Sajatining Imah
Ku: Fikri A. Gholassahma
Ieu téh imah urang. Panginditan jeung pangbalikan téh kapan ka dieu, lin? Rérés kuliah, horéam kuliah, pan ka dieu jigna. Ari lain ka imah nu di lembur séwang-séwangan atawa teu boga kost-an mah. Nu mondasian, nu ngaduk, nu nyaeur, nu ngabataan, nu ngaci, nu ngecét, jeung nu ngahateupan, kapan beunag kolot jeung lanceuk-lanceuk urang. Basa urang datang mah kari genahna, kari nyicingan. Geus nyampak parabot-parabot nu mapantes éta imah. Najan ukur réskuker, kasur, bantal, simbut, jeung buku. Malah jeung seungit-seungitna sagala.
Sakapeung matak kayungyun, ku paripolah sorangan di jero imah téh. Urang lalangiran, mulak-malik lambaran buku. Sakaca, sakaca, tug nepi ka hatamna. Urusan ngarti jeung henteuna mah, teu jadi soal. Nu utama, jeung nu pang utamana mah, sangkan biasa. Tapi, komo deui mun ditungtungan ku ngarti mah. Emh, jadi kabungah keur urang. Dalah maca téh kapan paréntah pangmimitina pisan nu dilungsurkeun ka kanjeng Nabi di Guha Hiro téa. Éta ku telenges jeung keukeuh Malak Jibril. “Iqra!”, cék Jibril. “Mâ anâ biqâri”, saur nabi haroshos, bakating ku reuwas. Kacipta ratug tutunggulan jajantungna. Beu! Éta si Jibril, maksa téh teu maké ras-rasan. Béh dituna deui, éta pagawéan (maca) téh jadi cicirén manusa nu miboga kaadaban.
Lian ti éta, mindeng urang gé huleng jentul. Ranteng urat tarang, mikiran naon nu geus kabaca. Dipaksa nyabarkeun manéh, nyusun kekecapan. Sa kecap, sa kalimah, sa paragraph, tug nepikeun ka jadi sababaraha kaca tulisan. Jadi répléksi, éséy, carpon, jeung réa-réa deui. Teu cukup nepi dinya, urang sok kalah tuluy hog-hag, Ranteng urat beuheung, paheuras-heuras genggerong, madungdengkeun & nyawalakeun hasil maca jeung nulis téa.
Wanci séjén, imah téh dipaké keur pangedulan. Gigitaran, ceuceuleuweungan, silih tempas, silih élédan. Teu jarang ogé dipaké mudalkeun rupaning rasa. Kasuka, kabungah, kasusah, kapeurih, remen jadi jejer carita. Sabari ngudud jeung ngopi. Awahing ku mindeng, urang méh baé poho, an sich jadi duduluran. Dulur pet ku hinis. Teu maliré, anak ibu-bapa saha, urang ci naon, jeung sékté naon. Atuh mun silih lédék partéy, tampolana semet dina biwir hungkul, ulah teuing dimanahan.
Demi urang gé geus papada nyaho, imah téh éstu basajan pisan. Parabot nu aya téh titinggal ti lanceuk-lanceuk post nu geus teu matuh deui di ieu imah. Tapi kapeung sok ngaranjang, ngabagéakeun ka nu anyar ngeusian ieu imah. Réskuker jadi parabot nu fardu’aén éksisténsina. Da, bangga atuh kapan maksakeun maca, nulis, jeung sawala, ari beuteung murulit, jumerit ku cara kukurubukan. Cék sakaol, lir bengsinna mun dina mobil téa mah. Nu ahéng, cenah lanceuk-lanceuk urang, kapan bébélaan ngalanggan promah ari euweuh-euweuh teuing mah. Tapi, rajeun aya baé keur gaganjel peujit téh, enya gé teu saban waktu. Alhambulillah, sakitugé udah uyuhan.
Upama dipaluruh, nyoréanng mangsa katukang, ieu imah kawilang rada umuran di sabudeureun aréa Ci Kampus téh. Geus lumayan ledug ku dampal tapak jalma nu lar-sup ka ieu imah. Meureun geus aya welasan entragan nu kungsi jadi pangeusina, méméh urang datang. Pasti, rupa jeung kelir tiap entragan téh béda-béda. Apal ka saha-sahana nu kungsi ngeusian imah (Najan teu kajujut sadayanan), nya ti Ki lanceuk sadaya-ku anjeun. Nu haat mangdongéngkeun jeung metakeun gurat-gurat tatapakan pangeusi imah méméh urang. Deuih, tina buku Oposisi Réskuker ku alpukahna Bang Buleudz. Rékaman pirang kajadian, mangsa inyana jadi pangeusi ieu imah. Sangkan teu pareumeun obor teuing. Kagambar, najan saenyay-saenyay.
Imah téh leutik, tapi camperenik. Teu diraéh-raéh, éstuning basajan. Saayana pisan. Karpét nu sok dipaké dahar, saré jeung maca téh, bangun nu satia marengan. Asbak nu pinuh ku calacah nu méh ngagunung, kap-akua gelas di geigireunana, tara ieuh kukulutus. Pédah dipaké ngawadahan kopi hideung, jeung pirang-pirang kecap nu mawur tina sungut urang. Nu mancawura, patingsoléngkrah, jeung nguap jadi hawa di sajeroeun imah, tuluy ilang teuing ka mana.
Kitu-kitu gé kapan geus kagok katohyan ku balaréa. Ieu imah téh dipiharep jadi cukanglantaran ngabijilkeun pirang mataholang inteléktual (bil khusus dina jagat Kaislaman) nu milu ngeuyeuban jagad Kaislaman ku rupa-rupa sawangan. Pon kitu deui, baréto urang gé hayang jadi pangeusi imah ieu téh nawaétuna ti dinya (najan teu mustahil aya nu béda gé). Kadesek ku asumsi éta, atawa ku kasadaran diri sorangan, daék teu daék kudu tanggung jawab. Kudu ngarumasakeun manéh jadi pangeusi éta imah, ngajaga-ngariksa tur milu mikiran kumaha pikahareupeunana. Kapan, bakal aya nu baris datang sapandeurieun urang. Nu teuing isuk atawa pagéto, ngeusian ieu imah.
Ti barang jadi mataholang intelektual (harepan urang) Kaislaman, nu nyanghareupan médan jurit di aréa Ci Kampus, tug nepi ka nyanghareupan maha-rohang antara beungeut bumi jeung kulit langit nu legana sapameureunan—kitu kapan ceuk sastrawan Sunda Wahyu Wibisana mah—urang téh keur nyusun léngkah, nincakan hambalan psrosés kahirupan. Nya ti ieu imah panginditanana. Rangkujung méméh jung, nyorang rupaning kajadian di poé ayeuna jeung isuk (mun enya mah aya kénéh jatah umur).
Kahayang mah, hiji mangsa, méré titinggal keur anu isukan baris datang. Pangeusi anyar éta imah. Najan teu réa, jeung bakal jauh tina sampurna. Paribasa najan ukur sagedé tongo, tapi taya lian nu dipalar téh susuganan aya mangpaatna keur ieu imah katut pangeusina. Atuh urang gé ngarumasakeun, sok aya baé bobo sapanon-carang sapakan mah. Neda tawakupna baé. Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan. Wilujeng milangkala, LPIK (élpik), nu ka XIX. Imah urang, imah post (lanceuk awéwé-lalaki & amang) urang. Imah nu bakal dieusi ku nu baris datang sapandeurieun urang. Mugia baris mampuh ngigelan jaman. Nyanggakeun sabrang salayar, lebet ka cabé mah henteu. J
*Kamar Kecil (sékré élpik), 14-15 Mei 2015.
Urang, kurawa élpik.
0 komentar:
Posting Komentar