Kamis, 10 April 2014

Dangding Haji Hasan Mustapa




Kinanti - “Puyuh Ngungkun dina Kurung” (I)

Puyung ngungkun dina kurung,
titiran dina solasih,
hayam lain, meri lain,
areuy gereng areuy kentang,
pageuh tali angrit deui.

Hayam tilu genep suku,
kalapa dua satali,
hayam beureum diteukteukan,
ku keris Akii Maranggi,
sada ketuk sada kendang,
sada goong warna warni
.
Bandung situ bandung situ,
tambakan Ciawitali,
beunteur beureum dodoyongan,
jalanna ka rumpak jami,
akar jeruk parumpungan,
dipake nyayang japati.
{hanca…}
 _____________________________

(Hasan Mustapa Jeung karya-karyana – Ayip R: kaca: 91: Pustaka).

0 komentar:

Posting Komentar