Minggu, 10 Januari 2016

Sirung-sirung Harepan (Mapag Muktamar PERSIS XV)


Ku: Fikri A. Gholassahma*

Sok kayungyun upama maca dongéng atawa ngaregepkeun nu ngadongéng téh. Cék hiji kaul mah, jelema téh homo vabulans (makhluk pendongeng). Munasabah baé atuh umpama jalma resep maca, nyieun, jeung ngabandungan dongéng. Lian ti keur panglipur (rékréatif), tina pirang-pirang dongéng atawa carita-carita gé sok rajeun baé manggih unsur-unsur atikan (didaktif). Dina khazanah kasusastraan Sunda mah geus teu bireuk deui kana perkara dongéng téh. Ti barang mimiti mahabuna dongéng nu ditepikeun liwat lisan, tug nepi ka wangun tinulisna. Boh dina wangun pantun, wawacan, tug nepi ka midang dina wangun nu moderenna: novel/roman, carpon, jeung fikmin (fiksi mini). Samalah, R. H. Muhammad Musa (salah saurang sastrawan Sunda) nyusun hiji buku husus nu dijudulan Dongéng-dongéng Pieunteungeun (1912), sok sanajan eusina lain pituin karangan anjeunna.
Gambar beunang: persisalamin.com
Kungsi tibelat ka hiji dongéng jaman keur mu’allimin. Malah nepi ka ayeuna. Dongéng nu nyaritakeun hiji aki-aki, jeung hiji Raja. Si Aki nu umurna geus tunggang gunung téh melak binih tangkal korma. Meneran Raja ngaliwat ka deukeut si Aki.  Ningali si Aki nu keur kitu téh, pok baé Raja mariksa, lamun dina basa urang mah kieu kurang-leuwihna:
“Aki, naha aki téh bet melakeun binih tangkal korma? Ngala naonna? Kapan mun ngarep jeung ngadago-dago kaala buahna mah iraha boa,” pungkas si Raja bangun panasaran.
Ngadangu patarosan si Raja kitu téh, si Aki kalah mésem, bari pok nyarita, “nun gusti Raja, jalma-jalma saméméh urang geus melak rupining pepelakan. Tah éta pepelakan téh tumuwuh kalawan subur. Kakaian parantos jarangkung méh ngajaul alak paul dugi sesah diajul. Geus méré iuh-iuh geusan nu ngariuhan mangsa panas éréng-éréngan.  Teras, teu sakedik tina raweuy bungbuahanana, ngémploh héjo lalabrumbahna.  Sareng éta sadaya parantos katuang ku urang. Naha urang teu aya kereteg pikeun melak pepelakan, geusan alaeun katut tuaengeun jalma-jalma nu baris sumping saparantos urang?” waler si aki semu halon.
Paguneman Raja jeung si Aki téh dibandungan kalawan gemet. Keur sa-kuringeun mah, teu weleh matak kataji jeung nimu unsur atikan nu kacida alusna. Si Aki boga harepan nu kacida gedéna, sangkan anak-incuna atawa entragan nu baris datang, bisa ngasaan hasil tina pepelakanana. Kawasna téh ngan sakitu-kituna nu dipalar ku inyana. Teu ngarep aya nu mulang tarima. Ku urang sadaya parantos papada uninga, éta dongéng téh ayana dina kitab ipis nu judulna Bahrul Adaab, nu eusina euyeub ku dongéng pieunteungeun.
Komo geuning dina hiji hadits nu diriwayatkeun ku imam al-Bukhary mah diuningakeun, “sing saha baé diantara jalma muslim nu melak hiji binih tina hiji tangkal, atawa melak hiji binih tina sisikian, antukna numuwuhkeun hiji tangkal. Tuluy sakur nu dihasilkeun tina éta tangkal téh dihakan ku manuk, atawa dituang ku manusa, atawa dilebok ku ingon-ingon. Taya lian nu kaala tina éta tangkal téh baris jadi sodakoh pikeun nu melakna.” Tuh, dijamin jadi sodakoh.
Asana teu pati géséh jeung sepuh-sepuh urang di Persatuan Islam (PERSIS). Aranjeunna parantos melak pirang-pirang kahadéan nu ayeuna geus kaala ku urang. Ti wiwitan binih, ngaluarkeun mataholang, sirungan, tug nepi ka jadi tangkal nu akarna nanceb pageuh na taneuh, dangdaunanana luebeut héjo ngémploh, tuluy buahan. Teu ngan semet dinya hungkul, nalika daun nu kolotna ngalakay lagrag tina tangkay, mancén amanah sangkan ngahiji jeung taneuh. Jadi gemuk nu bakal nyuburkeun tangkal, diganti ku dangdaunan anyar.
Dumasar dongéng-dongéng nu geus nepi, jeung kajadian-kajadian nu kaalaman, kapan sakitu écésna guru kalih sepuh urang bajoang nanjeurkeun ajaran agama Islam ti mangsa ka mangsa. Wiwitan ngadeg jadi hiji ormas nu legal di taun 1923 tug nepi ka kiwari taun 2015. Sumanget dakwahna teu kungsi suda, najan umur geus méh salapan puluh dua taun, térés saabad. Sok sanajan naon nu diusahakeun ti mangsa ka mangsa pasti aya kakurangan jeung kapunjulanana. Mungguh di usaha manusa, taya nu campleng sampurna. Nu punjulna ulah rék dipopohokeun, anggur mah tuluykeun, alusna mah ronjatkeun. Atuh nu kurangna, kalepatanana, cuang jadikeun muhasabah malar teu ngaduakalian.  Manakomo dina  Muktamar ayeuna, meneran alus di wanci.
Talatah nu dipelak, dititipkeun ka unggal entragan, sangkan hirup nyekel deleg kana Quran jeung Sunnah nu sohéh, sangkan hirup teu awuntah, panceg dina adeg-adeg kaislaman. Nyingkahkeun pirang-pirang wereng sarupaning tahayul, bid’ah, jeung churopat nu matak ngaruksak kana pancegna akidah. Muga samudaya nu diusahakeun ku  aranjeunna dicatet jadi amalan nu saé geusan sampeureun di ahérat jaga.
Minagka wawakil ti entragan ngora, ukur biwir sambung ucap suku sambung léngkah, ngawilujengkeun kanggo Muktamar PERSIS kalih otonom taun ayeuna. Cing lungsur-langsar taya halangan harungan. Teu lali umajak ka papada entragan ngora, sasarengan rumojong sepuh-sepuh urang dina mancén amanahna. Kapan urang tos teu bireuk deui kana kasauran Syeikh Musthapa Al-Ghulayaén, “subbânul yaum - rijâlul ghâd, wa banâtul yaum-ummahâtul Ghâd”, urang baris jadi bapa, baris jadi indung. Gaganti indung jeung bapa nu jumeneng ayeuna. Nu jaga baris nuluykeun tapak lacak dakwah aranjeunna. Ulah rék dimomorékeun, nyaah, ulah dilelebar.
Teu pisan-pisan aya maksud mapatahan ngojay ka meri, éstu ngamalir tina cinyusu asta kalih. Teu pisan-pisan, inggis magar humayua. Mugi saterasna urang sadaya nyingkahan taklid buta, teu alus jeung tatangga, ogé sangkan tetep kritis,  modérnis, sakumaha nu jadi cicirén PERSIS, geusan ngamaniféstasikeun dakwah nu bisa ngungkulan jaman. Pamungkas, sakumaha disaurkeun Bujangga liwat lisan Ki Juru Pantun:
“Ditendeun di jalan gedé
Sampeureun anu ngaliwat
Anu weruh di semuna
Nu terang di jaksana
Anu rancagé di haté”
Pameungpeuk, Agustus wekasan, 2015
*) Nu nulis, alumnus Pasantrén Persatuan Islam no. 34 Cibegol (2012), dumuk di Pameungpeuk, Kab. Bandung.

0 komentar:

Posting Komentar