Ku: Fauzal Ihsan
Saban poé Kemis, Abah Yaksa ngaluangkeun waktu pikeun niiskeun sirah
tina sarupaning perkara nu nimpa ka manéhna. Kabeneran, saacanna, dina
poé Rebo, Abah Yaksa kungsi paadu urat, pasalia paham jeung lurah nu
dumuk di kampung wétan. Pasalia paham éta di mimitian ku kajadian nu
ngageunjleungkeun kampung. Abah Yaksa nu dumuk di kampung Tunggul belah
kulonneun kampung Reunggas, imahna Lurah Sapto nu gétréng jeung Abah
Yaksa téa.
Ari Sapto téh kolot nu ngumbara ka Sunda, sabenerna mah manéhna asli
urang Madura, dina pangumbaraanana, manéhna ngahaja cicing di daérah
Reunggas, sabab harita, dina usum pamilihan lurah, manéhna nyalonkeun
jadi pamingpin di daérah éta. Anapon alesan kadua manéhna dumuk di
kampun Reunggas, nyaéta garwana anu kagungan jeneng Surtih mangrupa
kembang desa nu asli urang kampung Reunggas. Ceuk béja mah, Sapto bisa
meunang jadi lurah téh alatan kawasana nu bisa ngayakinkeun rakyat
harita ku cara sentak-sengor.
Dina pangumbaraanana, Sapto teu leupas tina masalah ribut jeung papada
manusa. Kacaritakeun dina hiji mangsa manéhna kungsi ngarogahala budak
cikalna Pulisi. Sahingga nalika jadi buron, Sapto ngajalin kakuatan
jeung kumpulan préman nu aya di sakuliah desa tempat dumukna Pulisi éta.
Tapi najan geus ngumpulkeun loba préman gé, tetep Pulisi mah leuwih
kawasa, sahingga –hayang teu hayang– manéhna kudu gagancangan nyingkah
ti désa. Lila jadi buron, manéhna ujug-ujug bijil di kampung Reunggas,
di belah kiduleun Sancang, jeung di belah wétaneun kampung Tunggul,
neupi ka kakawinna jeung kapilihna jadi lurah.
Perkara nu ngageunjleungkeun éta dimimitian ku lobana kajadian maling di
daérah tempat Sapto ngawasa. Dina hiji mangsa pamuda nu teuing saha
ngarana, di tuduh jadi tukang maling. Éta pamuda teh pangumbara nu
hirupna nyémah. Dina waktu saminggu, manéhna pundah-pindah tempat ka
tiap masigit. Jalma di sakuliah masigit sok bungah nalika di sumpingan
ku pamuda modél kitu, hartina, masigit nu tara di piroséa ku jajaka
jeung wanoja désa, geus aya nu paduli, nyaéta pamuda nu ngumbara téa. Di
sagedengeun éta, manéhna gé sok ngahaleuangkeun ayat Quran, nu lamun di
baca ku éta pamuda, warga ngarasa tentrem ayem. Tapi saprak éta pamuda
luuh di kampung, warga sok kaleungitan duit. Kajadian éta, saprak
nyémahna pamuda jeung ngilu-ulubiungna éta pamuda kana urusan
pamaréntahan masyarakat.
Harita, Lurah Sapto, ngayakinkeun warga wiréh pamuda éta pisan anu
maling duit. Sapto nyarita ka warga, ku teudeung-ludeng tanpa borangan:
“Warga sadaya, ieu jalma nu ngarusak moral pamuda di ieu tempat. Ieu
pisan jalmana. Manéhna ngawadul jadi ahli masigit, manéhna teu jujur
nalika ngomong ikhlas mantuan pamaréntah satempat. Sok ayeuna geus ébréh
ka urang sadaya yén ieu jalma téh bener-bener salah, urang sadaya teu
bisa ngantep manehna cicing, genah, jeung tumaninah di dieu. Hirup hasil
nipu ka papada manusa. Simkuring yakin yén jalma ieu pisan nu maling
duit warga. Buktina nu loba leungit téh jalma nu dumukna sabudeureun
masigit.”
Sapto leuwih sumanget nyarita, malah mandar manéhna beuki tarik monyongkeun congorna:
“Para wargi sadaya, kanyataan geus nembongkeun sihungna ka urang. Geus ayeuna mah urang gebugan jalma ieu.”
Nalika Lurah Sapto sumanget ngahasut warga pikeun ngagebugan, bahkan
ngarogahala pamuda éta, Abah Yaksa datang. Teu disangka ku Lurah Sapto
harita yén Abah Yaksa rék hadir di éta tempat. Abah Yaksa nu kakoncara
ku sakuliah désa ngaakibatkeun ratug tunggulan hulu angen. Manéhna sieun
ku datangna Abah Yaksa téh bakal ngabubukeun rencana nu ku manehna
disusun, nyaéta ngusir jeung numbalkeun pamuda tadi jadi tukang maling.
Tapi kagok éra, Lurah Sapto tuluy ngomong, beuki ngadedet pamuda éta,
tanpa maliré sanajan harita haténa ngarasa ratug alatan datangna Abah
Yaksa.
Sapadamayan Abah Yaksa nembalan ucapan Lurah Sapto
“Punten, Lurah, simabdi dongkap ka ieu tempat sanés ngahaja nyampur
urusan batur. Simabdi teu dihaja ngaliwat ka ieu tempat. Singhoréng
simabdi nguping salira ngahakiman ieu pamuda.”
Abah Yaksa ngetrukeun tarékah pikeun nyarita handap asor ka Lurah Sapto. Abah Yaksa nimbalan deui caritana:
“Kieu pa lurah, bawi rasa salira teu adil upami ngahakiman ku sapihak wungkul.”
Ngadéngé ucapan kitu Lurah Sapto ngarasa disinglarkeun harga dirina,
manéhna asa dicoo gado ku budak. Tapi Sapto oge mikir dua kali, najan
Abah Yaksa leuwih ngora batan manéhna, tapi Abah Yaksa ngaruh pisan di
tempat éta, malahan ceuk beja mah kasakténna nu ngaakibatkeun Abah Yaksa
jadi dipihormat. Ceuk béja ogé yén Abah Yaksa téh mibanda ajian nu bisa
ngalunturkeun kulit ku rapalan nu di ucapkeun, da puguh manéhna geus
guguru ka tukang tapa.
Tapi Lurah Sapto maksakeun manéh pikeun ngawujudkeun wawanénna. Lurah
Sapto nyadar ku jurus “sentak-sengor”na moal neurak ka Abah Yaksa mah,
tapi manéhna gé nyadar, lamun ucapan Abah Yaksa teu di palire ku sentak,
manéhna moal bisa ngayakinan deui ka warga. Manéhna maksakeun manéh
pikeun nuar ucapan Abah Yaksa, malahan teu kungsi lila ti Lurah Sapto
nembalan ucapan Abah Yaksa, manéhna ngajak ngadu élmu raga ka Abah
Yaksa, manéhna kapalang éra geus kasebut ngawasa daérah Reunggas,
manéhna kapalang kagok geus nantang Abah Yaksa.
Abah Yaksa teu langsung nedunan kahayang Sapto, tapi alatan Sapto
mamaksa, nya tanding élmu geus teu bisa dibatalkeun. Ngan ngabutuhkeun
waktu lima menit pikeun ngelehkeun Sapto. Abah Yaksa ngarapalkeun
sababaraha ucapan hasil guguru ka tukang tapa, manéhna malakiahan pikeun
ngalumpuhkeun lawan nepi ka Sapto labuh ngadadak, teu bisa hanjat deui.
Abah Yaksa ogé bisa nyabéréskeun perkara nu ngageunjleungkeun warga
salila saminggu téa. Éta pamuda aman. Manéhna bisa ngumbara deui ka
tiap-tiap masigit. Jeung warga teu katimpa hareudang-bayeungyangna
hasudan Lurah Sapto.
Saperti biasa Abah Yaksa sok nisskeun sirah dina poe Kemis. Manéhna
ngarunut kajadian ku cara muhasabah. Biasana manéhna ngayakeun muhasabah
di karang laut. Harita Kemis, wanci geus nuduhkeun jam 11 peuting. Dina
muhasabahana, galura ujug-ujug pagulung-gulung, jiga aya tangan nu
ngawasa sagara cai. Manéhna hémeng nalika nempo cai nu pagulung-gulug
gede, jiga nu rék nimbulkeun tsunami, sapadamayan bijil ti laut
nu pagulung-gulung galurana, manusa gagah, manéhna leuwih ngabentuk
jiga Buta Hejo. Dadak sakala Abah Yaksa teu boga kasaktén, manéhna teu
daya teu upaya nempo jeung ngarasakeun kasaktén nu ngaburisat tina diri
éta Buta. Manéhna teu bisa ngetrukeun rapalanana. Kawedi ujug-ujug
datang, kawani nyingray tina haténa. Manéhna ngadadak jadi bengkéng
nempo Buta nu bayuhyuh éta.
Nyambung.
*) Dipostingkeun kalayan widi ti nu nulis.
0 komentar:
Posting Komentar