Minggu, 26 Juli 2015

Sunda Ku Basana - Éséy Hawé Setiawan



“Sunda Ku Basana”

Ku: Hawé Setiawan*



Minangka Tatapakanana

Basa mah hirupna ku dipaké, ari hirup huripna maké basa.
Bédana manusa ti papada makhluk anatarana kabuktian tina hal basa. Jalma mah lain baé nyiptakeun basana sorangan, tapi deuih kamekaran hirupna mawa pangaruh kana basana. Geremna maung mah ti baheula tepi ka ayeuna kawas kitu kénéh kitu kénéh. Ari basa manusa teu weléh robah ti mangsa ka mangsa, kekecapanana bisa ngalegaan, bisa deuih ngaheureutan. Mekarna hiji basa milu nuduhkeun mekarna kahirupan masarakat nu makéna.
Lain apalkeuneun tapi amalkeuneun, basa mah. Najan urang geus hatam diajar ngeunaan hiji basa, tapi lamun éta basa tara dipaké, laun-laun bakal leungit tina katapisan urang, kawas pakarang anu tara diasah laun-laun jadi mintul. Batan riweuh ku urusan ngapalkeun palanggeran basa, leuwih hadé langsung ancrub pagaliwota jeung singsaha baé anu ngamalkeun éta basa. Mimitina tuturut munding, nurutan indung jeung bapa, lila ti lila bisa ku manéh, tina legok tapak pangalaman, tina genténgna tapak kadaék, basa téh jadi gumulung jeung awak sorangan.
Biasana kitu babakuna ku rasa. Palanggeran basa atawa paramasastra mah antukna ukur jadi patokan umum. Kedaling rasa tétéla leuwih penting. Kekecapan dikotéktak. Dipaparah, dilelebah, sangkan luyu jeung nu nyangkaruk dina angen. Unggal pribadi mibanda ciri mandiri dina makéna basa bari tetep nyaluyukeun karep unggal palanggeran basa nu dipikawanoh ku balaréa.

Ngigelkeun Undak-usuk Basa
Cék nu sok luh-lah, rumahuh marungkawut, undak-usuk basa téh matak hésé. Cék nu ramé nyarita, barudak ngora sareunggaheun maké basa Sunda lantaran aya undak-usuk basa, hariwang salah, sieun disalahkeun, rudet ku urusan lemes-kasar, jeung sajabana.
Geus réa nu méré bongbolongan. Antarana aya nu nandeskeun yén entong teuing dipikahariwang perkara undak-usuk basa mah. Barina gé éta mah teu aya ti sungapanana, ukur pangaruh ti basa Jawa nu kungsi palid ka lembur urang. Mun téa mah kapaksa dirempak, asana mah moal matak doraka.
Kilang kutu, ari dina émprona mah teu babari. Enya gé tina sawangan sajarah geus tétéla yén undak-usuk basa téh lain asli Sunda, tapi tina pangalaman sajarah deuih geus tétéla yén undak-usuk téh geus gulangkep jeung basa Sunda. Mun téa gé rék dianggap hésé, da dina unggal basa gé aya baé nu matak hésé mah. Contona, dina basa Éropah kecap barang atawa nomina sok aya awéwé-lalakina, pan matak rudet kabina-bina ngapalkeun keur urang mah.
Na diajar naon nu matak teu hésé barina gé? Boa-boa alesan wungkul hariwang ku undak-usuk basa téh, ukur ékol keur nutupan kakedul. Padahal mah unggal masalah apan tangtu aya jalan geusan ngungkulanana. Tina pamanggih ahli, nu kungsi kabaca, undak-usuk basa téh geuning bisa dibasajankeun. Balaréa cukup wawanohan jeung sawatara kekecapan, nu mana nu lemes jeung nu mana nu loma, mana nu dines jeung mana nu salsé, mana nu keur merenahkeun diri sorangan jeung mana nu keur ngajénan batur. Moal pati hésé asana, turug-turug kapan basa urang mah teu réa-réa teuing kosa kecapna gé, sok komo mun ngapalkeunana téh bari jeung prak makéna téa. Mun digambarkeun mah meureun kawas kieu:

 

Mukaan Kamus
Tandana urang enya-enya mikacinta basa antarana témbong tina ayana kamus nu ku urang dipaké. Boh keur nu jadi pribumi hiji basa (native speakers) boh keur bangsa deungeun nu diajar basa (foreigners), kamus téh sarua pentingna. Ari gunana kamus nya éta  jadi cecepengan balaréa dina muguhkeun hartining kekecapan, malahmandar teu salah harti, sangkan teu papalimpang antara kereteg angen jeung kekecapan nu dilisankeun. Atuh keur tulas-tulis kamus téh pohara pentingna deuih sangkan urang teu salah ngéjah. Paling copélna, dina kamus téh kapan aya katerangan ngeunaan hartina kecap katut cara ngalisankeunana jeung cara ngéjahna.
Nu tepi ka kiwari meujeuhna dijieun cecepengan minangka kamus basa Sunda lulugu téh antarana Kamus Umum Basa Sunda wedalan LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda), Kamus Basa Sunda kénging suwargina R. Satjadibrata, jeung Kamus Basa Sunda kénging suwargina R. A. Danadibrata. Saenyana, kamus nu tilu téh geus hareubeul, atawa geus waktuna diluyukeun deui jeung kamekaran basa Sunda kiwari. Tapi tamba bongkor baé mah tiluanana tetep bisa dipaké minangka cecepengan téa.

Nyarita maké Basa Sunda
Cara nu remen ditepikeun ku ahlina, alusna mah dimimitian di imah nyarita maké basa Sunda téh. Matak naon di imah urang Sunda mah barudak téh ku indung bapana dibiasakeun nyarita maké basa Sunda. Kapan nya imah pisan saenyana mah sakola anu pangpunjulna téh. Sakola di luareun imah mah ukur ngantebkeun naon-naon nu geus dibaladah di imah.
Nu geus kapalang leungiteun basa Sunda tapi aya kénéh kereteg pikeun ngalatih deui katapis nyarita maké basa Sunda, bisa milampah rupaning tarékah. Keur latihan mah antarana bisa nyoba-nyoba ngawanohkeun diri pribadi ka nu séjén maké basa Sunda. Keun baé kamalayon gé, da moal matak jadi dosa asana mah. Bisa ogé latihanna téh ku jalan muka riungan maké basa Sunda, boh riungan nu sipatna dines boh riungan anu sipatna salsé. Baris leuwih ginding umpama urang di kota-kota nyieun kleub basa Sunda pikeun ngahirup-huripkeun deui wangkongan dina basa Sunda, pikeun nyarieun puisi dina basa Sunda, jeung sajabana lian ti éta.

Tulas-tulis Susundaan
Kurang kumaha legana lolongkrang keur ngabiasakeun karep tulas-tulis maké basa Sunda jaman kiwari. But-bat jalan sorangeun, sinambung jeung rupaning jalan gedé geusan lalar-liwat balaréa. Jaman digital kieu atuh. Unggal jalma nyarepeng télépon sélulér alias ponsél. Kari prakna baé ngabiasakeun manéh ngirim talatah singget ngaliwatan SMS (short message service) maké basa Sunda. Média sosial atuh beuki dieu beuki ceuyah. Kari daékna baé ngeusian status facebook atawa twitter maké basa Sunda. Pon kitu deui urang bisa silih kirim e-mail maké basa Sunda. Kapan éta gé, dina seuhseuhanana mah, ngajurung nyieun rupaning ungkara sacara tinulis.
Ngan meureun henteu asal trét. Urang gé milu mikiran kumaha akalna sangkan tulas-tulis Susundaan téh mawa lugina ka basa Sundana sorangan. Tah, sangkan kagiatan nulis maké basa Sunda aya sasieureun sabeunyeureunana keur kamekaran basa Sunda, nya daék teu daék unggal pribadi kudu mibanda ukuran nu hadé dina enggoning tulas-tulis. Ngala praktisna mah kieu baé: sabisa-bisa dina tulas-tulis téh bener éjahanana, taya kecap hiji baé ogé nu disingget (upamana kecap “manéh” teu nepi ka disingget jadi “mnh”), bener salang-surupna, bérés éntép seureuhna, jeung matak kaharti ku papada jalma.

Ngabandungan Nu Nyararita
Salah sahiji carana nabahkeun karep dina hiji basa nya éta ngabandungan nu jadi pribumi dina éta basa nyarita maké basa indungna. Upamana urang diajar basa Inggris. Paling copélna kitu nu sok rajeun dipilampah ku sorangan: méh unggal poé ngabandungan siaran warta ti BBC. Nu dialajar basa Sunda kari ngabandungan, upamana baé, siaran radio atawa télévisi anu basa panganteurna basa Sunda. Kapan kiwari mah teu saeutik program siaran anu kitu, tur leuwih babari nyambungna lantaran aya internét téa.
Bakal leuwih tegep upama aya nu haat ngahiap sukarélawan nu tapis nyarita maké basa Sunda. Para sukarélawan téh sina nyayagikeun waktu, dua jam unggal minggu baé mah, keur maturan sing saha baé nu aya karep diajar basa Sunda dina ngawangkong maké basa Sunda. Tempatna mah bisa di mana baé, naha rék di perpustakaan daérah atawa Balé Kota, kumaha kaperluanana baé. Nu penting mah jasan para sukarélawan téh diajénan kalayan merenah, upamana dibéré sértifikat anu nuduhkeun préstasina, susuganan milu ngajurung kamekaran karirna sewing-séwangan.
Lantaran basa hirupna ku dipaké, taya deui jalan sorangeun nu kawilang hadé ari lain ngajurung sing saha baé maraké basa indungna boh dina nyarita boh dina tulas-tulis. Montong teuing terus-terusan salempang hariwang. Der wé lah urang paké basa Sunda téh. Nu penting mah naon nu dikedalkeun teu papalingpang jeung nu nyangkaruk dina haté urang.***

( Ieu tulisan didugikeun dina hiji lokakarya basa Sunda nu diayakeun ku Dinas Pariwisata & Kebudayaan Kota Bogor, Kemis-Jumaah, 26-27 Maret 2015. Dimuat dina majalah Manglé no.2521 ).

*) Dosen & Ketua Lembaga Budaya Sunda (LBS) UNPAS.

0 komentar:

Posting Komentar