"Kabiasaan Unggal aya Paméran"
Ku: Ghols' Dukun Lepus
Di Braga nuju aya pameran, panutan. Sapertos biasa, da unggal taun gé kitu. Nya sakumaha sasarina, uing gé ngusahakeun sangkan bisa kadinya. Lain pedah hayang meuli-meuli buku teuing, atawa sakadar ulin tamba kesel cicing di imah waé. Sumpahna gé teu kitu-kitu teung. Sakapeung mah sok asa kasedot ku medan magnetikna, mun tos jorojoy aya kereteg... kudu wé ari indti téh. Bebelaan cul itu ieu, penting mah bisa indit ka éta patempatan.
Nya ari geus nepi di ditu mah, pan bieu gé tos dijentrekeun...lain keur néang-néang teuing buku! Da malah jiga nu owah atuh. Pulang anting, kukurilingan, semu nu linglung. Pernah aya nu pirajeunan nanya, pajarkeun cenah kawas nu neangan barang nu leungit; Ah, enya kitu neneangan nu leungit uing téh? Tapi enya da ari peta kitu patut mah, kawas nu keur nenagan. Néangan naon? Naon nu leungit? Naon nu bébélaan ditétéangan téh? Da asa teu boga barang mahal/alus nu leungit, da barang nu dipiboga mah rata-rata biasa jeung teu mahal. Nya néangan naon atuh uing téh?
Mun geus karasa capé, sok langsung wé diuk di trotoar gédéngeun rél karéta. Minengna mah sabari méakeun sababaraha batang cigarét. Keur jongjon neuteup haseup nu diseuseup, serebung... serebung... haseup ngalayang ngawang-ngawang ka jomantara. Ujug-ujug aya sora haréwos, "deudeuh teuing kasép! horéng nu ditéang téh geuning kalangkang... atuh puguh bangga kapanggihna." ceuk éta haréwos.
Enya meureun, nu ditéang téh lain anu murag, lain anu leungit. Tapi, nu harita ngajak pasini, nu harita maheutkeun jangji, nu henteu ngajadi. Paingan sok asa kasuat-suat. Tapi dalah geus apal gé, sok hayang keukeuh baé datang & diuk di trotoar éta téh. Meureun susuganana aya mu'jijat, nu harita ngabedokeun pasini téh, sumping... calik digédéngeunana.
0 komentar:
Posting Komentar