Jumat, 03 April 2015

Nu Boga Rasa Rumasa (répléksi tina hasil maca "Di Dieu Haté Téh Reureuh" Ahmad Bakri)

Ku: Fikri A Gholassahma

Kungsi ngupingkeun hutbah Ki Silah basa juma’ahan, inyana sasauran yén ari rasa rumasa demi geus milampah hiji dosa, bakal ngukuntit. Modél “maot” meureun, wa lao kuntum fiy buruuji al-musayyadah, najan kaayaan maranéh nyumput dina peti beusi, teu beunang disumputan! bakal ngukuntit sanajan ka liang cocopét gé! Teu géséh jeung “rasa rumasa” geus milampah dosa. Disidem, dibuni-buni, dipopohokeun… hiji mangsa, bakal datang. Ngontrog ka urang.

Ras inget ka si Sujana dina carita Pa’ Ahmad Bakri. Nyaba kadungsang-dungsang nunutur indung suku, kamana jigna. Ninggalkeun banda-pakaya,  bébélaan naon kikituan téh?! Keur mopohokeun dosa, keur nyinglarkeun rasa rumasa, da tas milampah dosa. Anjong di hiji lembur nu matak pikabetaheun, nepi diaku budak ku Haji nu jadi kokolot di éta lembur. Pajarkeun, “asa ka budak sorangan nu tas teu aya dikieuna”, saur Ki Haji. Atuh ki sémah, bisa ngarumasakeun diri, bisa nitipkeun manéh, keur kitu téh nya getol kana ibah. Matak pikaresepeun urang lembur dinya. Rasa rumasa milampah dosa téh méh kasilep ku pirang-pirang  lalakon hirup nu anyar. Samalah dina leunjeuran lalakon hirup nu anyar téh, maké jeung patingpucunghul sirung-sirung asih. Kincir ngait kana bilik, pikir ngait ka nu balik. Bogoh ka alo-na Ki Haji.

Sawatara lila hahadéan, nepi ka rék kawinna Sujana jeung nyi mojang téh. Ngan ibur salembur-éar sa nagara, sabot Sujana ; nu geus maheutkeun jangji rék ngawin si mojang téh, leungit tanpa sebab-ilang tanpa karana. Ari bébéja mah rék nyelang heula nyekar ka makam ibu-ramana, di lemburna. Ngan, geus  liwat ti waktu nu geus ditangtukeun, Sujana teu jebul waé. Lebeng. Atuh Ki haji katut pibésaneunana kawiwirangan. Sawatara lila, Ki Haji nampa surat ti tukang pos. Ana dibuka, horéng surat ti Sujana. Eusina teu kendat neneda hapunten, sanes maksad nampik kanyaah, sanés maksad ngawiwirang jalma nu geus dianggap kolot. Jeung…, sanés teu nyaah, teu cinta ka nyi mojang téh.

Gambar beunang: Googlé
Rasa rumasa milampah dosa téh datang deui ka Sujana, sabot aya kajadian nu dikadék pédah kapanggih nyalingkuhan pamajikan batur, basa inyana jeung baladna keur lalajo wayang di lembur tatangga. Ti dinya, Sujana bati cicingeun baé. Nepi kungsi gering rada parna. Nu matak nyieun ngarenjag téh, eusi suratna. Sujana nu katembong getol ibadah, soméah jeung loba luang téh, horéng kungsi mergasa hiji nyawa. Lain batur-lain saha, kapi adi-na pisan. Pedah kapanggih salingkuh jeung kabogohna. Ti dinya manéhna mabur, kalawan rerencepan. Teu kapanggih ku pulisi gé.

Ari cenah upama jalma milampah dosa, hirupna moal tenang. Matak asa dikukuntit baé ku rasa rumasa éta. Ngan, alusna Sujana mah bisa babalik pikir, masrahkeun manéh ka ‘pihak berwajib’. Kalayan rido, ihlas nyirekem di bui, sok sanajan kudu ninggalkeun Ki Haji jeung nyi mojang nu dipikanyaah ku manéhna. Ti batan hirup dikukuntit ku dosa, mening kieu baé…, da kieu mah asa tenang hirup téh. Nya di dieu haté téh reureuh. Pungkas Sujana.


Kitu balukarna lalakon ki Sujana. Inyana nu sakali milampah dosa, tapi dikukuntit sauumur. Najan geus dipopohokeun ku cara naon baé.  Boa béda deui jeung nu geus mindeng migawé dosan--kawas kuring—awahing ku mineng, jadi asa geus biasa, asa lumrah baé. Atawa para koruptor nu teu seubeuh ngahakanan duit nagara—nu hakékatna mah nu rahayat jeung keur rahayat---asa nyalsé baé, kawas nu teu dikukuntit ku rasa rumasa éta. Meureun, lamun baroga kénéh rasa rumasa mah, bui téh bakal pinuh. Hiji-hiji koruptor nyerahkeun manéh ka ‘pihak berwajib’, modél nu dipilampah ku Sujana. Mungkin teu bakal kitu? Mungkin, tapi éngké… mun aya belut buluan!!! ***

LPIK, 25 Maret 2015

0 komentar:

Posting Komentar