kaparengkeun keur pakanci (lebaran atawa libur
sakola), osok tagé balik ka lembur nini-akina. Ngan sarua baé, nu ngarajak
nyarita téh maraké basa Énonésa, pédah lentongna baé ku Sunda. Walhasil, Nénéng
Mingkeu—alias Rikeu Laélasari—téh, capétang nyarita ku basa Énonésa, perenahna ku
basa Énonésa yang tidak baku.
Méré
Atikan Basa Indung
Néng Mingkeu, meureun
hiji diantara sawatara urang Sunda biolohis, nu teu bisa nyarita maké basa Sunda. Ras
inget kana pangalaman Pa’ Ajip Rosidi. Kantos anjeuna ngagaleuh bungbuahan di
sisi jalan, di Tatar Sunda. Najan naros maké basa Sunda, tukang dagang buah téh
bet ngajawab ku Basa Énonésa. Padahal teu sak deui yén tukang buah téh urang
Sunda pituin (Rosidi, 2007: 153). Kamari basa taun 2014 wekasan, PT. Kiblat
Buku Utama medalkeun deui buku anjeunna, judulna “Kudu Dimimitian Di Imah”.
Antologi Éséyna ngeunaan basa & budaya Sunda, katut sawatara tokoh budaya
urang Sunda, ditambahan ku seratan ngeunaan Prof. Dr. A. Teeuw—urang Walanda
anu mitineung kabudayaan, pangpangna Sastra Énonésa.
Dina tulisan nu
dijudulan Kudu Dimimitian Di Imah, Pa Ajip méré dua tamsil perkawis atikan basa Sunda. Kahiji, nyaritakeun Ki Silah—lain ngaran asli—urang Sunda
pituin, anu téga lara téga pati, bajoangan sangkan Ki Sunda Nanjeur. Boh
basana, boh budayana. Malah nepika méh opat taunna nyirekem di pangbérokan. Nya
alatan ngabéla Ki Sunda. Mangsa Pa Ajip nyumpingan weweton Ki Silah, bét asa
aya nu ahéng. Nalika putrana nu cikal, nganuhunkeun ka nu jadi ramana, maké
basa Inggris. Tuluy adi-adina, nganuhunkeun jeung ngawilujengkeun maké basa
Énonésa. Naha teu maké basa Sunda? Naha Ki Silah anu bajoang keur Ki Sunda teu
melakkeun saeutik-eutik acan kasundaan ka pala putrana? Jigana téh basa nu
dipaké sapopoé di Imahna, maké basa Inggris, salian ti Énonésa.
Kadua, Pa Ajip
nyaritakeun, aya nu ngabéla kana kajadian nu karandapan ku Ki Silah. Pajarkeun
kitu téh, pédah Ki Silah sakulawaraga lila nganjrék di mancanagara. Barudakna
sarakola di mancanagara. Nu matak munasabah baé lamun palaputrana make basa
Inggris. Ku Pa Ajip ditémpas. Ka singsaha baé anu ngabogaan pikiran kitu, aya
diplomat urang Sunda, anu leuwih senior manan Ki Silah, jeung leuwih lila
hirupna di mancanagara. Tapi di kulawargana, geureuhana, pala putrana—nu
sadayana sakola di manca nagara—sapopoéna maké basa Sunda. Hiji mangsa, putrana
kantos nyarita ka Pa Ajip, najan ari basa nu dipaké basa Prancis, tapi ari di Imah mah diwarah jeung
dibiasakeun maké basa Sunda (Rosidi, 2014: 11).
Bangun méh
sarua antara kasus Néng Mingkeu jeung Kulawarga Ki Silah—dina pangalaman Pak
Ajip. Enya gé pada-pada turunan Sunda
biolohis (pedah Mingkeu mah teu lahir & sakola di mancanagara), tapi alatan
teu dibiasakeun ti leuleutik nyarita ku basa Sunda, éstuning duanana teu bisa
nyarita maké basa Sunda.
Haji Hasan
Mustapa kungsi nerangkeun, yén dina adat-kabiasaan urang Sunda, posisi nu
ngatik-ngadidik téh nyaéta kolot/ nu geus kolot (leuwih kolot umurna batan nu
diatik), loba luangna (ceuyah ku pangalaman, legok tapak genténg kadék), masih
kulawarga/aya sipat dulur (Mustapa, 2010: 6). Di imah nya nu kasebut kolot téh
indung-bapa téa(lamun nini-aki tas teu aya dikieuna). Duanana miboga pancén nu
urgén, dina raraga ngatik ngadidik pala putrana. Utamina lebah ngatik-ngadidik,
ngabiasakeun maké basa Indung. Di Imah, antara salaki- pamajikan, kolot jeung
budak, jeung papada dulur, ogé di lingkungan sabudeureunana, sangkan barudak
bisa nyarita ku basa indung, nya kudu dicontoan atawa dibiasakeun make basa
Indung.
Upama
dititénan, barudak dialajar basa Indungna—basa naon baé, Sunda, Jawa, Batawi,
jrrd—kahiji, ti indung-bapana. Kadua, ti lingkunganana, masarakat
sabudeureunana. Katilu, di sakola. Kaopat, tina bacaan(Rosidi, 2014: 11). Lamun
indung-bapana ngatik-ngadidik, ngajurung, sangkan anak-anakna nyarita maké basa
Sunda, tangtu barudakna baris bisa tatag nyarita ku basa Sunda. Mana komo mun
ninggal kaayaan ayeuna, aya nu indung-bapana geus teu pati ngawarah(boa aya nu
nepi ka lur-jeun cara kasus Néng Mingkeu & Ki Silah) sangkan budakna
nyarita maké basa Sunda. Modél nu kaperhatikeun di dayeuh-dayeuh nu aya di
Tatar Sunda(najan teu kabéh).
Lamun matuh di lingkungan anu mayoritasna
urang Sunda, budak baris bisa nyarita ku basa Sunda—najan ku kolotna teu pati
diwarah—nya ti babaturanana. Biasana kekecapan nu mahabu sabangsaning “anjing”,
“goblog”, jrrd. Di sakola, basa Sunda ukur jadi mata pangajaran (baca: mata
kuliah), ilaharna panganteurna ku basa Énonésa. Jadi diajar basa Sunda via basa
Énonésa. Dapon nyokot matkul basa Sunda gé, tamba teu kosong teuing nilai.
Jeung deuih, boa nu ngajar/instrukturna gé teu tangtu tapis nagagunakeun basa
Sunda. Katambah murid/mahasiswana, henteu dijurung sangkan maraca bacaan nu
maké basa Sunda. Antukna téh teu aya kereteg keur nginjeum ka perpusatakaan,
jajauheun bébélaan meuli mah. Éh, kela. Najan enya di kampus urang aya
perpustakaan, tapi asa teu kungsi manggihan buku bacaan basa Sunda.
Basa Sunda: Mâ
lâ yudraku kulluhu, lâ yuthraku kulluhu
Geus ti
mangpuluh-puluh taun katukang, basa Sunda téh pada mikahariwang. Bisi
kitu-kieu, pajar bakal pareum, bakal musna-sirna, nya punah téa. Mun
enya mikanyaah, mun enya mihariwang, tangtuna baé kudu aya laku nu nyata. Lebah
réalisasina, lain saukur catur tanapa bukur. Sahenteuna, keur urang Sunda,
gunakeun basa Sunda haitsu mā kunta. Di mana baé anjeun (nu ngarasa
urang Sunda) aya.
Kumaha ari réalisasi tina basa Sunda haitsu
mā kunta téh? Ceuk sauingeun mah, bisa dimimitian ti awak sakujur. Paké
basana, baca bukuna, jeung tuliskeun. Keur di sabudeureun civitas akademika,
meureun teu salah mun aya instruktur anu ngajar maké panganteur basa Sunda.
Mahasiswana kalayan interaktif ngajawab make basa Sunda. Tangtuna baé jeung
papada urang Sunda. Lebah ka nu lain mah, nya ngaragangan baé, paké basa
nasional. Dina gunem catur sapopoé, anata papada mahasiswa urang Sunda,
ngawangkong téh ku basa Sunda. Atawa, ambahan legana, keur
nahan lambak pangaruh globalisasi anu beuki ngagulidag
nataku, kudu aya tarékah leuwih keur nungkulanana. Kudu aya inovasi nu mutahir,
sangkan barudak jaman kiwari katajieun dijar jeung make basa Sunda. Model
ngayakeun lés tupel basa Sunda. Nu metodena meh sarua jeung tupel basa
Inggris/basa deungeun nu lian.
Nulis kieu téh
kajurung ku bakat. Bakat ku butuh. Butuh keur diajar, butuh keur nyumponan
jangji ka diri, ngarumasakeun manéh jadi séké-sélér Sunda. Tangtuna baé
kumelendangna di dieu, di tatar Sunda. Aya karep keur ngamumulé basana. Najan
teu bisa medalkeun karya nu paripurna, sahenteuna milu icikibung dina séah
jeung gulidagna. Lain asa pang-Sunda-na, asa pang-budaya-na. Teu pisan-pisan.
Inggis magar humayua. Ngan sabot nginget-nginget deui, aya kaidah ushul anu
nerangkeun Mâ lâ yudraku kulluhu, lâ yuthraku kulluhu. Naon anu ku
anjeun teu kagéroh sakabéhna, ulah rék titinggalkeun sakabéhna. Lebah dieu rasa
rumasa téh bedah, teu kaampeuh. Maksakeun saya-aya, najan bari
tisusud-tidungdung.
Dina buletin “Kamar
Kecil” nu medal sasih ieu (édisi 6, 2015), wasilah ti Lembaga Pengkajian Ilmu
Keislaman (LPIK) UIN SGD Bandung, kuring bisa ngeureuyeuh nyumponan jangji.
Maniféstasi tina idiolohi gunakeun basa
Sunda haitsu mā kunta. Dipapag ku du’a jazākallāhu khairal jazā, bil
husus ka LPIK jeung ka guru-guru nu kungsi ngajarkeun kuring basa Sunda.
Umumna, ka kanca nu kersa maca ieu tulisan. Sakalian ngajak ka kanca
sadaya, cuang babarengan nyarita jeung nulis maké basa Sunda. Sahenteuna, ulah
nepi ka pareum, ulah nepi ka paéh. Tong waka ngemutan sieun salah, sieun
disebut dusun pedah teu nyaho undak-usukna. Itung-itung ti maniféstasi mâ lâ
yudraku kulluhu, lâ yuthraku kulluhu. Rumasa demi ieu tulisan téh jajauheun ka ‘leuheung’, jauh
tanah ka langit. Tapi, taya lian nu dipalar téh mugia aya mangpaatna. ***
*) Kurawa LPIK (Lembga Pengkajian Ilmu KeIslaman) UIN SGD BDG,
sakapeung jadi mahasiswa KPI semester IV
Daftar Bacaan:
Danadibrata, R. Alla, Kamus Basa Sunda. Bandung:
PT. Kiblat Buku Utama, cit. 2, 2009.
Dangiang: Jurnal Kebudayaan Sunda, Lonceng Kematina
Bahasa Sunda. Edisi III-April, 2002.
Mustapa, H. Hasan, Adat Istiadat Sunda. Bandung:
PT. Alumni. Edisi-III, cit. I, 2010. Diterjemahkan oleh, M. Maryati
Satrawijaya, dengan judul asli, Bab Adat-adat Urang Priangan jeung Urang
Sunda Lian ti Éta.
Rosidi,
Ajip, Urang Sunda Jeung Basa Sunda. Bandung: PT. Kibkat Buku Utama, cit.
1, 2007.
Rosidi, Ajip. Kudu Dimimitian Di Imah, Ku Basa
Sunda Ngatik Manusa Indonésia. Bandung: PT. KIblat Buku Utama, cit. 1,
2014.
0 komentar:
Posting Komentar