Selasa, 29 Desember 2015

“Cocooan” (réfléksi kabeurangan panungtung taun 2015[I])



Ku: Fikri A. Gholassahma



"to infinity and beyond" --- Buzz Lightyear



Nu maturan ti leuleutik

Buuk geus méh saparapateun tonggong. Geus asup kategori ‘rambut panjang’, dumasar kategori ‘rupa-rupa sebutan keur buuk: disawang tina jihat panjang-pondoknana’, meunang ngarumuskeun syeikh Zaramozoé. Keun, moal waka dicukur sataun deui waé mah. Sina ngarumbay nutupan tonggong. Sugan kaumuran tagé.

Teu karasa umur geus nicak salikur. Asana mah geus loba nu robah. Ti mimiti kabisa, karesep, sawangan hirup, jeung réa-réa deui. Susuganan kabéh nuju kana perkara nu aya mangpaatna keur awak sakujur, jeung jalma sabudeureun. Nya, atuh mudah-mudahan.

Mangkukna, teu kahaja ngulinkeun rémot tipi nu keur nganggur. Biasana mah mun keur di imah, tara ngahajakeun lalajo tipi kawas baheula keur budak. Ti wanci bada magrib nepi ka sareureuh kolot, rémot dicekel ku kaum hawa nu aya di imah. Mun teu lalajo sinétron, biasana maranco lalajo acara pamintonan kabisa: ti mimiti akademi dangdut tug akademi musik pop bergengsi. Keur sauingeun mah, matak bosén hirup di alam dunya. Kitu jeung kitu baé nu kasaksian saban peuting.

Asana mah di nagara urang, krisis pisan acara tipi nu ngandung unsur rékréatif sakaligus didaktis téh. Bisa diitung kénéh ku ramo. Padahal, dina wanci-wanci éta (bada magrib nepi bada isya nu cék basa légégna mah prime-time), wanci nu cocog keur mintonkeun program tivi anu ceuyah ku unsur atikan. Sab, ti mimiti budak olo-lého, nepi ka kolot nu rarémpo, ngumpul ngariung dina waktu éta. Di dieu kawasna dibutuhkeun kasadaran ti sakabéh pihak, supaya naon nu disebut literasi media, bisa kahontal.

Basa keur jongjon mindah-mindahkeun chanel, teu kahaja manggih film Toy Story II. Geus teu asa jeung jiga deui ka film ieu mah. Ti barang mamaké saragam beureum bodas gé geus kalalajoanan. Samalah, kungsi boga hiji action figure dina film éta. Buzz Lightyear, figure astronot nu jadi salasahiji tokoh protagonis film Toys Story. Paréré ti Uwa Jakarta. Kétah, teuing nu tatangga kitu, poho deui. Ngan, ti barang wiwitan lalajo éta film, geus teg baé na haté: “nu kieu yeuh film alus téh!”

Toy Story téh film nu disutradaraan ku John Lasetter, dijieun ku Pixar, dirilis ku Walt Disney Pictures jeung Buena Vista Distribution di Amerika Serikat tanggal 21 November 1995. Basa 2010 nu geus kalarung, sekuel ka III film ieu suksés ngéléhkeun film kaluaran Pixar nu séjén, Finding of Nemo, nu harita jadi film terlaris nu kungsi diproduksi ku Pixar. Cenah, Toy Story IV  bakal medal di taun 2017 engké. Nya keun cuang dagoan baé.

Keur uing sauingeun, aya sababaraha perkara nu matak kataji kana alur carita ieu film. Kumaha prakprakanana cocoan—nu salila ieu dianggap benda mati, teu nyawaan—mintonkeun carita maranéhna nalika keur teu dipaénkeun ku nu bogana. Maranéhna hirup, ngobrol jeung sasamana, boga rasa, jrrd. Nu ahéng pisan mah, nu katangkep dina carita ieu, kumaha jerona rasa nu dipiboga hiji cocooan ka nu bogana, jeung ka sing saha baé nu ngulinkeun manéhna. Atawa kumaha sedihna nalika maranéhna geus teu dipaliré deui ku nu bogana, sab, nu bogana geus mulai tumuwuh manjing ka balég. Geus boga dunya séjén nu kudu dialaman. Dunya rumaja, misalna.

Saliwatan mah kawas nu kajadian dina carponna Kang Godi Suwarna, nu judulna “Uwak-awik”, dikumpulkeun dina antologi carponna, Murang-maring (1980). Nyaritakeun kumaha wayang golék nu nyieun konspirasi rék mulihkeun kasakit ka dalangna. Nu sangeunahna ngusik-malikkeun maranéhna di tiap pintonan/pagelaran wayang. Pan ngeri, Lur! Kajadian ieu, mun dina film Toy Story mah aya dina sekuél ka III, nalika Woody & Buzz sabatur-batur, panggih jeung Lotso, boneka biruang, nu boga rasa kuciwa ka nu bogana. Ngan teu nepi rék maéhan nu bogana wé, teu jiga nu kajadian dina carpon “Uwak-awik”na Kang Godi Suwarna.

luncat ka alam rumaja, maranéhna tinggaleun

Kayungyun ku girohna Woody & Buzz sabatur-batur, nu boga pamadegan ‘sanajan nu bogana geus déwasa, tapi maranéhna moal ngijing sila béngkok sinembah ka nu bogana’. Nepikeun maranéhna diwariskeun deui ka budak (nu teuing saha jeung urang mana), jaga baris jadi batur ulin maranéhna. Kapan, nepi panungtung carita dina sékuél ka III, Woody jeung Buzz sabatur-batur, masih satia maturan Andy nu geus kuliah, tur poho ka maranéhna. Pamustunganana, Andy mikeun kabéh cocoanana ka budak awéwé tatanggana.  

Nu kamari karasa nyeunyeuitan pas lalajo Toy Story II, meneran di scene Jessie—koboy awéwé nu bakal aub jadi cocoan Andy di sékuél ka III—nyaritakeun pangalaman manéhna nalika dipopohokeun ku nu bogana, baheula. “Anak-anak yang selama ini bermain denganmu, mereka akan tumbuh dewasa, mulai berdandan, punya pacar, dan akhirnya melupakan kita…”, kitu kurang leuwihna mah.

Nu tinggaleun mangsa luncat (gambar beunang: Googlé)
Sapuk pisan kana pamadegan Jessie. Kailaharan budak nu manjing ka balég téh, bakal ninggalkeun rupa-rupa hal—karesep jeung kabiaasaan nu dianggap—bubudakeun. Kaasup ngulinkeun cocooan.  Dina mangsa keur meujeuhna hayang katanggar ku lawan jenis, individu nu tadina cuék téh mulai ngusahakeun sangkan katinggali cool. Miceun rupa-rupa kalakuan mangsa keur budak, da sieun dibéré title bolon atawa bubudakeun. Kuring waé nu kaasup telat dewasa (kelas 6 SD masih remen mangkal jeung ruang-riung di tukang cocoan hareupeun sakola), antukna mah luncat ogé. Ninggalkeun maranéhna nu ayeun teuing di mana boa.

Kiwari nalika umur nu geus salikur, uing geus boga kaulinan anyar. Alatan faktor karesep jeung lingkungan, kaulinan ayeuna téh teu jauh jeung dunya literasi. Buku, ngaran tokoh-tokoh daérah, nasional, jeung dunya katut nu diusung ku maranéhna. Acan ari dalit pisan mah, komo nepi kawas pet ku hinis, jauh kénéh. Karak wawanohan hungkul. Robah kala, robah karesep jeung cocooanana.

Mangsa keur anteng jeung sababaraha ngaran ti aliran stukturalism, dadak sakala maranéhna ngalangkang dina lamunan. Rupa-rupa jenis cocooan nu kungsi dipiboga, ti barang rorobotan, pepestolan, momobilan jrrd, ngéngklak dina kongkolak panon. Deukeut pisan. “Boa cocooan uing gé kitu”, ceuk na haté. Nu leungit dipaok babaturan, atawa nu lapur palid kabawa banjir, jeung—nu pangpahna mah—nu ku kuring kapopohokeun basa kuring luncat ka alam rumaja. Meureun saronoeun, meureun arambekeun. Deudeuh teuing, hampura, sobat. Sobat nu teu kabawa luncat, mangsa waktu jongjon nyanggi silalatu.***


Cilembur, 29 Désémber 2015.



[I] Ieu tulisan répléktip téh hiji sékuél tina trilogy tulisan panineungan uing. Keur mitineung naon baé nu geus kalarung. Nu dua deui baris nyusul.

0 komentar:

Posting Komentar