Ku:Fauzal Ihsan*
The Author |
Hiji mangsa kacaritakeun aya jalma nu katelah Abah Yaksa. Teuing
kumaha caritana éta jalma beut disebut yaksa, padahal nalika di tilikan awakna
mah teu kaciri rék piwijaksanaeun. Ceuk béja mah éta jalam di babarkeun poé
Rebo dina mangsa tujuh welas Agustusan. Sabaraha poé ti babarna éta jalma,
ramana, nu kagungan wasta Sudra maparin jeneng Surup ka manéhna. Lain teu
alesan bapana maparin jeneng Surup ka éta budak. Sudra geus ngetrukeun tarékah
pikeun néang wasta nu cocog, malahan Sudra geus malakiahan ka dukun néang
ngaran nu sapagodos jeung poé mangsa dilahirkeun éta budak. Mangka teu kungsi
lila ti borojolna budak tina gua garba ibuna, Sudra maparin wasta Surup.
Alesannana surup téh mangrupkeun ngaran nu kacida éndahna, salian ti éta surup
ogé biasa di larapkeun ka panon poé nu geus warna konéng wangkid (kira-kira)
jam genep soréan. Surup ogé dilarapkeun ka sakurna perkara nu asup kanu perkara
lain, contona ruh nu surup dina raga. Harepan Sudra yén budakna bakal pijadieun
jalam suksés, alatan sakabéh pangaweruh, pangabisa, jeung kahadéan bakal nyurup
dina diri manéhna.
Ayeuna Surup geus nincak
umur nu ka duapuluhlimana. Manéhna hirup ngumbara ti mimiti umur lima welas,
alatan ramana (Sudra) nitah indit sajauhna pikeun nyiar élmu pangaweruh. Geus
lima welas taun Surup nyukcruk jalan pikeun nyiar élmu. Ti mimiti nyakola di
Paguyuban, tug nepi ka guguru ka tukang tapa. Salila hirup, Surup ngarasakeun
pirang-pirang kasedih, utamana susahna nyiar kadaharan. Harita, teu béda jauh
jeung jaman Orba taun 1998, nalika sagala rupa serba mahal, sahingga di sebut krisis
moneter.
Surup hirup saayana, can
kungsi kacaritakeun manéhna dahar di tempat ahéng, tur tuang kadaharan nu
mahal. Mangsa jalama beunghar ngagunakeun kudana pikeun indit kamamana, Surup
mah ngagunakeun sukuna. Kamamana tara maké sandal, lain kunanaon, da puguh teu
boga duit pikeun meulina. Tong boraah sendal, kadaharan ogé sapinggih,
sapanimuna. Mun harita jalma-jalma disibukkeun ku perkara individual, timimiti
raksukkan tug nepikeun ka kandaraan kudu alus, Surup mah saayana, kadang
manéhna make baju nu angger salila tilu minggu, da puguh baju gé meunang hasil
baramaén. Surup leuwih mirip jeung Sokratés nu di caritakeun ku Xenophon.
Sokratés teu lewih mentingkeun hadéna raksukan batan hirup wijaksana. Sakabéh
hirupna, Sokratés ngetrukeun tarékah pikeun nyiar kawijaksanaan.
Dina umur nu kawilang
ngora, Surup katelaha ku ngaran Abah
Yaksa. Dina hiji carita nu can dipaluruh mah, Surup di paparin gelar Abah Yaksa
téh, alatan kawijaksanaanna. Jeung ceuk hiji béja ogé, Surup di telahan Abah
Yaksa alatan manéhna kungsi jadi jaksa nu nungtut jalma di pangadilan. Mangka
singsaha baé anu nampi warta ti manusa, wajib pikeun manéhna maluruh benerna
warta éta. Tapi, nalika maluruh jeung nyukcruk carita Surup, kacida héséna,
sahingga versi-versi éta can di anggap bener ayana. Tapi nu jelas, Surup di
paparin laqab Abah Yaksa, kusabab nyokot tina kalimah wijaksana, nyaéta jaksa.
Kadang mah, di bahasa Jawa, hurup “j” sok di larapkeun kana hurup “y”, sahingga
jaksa, jadi yaksa. Tah ti mimiti harita meureun cukang lantaran Surup di sebut
Abah Yaksa téh.
0 komentar:
Posting Komentar