“Néangan Lebaran”
Ku: Syarif Amin*
Geus
ti leuleutik kénéh, ti barang inget. Nu pangheulana kapanggih, keur diparéndé
dititah saré, bari dijampéan, “Bisi teu kabagéan turun imbar!”
Tuluy
atuh geus resep nyoo merecon. Da acan ludeung nyeungeutan ku sorangan mah. Sababaraha
gepok téh, cécéngékan jeung babawangan, diuman-imen, dibuntel ku carécét
madras, béak ku nu galédé baé.
Dipangnyeungeutkeun,
cenah!
Da
wawanén kakara semet kérékan balon, nu hurungna ngandung
rupa-rupa warna, ganti-ganti: beureum, héjo, biru, jeung saterusna.
Mun teu kitu, semet nyeungeut kembang
gedang, bari dialungkeun ka luhur, meunag nikelkeun gagangna, sina nyangsang
kana dahan jeruk hareupeun imah.
Lila-lila maju kana macakal nyeungeut
petasan (ku) sorangan. Cacarakan ku cécéngékan, diasupkeun kana tanduk domba,
bakat ku hayang nyekelan. Nepi ka wani nyeungeut rantayan ‘mata kucing’ nepi ka
jaman dur-dor jeung saterusna.
Lamun di masjid, milu takbir, ti mimiti
digandong nepi ka teu nyaho tungtungna, inget-inget geus di imah deui, isukna.
Mancat kana milu parebut panakol bedug,
pataket-taket ngadulag.
Ngalaman paalus-alus pakéan, meunang
ditatap-diusap ti peuting kénéh, mani henteu téréréh saré, ngarep-ngarep hayang
geura beurang rék midang singsarwa anyar.
Tuluyna Lebaran téh kapanggih dina ruing
mungpulung. Dulur nu deukeut nu anggang daratang, bari silih guar kasonoan,
émbohna silih guar kaboga.
Dina ukuran geus pada-pada cumarita ieu
téh, silih akurkeun poamanggih jeung pangalaman, enggoning hirup macakal.
Méméh bosen, malah teu kungsi
seubeuh-seubeuh acan, tararangéh kana hung-héng pagétréng silih herengan cara
biasana jeung dulur, kapaksa kudu geus papisah deui. Atuh anteng pisan
panineunganana téh.
Kitu Lebaran anu kapanggih harita.
Layeut aleut-aleutan, bring ka kulon, bring ka wétan.
Karasa bagjana.
Tapi asa teu kurang bagja, malah
ngarasa punjul ti batur, waktu manggih lebaran, bisa kénéh muru-muru indung. Iraha
baé, keur di mana baé, teu halangan ku samporétna waktu, waluratna di jalan,
teu burung diudag.
Teu kacipta kumaha beuratna ngarasa
hutang, upama teu merlukeun munjung, nyium sampéanana, bari diusapan
embun-embunan.
Lila, kungsi sababaraha kali, kieu
panggihna Lebaran téh, bagjana lain béja.
Aasa rék tamat ngan semet dinya, barang
anjeunna geus sah ti dunya. Geus nepi kana puncakna. Kari ngarep-ngarep naon
deui atuh? Da nu geus kasorang mah ngan kari anteng dina ingetan.
Bohong. Jahulna masih kénéh
dirangkulan. Éta nu diburu-buru téh. Teu halangan ku anggang. Jut turun ti
masjid tuluy ka pajaratan.
Malah remen méméh munjung ka sasaha.
Lubar karasana sagala kapanasaran téh
lamun geus kitu mah. Bari teu téga ka anu réa, teu pilih sanak teu kadang. Asal
katénjona kuburan, paribasa teu nyaho rampé saawér,
diawurkeun bari ngalalar. Mun teu kitu, dibélaan maca salawat bari ngaliwat.
Kungsi sababaraha kali manggih Lebaran
kitu téh. Tur unggal bréh unggal ngarasa bagja.
Tapi éta ogé tuluyna mah nyirna dina
panyileukan. Manggih deui lebaran lain nu éta. Béda sipatna. Béda
sagala-galana.
Nu geus kapanggih tuluy leungit. Nu
kasorang keukeuh asa lain éta. Da éta geuning tunggal laas ku lawas, luntur ku
pangaruh usum, maké robah ku perbawa kaayaan.
Lebaran nu mana? |
Cenah pupujan nu mesuh raga. Nu
letah-letih kuru cileuh kentél peujit Lebaran téh nu ngandung bagjaning bagja
mah. Nu bisa metik puji sukur ka Yang Agung, takwa ka Nu Maha Suci Allah.
Da puguh moal cukup umur keur ngucap
sukur. Moal mahi puji dikir, upama dibandingkeun kana tanpa wilanganana hikmah
nugraha Anjeun-Na.
Lebaran lisanna getering ati
sanubari nu suci wening, Lebaran tétésan rasa sukma nu kumambang kana lapad la
haola wa la wuwwata.
Nu suci, nu sepi tina sawarnaning
rereged ati; ujub, ria. Jeung takabur, hiri, dengki jeung sabangsana.
Lebaran lambang nu balungbang timur,
caang padang narawangan, mulus tina basa rumeuk, geuneuk, meuleukmeuk.
Néangan Lebaran éta.
Bagjaning bagja nu geus bisa
manggihkeun.
Tina Sunda no. 16, Tahun III
10 Juni 1953
10 Juni 1953
(Disalin tina Kanjutkundang: Prosa
jeung Puisi Sunda Sabada Perang, beunang Nyusun Ajip Rosidi jeung Rusman
Sutiasumarga).
*) Syarif Amin (Moh. Koerdi), Wartawan & sastrawan
Sunda, dibabarkeun di Ciamis 10 September 1907, pupus taun 1991 di Bandung. Kungsi
jadi PIMRED Sipatahoenan, jeung sawatara nu lian. Nyerat carpon, roman,
panineungan, jeung nyadur sababaraha karya sastra. Karyana nu tos dibukukeun
diantarana: Manéhna (1965), Babu Kajajadén, Kembang Patapan
(saduran), Di Lembur Kuring (Panineungan), Keur Kuring di Bandung, jeung Saumur
jagong.
0 komentar:
Posting Komentar