Jumat, 08 Agustus 2014

“Ki Sokratés”


Ku: FAG


Wawuh Munding
Karasa ku sorangan. Keur pantaran nu karék wawuh, tuluy léléngkah halu dina buca-baca Filsafat. Asumsi nu mimiti katarima téh, mitos ruwet jeung lieurna éta bahasan. Ceuk itu matak sasar, ceuk ieu jangar, ceuk sakaul deui ngagoyahkeun kaimanan, cenah ceuk béja ngan kitu jeung kitu nu katampa. Horéng ukur jihat ti lumrahna jalma nu ngan nempo sakedapan. Nu nempo ti lebah baju luarna hungkul. Tawakup baé, bubuhan meureun meunang meuweung meunang ngutahkeun kitu gé.
Rada panasaran so’ téh, pédah rajeung ruang-riung jeung jalma-jalma tukang maca. Rada wawuh munding meueusan. Ka-stimulusan hayang nyambung ngobrol, da salila harita mah ngan bati unggeuk jeung unggeuk. Teu ngarti. Si Filsafat téh horéng, asal kecapna tina basa Yunani “Philos” jeung “shopos”. Philos, upama ditarjamahkeun ka basa urang, kurang leuwihna mah “micinta”, demi  shopos  kurang leuwihna “kaaliman/kawijaksanaan”. Jadi sacara harpiah, meureun filsafat téh “néangan sacara keyeng bebeneran, jeung ngaaplikasikeun éta bebeneran téh sacara cocog, loyog, dina kahirupan urang”, kitu upama niténan kamandang Stephen Palmquis, dina bukuna “Pohon Filsafat”.
Teu lila tidinya, wawuh deui jeung riungan barudak élpik. Salah sahiji Unit Kagiatan Mahasiswa, di hiji Universitas Islam Negeri, di Bandung. Saroméah jalma-jalmana, ku matak kataji hayang milu ulubiung jeung maranéhna. Katambah, di riungan éta mah, euweuh nu ngarana Senioritas téh. Nu matak ceuceub kana kahirupan (nu kaalaman di kobong, jaman mamasantrénan). Barudakna boga pamadegan, égalitérisme. Satata, sajajar. Tapi tetep, teu ngaleungitkeun rasa ajrih ka saluhureun, atawa ka nu dianggep leuwih onjoy kaélmuanana. Diwanohkeun pisan di ieu riungan téh, ka si Filsafat. Payusna kitu, da kangaranan lembaga kajian, maca, nulis jeung diskusi téh panan trilogina. Ti dinya wasilah nu matak uing nepikeun ka ayeuna rada meueusan buca-baca téh.

Panggih jeung sosok nu ahéng nan wijaksana
Ku anggahota nu geus lila di éta riungan, uing dibéré saran maca bukuna Jostéin Gaarder, Dunia Sophié (Sophie’s World). “Keur pangjajap/panganteur mah ku ieu wé heula. Nu nulis, make pendekatan historis, dimana buah-buah kamandang si Filsuf nu dianggap penting jeung latar kahirupanana, dititénan kalayan sacara kronolohis”, kitu cenah ceuk salah sahiji nu mere saran.
Kapaksa, bakating ku butuh, néangan éta buku. Kabeneran, keur aya paméran buku di Braga. Kawilang kandel buku téh. Tapi asupna kata kategori novel/roman. Jadi teu ngépék nempo kandelna. Bisa uplek tungkul ngahancana. Bari minengna ngahuleng heula, nunutur kamana léosna leunjeuran caritana.
 Aya hiji filsuf nu asup kana kategori filsuf nu alus. Kaceluk ka awun-awun kakocap kajanapria. Hirup saba’da mangsana Filsuf Alam wekasan. Socratés kakasihna (470-399 SM).  Teu kungsi nulis buku. Ananging buah-buah tina fikiranna, dicatet ku salah sahiji nu nuturkeun Inyana. Nyaéta Plato.
Gambar beunang ti Gugel. Socratés; teu kasep rupa, kasep laku-lampahna 
Sokratés kuanjeun, sosok filsuf sajati. Anu saciduh metu saucap nyata, dina hartian mraktekeun buah-buah pemikiranna dina kahirupan sapopoéna. Kawilang basajan pisan Anjeuna mah. Mibanda rupa nu teu sampurna. Teu kasep, teu gaduh rupa satria. Nepika dina buku Dunia Shopi mah, di gambarkeun jiga “badut sirkus”. Anjeunna linggih di Athena. Ngagaduhan pangkat anu luhung, bru di juru bro di panto. Tapi sakapeun teu risi teu rempan ngantunkeun sagala nu dipiboga, pikeun nempuh kahirupan miskin salaku saurang filsuf. Salila masa paceklik éta, Anjeunna mineng nyaba ngurilingan dayeuh Athena. Sabari ngajak ngobrol jalma-jlama ngeunaan persoalan naon baé. Inyana mineng guntreng jeung kaum Shopis. Para filsuf propesional nu popiler, nu ngalahirkeun kealiman  maranéhna, alatan materi/duit.
Ki Socratés. Ngaakikeun so téh pedah ka pinisepuh anu ngagaduhan kawijaksanaan, kabasajanan, anu luhung. Inyana keukeuh alim disebut Guru, ku saha waé gé. Malah Inyana kantos sasauran, “Jalma anu mulya téh dimana manéhna nyaho, ngarumasakeun diri teu nyaho. Tapi miboga sipat panasaran, alatan kateunyahoanana.” Nyelecep kana mamaras. Neunggar kana kalbu. Ngarumasakeun diri sok  asa aing uyah kidul, asa pangnyahona kana sagala. Katambah, payus deuih jeung pépéling ti pun guru, yén jalma wijak téh anu yadri annahu laa yadrii. Hebat pokona ieu filsuf téh.   
Lebah anjeuna dilebelan “jalma anu naon baé nu-diucapkeunana téh ngawujud dina laku-na” ieu pisan anu super téh. Inspiratif. Dina nalika mirisna ku kaayaan kiwari anu amburadul. Rék pangkat naon baé gé, mayotitas nyulayaan kana jangjina. Ucap jeung lampah atra pisan patukangtonggongna. Kaasup uing pribadi. Tangtosna baé, kalayan pinuh ku kasadaran, teu lali yén anjeunna gé manusa. Teu sampurna sagalarupana. Tapi ieu perkara, mangrupa hiji uswah anu alus. Nu teu salah upama seug ku urang diturutan. Dijadikeun mauidzoh. Wallohu A’lam.

Pamungkas, kaingetan kasauran ki lanceuk. “Diajar filsafat téh, sangkan urang teu ngarasa puas ku wujud luarna hungkul. Tapi ngajadikeun urang panasaran, hayang nyingkabkeun hiji hal nu nyamuni disatukangeun lalangsé”, saur anjeuna. Lain keur gagayaan, atau keur pencitraan. Tapi datangna tina ati sanubari, ngarumasakeun diri nu bodo, poék ku pangarti. Allaahumma inniy A’uudzubika min ‘ilmin laa yan fa’u. Cag !

*** Pameungpeuk, 09 Aguustus 2014.

0 komentar:

Posting Komentar