Ku: FAG[1]
(Gambar: Googlé) |
Mineng
ku urang kapireng, jalma-jalma nyubat-nyabit ieu studio. Dina
gunemcatur biasa, dina riungan diskusi, atawa di tempat-tempat lianna.
Boh budak ngora atawa nu geus umuran. Khususon nu neundeun kahéman kana
film-film animasi Jepang. Pon, komo deui maranéhna mah, geus tangtu baé
wanoh alahbatan ka anak sorangan. Jadi, naon atuh ari Studio Ghibli
téh? Asa ku nataku teuing loba nu ngobrolkeun (bisi aya nu teu apal).
Cuang coba pedar, susuganan baé rada écés, najan ngan nepi ka ngabéjaan
bulu tuur gé.
Keur jalma-jalma anu ngalaman kapincut ku
dunya film animasi, khusuna anime Jepang, tangtuna geus teu bireuk deui
ka ieu studio film téh. Studio Ghibli (スタジオジブリ), nyaéta
salahsahiji studio film animasi di Jepang. Film-film kaluaran ieu
studio téh, mibanda unsur – unsur anu provokatif, imajinatif, émosional, jeung geus katelah pada muji, kakoncara sa alam dunya.
Asbabul
pucunghulna ngaran ieu studio téh, mimitina tina landihan urang-urang
Itali keur sesebutan ka kapal-kapal Jepang nu sok ngincer Sahara
maranéna dina keur mahabuna Perang Dunya ka – II. Ngaran éta miboga
ma’na “angin panas nu niup mapay-mapay sapapanjang gurun Sahara (Sirocco).
Sanajan éta isltilah téh dicokot tina basa Itali, naging kecap ieu
téh mangrupa kecap serepan tina basa Arab, tegesna tina kecap qibli (قبلي), anu
sacara etimologisna, tina kecap “qibla” atawa “kiblat”. Demi dina
hirupkumbuh sapopoéna di basa Jepang, ngaran éta studio téh dilapalkeun
“ji-bri” atawa “ji-bu-ri”. Dina ngaran éta, ngandung siloka yén Studio
Ghibli téh, studio nu eukeur ngahiliwirkeun angin seger/angin anyar kana
kanca dunya Industri peraniméan.[2]
Diadegkeun dina taun
1985. Dialpukahan ku sutradara kawentar Hayao Miyazaki (宮崎 駿), reujeung
balad sakaligus méntorna, 高畑 勲 Takahata Isao. Sabenerna, masalah
ngadegna studio ieu téh bisa dianggap ti taun 1983 kénéh. Film wiwitan
ieu studio, “Kaze no tani no Naushika 風の谷のナウシカ/ Nausicaä of the Valley of Wind”, rilis di taun 1984. Mangrupa manga nyambung, anu diwedalkeun ku majalah wedalan Tokuma Shoten (徳間書店).
Demi
Tokuma, inyana téh perusahaan indukna Studio Ghibli. Jeung inyana geus
masrahkeun hak-hak vidiona ka Disnéy, keur dalapan filmna, jeung hak
distribusi ka sakuliah dunya, meneran film Princess Mononoke (もののけ姫 Mononoke Hime, 1997) jeung Spirited Away (千と千尋の神隠し Sen to Chihiro no Kamikakushi, 2001).
Film Miyazaki-sensei anu judulna Howl's Moving Castle, (ハウルの動く城 Hauru no ugoku shiro,
2004), sabenerna mangrupakeun adaptasi tina buku carita nu ditulis ku
pangarang Britania, anu kungsi medal di sababaraha nagara, kayaning
Amérika Serikat & Kanada.
Hiji-hijina film, anu cenah lain benunang arahan ti Miyazaki – sensei anu kakoncara, nyaéta film Grave of the Fireflies (火垂るの墓 Hotaru no Haka, 1988).
Film anu dilataran peurihna kahirupan dua budak yatim(adi-lanceuk)
korban Perang Dunya ka II, pasca ngabeledugna bom di Hiroshima jeung
Nagasaki. Ieu mah diarahkeun ku Isao Takahata-sensei.
Ari
keur sauigeun mah, mimitih wawuh téh lain ka Studio Ghibli atawa ka
Hayao Miyazaki-sénséina. Mimiti diwanohkeun ku babaturan. Anjeuna
kaleresan salahsahiji “penyair” anu kakoncara di kampus uing.
Disagédengeun kuliah, nyieunan sajak, catur jeung ocon téh, inyana resep
oge ngoléksi film. Nya wasilah ti-inyana pisan uing wawuh kana
film-film kaluaran Studio Ghibli téh.
Oh heueuh, Ghibli ayeuna
geus ngabogaan museum pikeun midangkeun hasil karyana, ti wiwitan tug
nepikeun nu kiwari. Hiji deui hal anu matak ieu studio mangprang téh,
biasana soundtrack keur film-film ieu Studio téh dipasrahkeun ka Joé
Hisaishi. Inyanya téh saurang composer musik, pianis ogé konduktor ahli.
Mimiti
lalajo téh film Hataru no Haka(1988) pas kamari 2013. Boga anggepan,
“ah, pira film jadul. Kualitas gambarna gé kieu kénéh…” gerentes haté
harita. Leungit saharitaeun. Sabada ngahatamkeun éta film sabari
rambisak. Daék beunghar téh teuing! Lainan épés méér atawa lebay,
cipanon teu ka kontrol ujug-ujug minuhan kongkolak mata. Kitu ogé
film-film Ghibli nu séjén. Film nu bener-bener mampuh meruhkeun
kaangkuh, sakti ngikis kaijid, luhung mupus adigung, sajuta rasa, prosés
interprétasi tina rupa-rupa imaji nu jul-jol salila ngalalajoanana,
pokona mah imajinasi urang bener-bener diulinkeun. Ieu kajadian, pas
meneran lalajo fil Ponyo on the Cliff, My Neighbor Totoro, Momonoke Himé
jeung Hataru no Haka. Ogé réa-réa deui.
Kadieunakeun jadi remen nge-search film-film
kaluaran Ghibli nu liana. Loba cara manggihna mah, bisa ménta maké
jalur copas ka Om Papag, atawa kokoréh sorangan di Googlé. Curat corét
kieu so’téh bakating ku kesel. Lain tamba kesel deui.
Ka
kanca mitra, saha baé anu can kungsi ngalalajoanan ieu film kaluaran
Ghibli, sok geura-geura mitembeyan ti ayauena kénéh. Bisi kaduhung wé,
ari ceuk uingah.haha..."
Ieu di handap mangrupakeun daftar
kumpulan Film-film anime kaluaran Studio Ghibli, sakalian bisa
dijadikeun référén keur didonwload. (sanajan can update keur taun
ayeuna). Bobo sapanon, carang sapakan... neda ageung hapuntenna.
Sasieureun sabeunyeureun, Muga aya faédahna.
Film-film Kaluaran Ghibli nu kungsi kacatet:
- Castle in the Sky (1986)
- Grave of the Fireflies (1988)
- My Neighbor Totoro (1988)
- Kiki’s Delivery Service (1989)
- Only Yesterday (1991)
- Porco Rosso (1992)
- Ocean Waves (1993)
- Pom Poko (1994)
- Whisper of the Heart (1995)
- On Your Mark (1995) (video klip)
- Princess Mononoke (1997)
- My Neighbors the Yamadas (1999)
- Shiki-Jitsu (2000) (di bawah divisi live action Studio Kajino)
- Spirited Away (2001)
- The Cat Returns (2002) (sekuel kepada Whisper of the Heart)
- Ghiblies Episode 2 (2002) (ditayangkan pada saat yang bersamaan dengan The Cat Returns)
- Innocence: Ghost in the Shell (2004) (diproduksi bersama dengan Production I.G.)
- Howl’s Moving Castle (2004)
- Tales from Earthsea (2006)
- Ponyo on the Cliff by the Sea (2008)
- The Wind Is Rising (2013)
- Kaguya no Hime (2013)
- When Marni was There (Omoide no Marnie 2014)
***(Pameungpeuk, Bandung, 17:46, nalika keur ngadagoan downloadan meké IDM, nu teu maju-maju waé)
[1] Nu nulis nyaéta, salahsahiji pengamat jeung konsumen anime-anime jepang umumna, kaasup anime kaluaran Studio Ghibli.
0 komentar:
Posting Komentar