Ku: Fikri A. Gholassahma
Geus lila teu bucu-baca perkara nu
patula-patali jeung basa Arab. Dalah maca Kuran gé jarang nataku, ari lain
manggih aya nu nyutat dina buku atawa artikel mah, jajauheun ka ngahajakeun
maca. Saperkara éra ku diri sakujur, ana lalampahan téh beuki sasab baé. Jeung
rupa-rupa wé gogodana mah. Démi nu sejénna, nya éra ku kuring sorangan mangsa
sababaraha taun kalarung. Nu kungsi soson-sonon ngalarapkeun aqraa Qurānan
kulla yaomin téh. Kitu téa ari jelema, aktsara syain jadala (loba
pisa alesan) dawuh Kanjeng Nabi gé.
Atuh
ari kereteg keur babalik pikir mah sok rajeun aya baé, ngetrokan saban haté
keur simpé. Kapeung semu nu ngagegedor, lir ngahudangkeun sangkan geura
nyaring. Nya kitu deui baé, sok ngupahan manéh, pajarkeun aya kénéh poé isuk.
Padahal, isuk jaganing géto, saha nu nyaho, kumaha boa.
Nya
antukna maksakeun manéh. Ngalalanyahan diri nu geus teuleum na sagara kakedul,
nu geus sasab di leuweung horéam. Cék kolot gé, “nété tarajé, nincak hambalan,”
disambil wé, da nungguan purun mah iraha boa. Nu dipalar téh mudah-mudahan bisa
dawam.
Aya
jalan komo meuntas. Pun paman (kapi adi pun biang), nu kakasihna Sena Zaéni
Aqwam, nu jadi wasilah keur ngadeukeutkeun deui kana adat ngaji téh. Kaluaran
hiji ma’had anu mémang sapopoéna idek-liher jeung basa katut budaya
Arab. Samalah nepi ka meunang titél mumtaz sagala (ulah gujrud ka
sasaha deuinya! Sok ngambek mun disebut kitu téh). Méré isarah yén manéhna boga
waktu nu salsé, dipaké ngaji wé cenah, pormatna tadarus, babarengan.
Ari
ilaharna mah ngaji kitab alat (bangsaning nahwu, shorof jeung érab), maké
rujukan Jāmi’u ad-Durūs beunang nulis Syéikh Mustafa Al-Ghulayaén. Nu quotes
ti anjeunna kungsi popilér jaman kuring keur nyantri baheula, napel dina
bét saku dada kénca, “subbānu al-yaum, rijālul ghād (ari nonoman di
poé ieu téh, baris jadi bapa di poé isuk, kitu kurang-leuwih tarjamahanana).”
Mun
henteu ngaderes éta, nya kitab tapsir nu bakal dipilihna. Deuih, emang boga hanca ngaji kitab tapsir, judulna Shafwatu
Tafāsir, yasana Imam Muhammad Aliy as-Shābuniy, jeung ajengan Ridwan ti
Bojongwaru. Geus lila kuring absén alias mabal teu ngilu ngaderes. Pun paman wé
nu leukeun mah.
Ngan
lebah nu ayeuna mah, kuring nu dibéré kawasa keur milih rék ngaji naon.
Ngabébénjokeun ti dituna mah meureun. Ras inget sababaraha bulan katukang,
méméh puasa asana mah, kuring manggih opat (teuing lima, inget-inget poho),
buku tarjamahan Alf Laylah wa Laylah, nu disundakeun/dipasieup (sab nepi ka kiwari can aya tarjamahan sabeuleugeunjeurna tina téks asli) ku
pangarang Sunda kawentar, Moh. Ambri (nu ngarang roman Lain Éta, Numbuk di
Sué, jrrd) & R. Méméd Sastrahadiprawira (nu ngarang roman Mantri
Jero jeung Wira Pakuncén), duanana gé pangarang Balé Pustaka, masing
masing buku téh dijudulan Carita Sarébu Samalem, subjudulna mah aya rupa-rupa,
aya nu judulna Palika jeung Jin; Istri Pelit; Buah Kholdi; Anis Aljalis, jeung sésana nu kuring poho deui. Teuing ku olo-olo, asa teu apdol mun langsung
maca tarjamahanana téh, hayang maca heula teks aslina. Antukna éta buku téh
nepi kiwari can dibaraca.
Teu
dililakeun, kuring langsung ngiberan Yuris Fahman (balad salembaga di cikampus,
sakapeung jadi batur curhat, kapeung ogé jadi guru keur kuring, padahal umurna
mah sahandapeun dua taun ti kuring), nu boga kahariwang sarua, duméh geus rada
arang pagilinggisik jeung literatur basa Arab. Padahal, pada-pada kungsi
masantrén. Éta ku resep ngabandunganana, keur harééng inyana téh, tapi
maksakeun datang. Da kawantu ku hayang pisan ngaji.
Meneran
alus di wayah, sumping ogé tamu ti Margaasih, Mang Jajang (kakasihna mah Iman
Hilman, ngan sakainget wé hayang digentraan Jajang). Sarua ieu gé, lanceuk
kuring; sapangaresep jeung nya kitu téa, sok rajeun jadi batur curhat, sok méré
kamandang ka kuring keur nyinghareupan kasusah.
Dasar
ari jelema, bener wé cék sakaol mahallul al-khatha’ wa nisyan (tempat
salah jeung poho) téh. Pun paman kalah ka érék ka gunung, meneran di malem
jadwal ngaji nu mangkukna geus dipasinikeun. Dalah dikumaha, sab mustami jamaah
pangajian geus daratang, antukna bolay ka gunungna.
Dimimitian
ngaderes muqaddimah(prolog/panganteur)na. Kitab Alf Laylah wa Laylah nu
dideres ku kuring sararéa, dipedalkeun ku Dar Shader Publishers, ti Beirut,
Libanon. Citakan ka dua, taun 2008. Aya dua jilid asana mah. Biasa, beunang
ngundeur ti internét, da cék cenah,
hésé nyiar kitab citakna mah. Ah, kateuing da teu kungsi nyiar barina gé.
Dina
bubuka éta kitab, nu dipanganteuran ku Doktor ‘Afif Naayif Hathum (mun teu
salah macana, hiji dosén di Universitas Al-Libanoniyyah), ditétélakeun yén Alf Laylah wa Laylah téh kitab nu geus kakoncara sa alam dunya. Duméh nu macana
gé lain urang Arab wungkul, nepi ka urang Éropah gé nyarahoeun tur raresep kana
carita-carita dina éta kitab, nu judulna jadi Arabian Night atawa Thousand
and One Nights. Geus loba ditarjamahkeun ka saban
basa nu aya di alam dunya, kaasup Sunda.
Gambar jilid kitab Alf Laylah wa Laylah citakan Dar Shader Publisher |
Dina
paragrap-paragrap mimiti, Doktor ‘Afif ngabahas perkara linuhungna Alf Laylah wa Laylah minangka hiji karya sastra jaman harita. Tuluy
madungdengkeun para al-muhadditsīn (kritikus sastra), nu boga tarékah
nyukcruk saha-sahana nu ngarang ieu carita. Naha hiji jalma, atawa carita
sababaraha jalma. Jaman iraha manéhna hirup, tuluy di mana diwedalkeun jeung di
mana dumukna.
Bangun
nu bangga cenah ngumpulkeun katrangan ngeunaan saha pangarang ieu carita téh. Lir
ibarat hiji budak nu nangtung sisieun jurang di basisir, ngumpulkeun ci sagara
nu lega ku ramo-ramona, ari nu nyésa ngan saukur cai nu nyangsang dina kukuna (muqaddimah Alf Laylah wa Laylah, kaca ka 2). Kitu kurang-leuwihna nu
dimisilkeun ku Doktor ‘Afif, keur ngahambarkeun banggana tarékah para kritikus nu
ngumpulkeun data ngeunaan pangarang ieu kitab.
Tuluy
wéh manggih cahaya, najan saenyay-saenyay, yén nu ngarang téh kakasihna
Syahrazād (najan ieu gé masih spékulasi ti Doktor ‘Afif kuanjeun). Ka dituna
mah madungdengkeun ari Syahrazād téh urang mana. Aya nu boga kamandang yén
inyana téh urang Pérsia. Duméh karakter-karakter nu maraén dina éta carita téh
loba ngaran-ngaran kawas urang Persia, kayaning Syahriyār jeung Syah Zamān.
Aya
ogé nu keukeuh peuteukeuh ngabogaan pamadegan, yén nu ngarang éta kitab téh
urang Arab asli, boh pameunteuna boh lisanna. Nya éta meneran wewengkon Mesir.
Deuih, dikuatan ku alesan yén, nu ngarang dina bubuka galuring caritana maké
bubuka tahmid, alhamdulillahi rabbil ‘ālamīn, … jeung saterusna, nepi
ka ammā ba’d. Ogé aya nu keukeuh peuteukeuh nganggap yén ieu carita téh
asalna ti Persia jeung India.
Tah
sakitu heula rupina mah nu bisa katuliskeun ku kuring. Kapan macana gé karék
sababaraha kaca, muqaddimahna gé can bérés. Atuh ku kitu ku kieuna, ieu
karya téh mémang lain karya joré-joré. Teu bisa disakompétdaunkeun. NJ
Dawood dan William Harvey dina
bukunya nu dijudulan Tales from the Thousand and One Nights ngécéskeun yén Carita Sarébu-Samalém téh mangrupa
sastra épik nu asalna ti tilu rumpun kabudayaan dunya; India, Pérsia, jeung Arab. Tayohna mah masterpiece ieu
karya téh. Cag sakieu heula anu tiasa kapihatur, teundeun di handeuleum sieum,
tunda di hanjuang siang, paranggi nyokot tinggalkeun.
Hanca***
(Pameungpeuk,
janari mimiti sasih agsutus, di luar hujan ngaririncik, 2016)
0 komentar:
Posting Komentar