Ku: FAG
( I )
Dawuh Agan nu curam-caram
Watak angkuh kawas ririwa
Aduh alah éta 'jam malam'
matak ripuh ka mahasiswa. (lain keur mahasiswa kukupu, pastina)
(II)
Béja soméah ka sararéa
Geuning, horéng polontong nu aya.
Béja kasapukan balaréa.
Geuning, horeng, DULHONG wé nu aya. (Abong létah teu tulangan...)
(III)
Cenah runtah teu kapaké
ku nu meuntas dipiceunan.
Ongkoh nya nitah rancagé
Fasilitas diheureutan. ( ah, teuing teu kaharti!!)
(IV)
Lontong kari di mang Atip
cobi, moal matak sawan.
Abong kéna ka nu laip
Marukan moal ngalawan. (Eh, aslina koflok!)
(V)
Sabun keur ngawasuh geugeuleuh.
angseuan lain dilamotan.
Lamun AGAN keukeuh peutekeuh.
Dagoan, diserbu pasukan! (uluh, matak jadi kieu pan ku gadag Sia!)
***Haturan ka sadayana nu bajoang pikeun gedong SC, mugi salawasna dina panyalindungan Gusti. Nu ngaranté, nu mareuman listrik, nu "mengebiri" kréatipitas, jeung nu Ngaluarkeun "Sk jam malam", cing leuleus waos miwah gagang siwurna. Aamiin...ah
(Pameungpeuk, janari leutik)
0 komentar:
Posting Komentar