“Serat katineung ka Ustad Uhér (Miftahul Khoér) Allahu Yarham; Dua
Taun Sabada Anjeun dipundut Ku Nu Kawasa”
Ku: FAG*
Haturan
pun Guru di Kalanggengan:
Ustad,
mugi ayeuna Ustad téh nuju kulem kalayan tingtrim di alam kubur. Janten ummat
Nabi Muhammad anu di-nam shaalihan-keun ku Pangéran. Panginten, isuk
jaganing géto, abdi baris nyusul Ustad. Da geuning kabuktosan pisan, hirup
katungkul ku pati, paéh teu nyaho dimangsa téh, Satad. Manawi ustad émut kénéh.
Abdi salah sahiji santri nu kantos kadidik kaatik ku Ustad-kuanjeun. Upami
diruntutkeun, angkatan opat welas abdi di Pasantrén téh. Kirang langkung tilu
taun campleng, salami Tsanawiyyah. Ustad teu petot nyeborkeun pangaweruh ngeunaan
basa jeung budaya Sunda. Katampi ku astakalih, ukur tiasa ngadua’akeun, jazaakallahu
Khairal Jazaa, mugi diganjar ku Pangéran, kalayan pangsaésaéna ganjaran.
Ustad,
abdi emut waktos Ustad sasauran, panginten nu pamungkas kanggo abdi sadaya. Waktos
nuju ujian ahir semesteran. Ustad sasauran, “Manawai aya kénéh yuswa, wilujeng
tepang deui di kelas tilu mu’allimien, jaga”. Hanas abdi jongjon, teu
soson-soson. Sababaraha sasih satersana, Ustad mulih ka jati mulang ka asal.
Ustad,
manawi kersa kauninga. Kaduhung téh teu weleh ngukuntit. Jadi ririwa nu saban peuting
ngadatangan, ngajanggelek jadi buta nu siap ngahakan ieu waruga. Aslina Satd,
teu pisan-pisan dilelebay. Asa cikénéh waktos Ustad miwarang abdi sadaya
motokopi buku ‘Gapura Basa’, wedalan Geger Sunten téa. “Ah, mending dipaké
jajan”, pipikiran abdi sadaya harita. Kadieunakeun, kahartos & karaos,
kamanahan ku badi sadaya, geuning motokopi téh, kuer urang ngihtiaran méh bisa
basa Sunda. Emh, hapunten Ustad. Neda tawakupna, ka abdi sadaya nu nembe balég
tampélé, harita. Angot pirang-pirang lonyéngan, ka-muntangulan, ka-bontongoran
abdi sadaya, nalika Ustad nuju maparin pangajaran di kelas. Sadaya-daya adbi
pasrah, caang bulan opatn welas, jalan gede sasapuan, mangréwu-réwu hapunten
anu diteda.
Ustad…,
anu karaos téh ku butuhna kana ngarti jeung bisa ngalarapkeun basa Sunda.
Kalayan cococ, luyu jeung pakeman basa nu tos disapukkeun ku balaréa. Ngémut
abdi sadaya téh mangrupikeun séké sélér Sunda asli. Sanés Indo, sanés karbitan.
Anu kedah ngamumulé samudaya tali-maranti nu diwiatkeun ku karuhun. Sangkan lana,
teu gerus ku gulidagna ombak sagara zaman. Ulah dugikeun ka tumpur.
Najan
teu sadayana kasauran Ustad nu nyangsang dina hate rujeung ingetan abdi sadaya.
Ari lebah sumanget mah, kamanahan, Ustad.
Teu
karaos tos jangkep dua taun. Abdi sadaya tos kelas tilu Mu’allimin. Salami dua
taun, salami proses babalik pikir. Nya tangtosna stad, kanoso téh nataku liwat
ti saking. Dua taun kamari, teu pendak pisan jeung pangajaran basa & budaya
Sunda nu khusus. Antukna, abdi sadaya narekahan sorangan, ka dayeuh nyiar pangajaran
ngeunaan kasundaan. Bungah. Di dayeuh aya nu ngaku, dihiap jadi baraya. Taun ka
tilu stad. Sawangan téh bakal tiasa nyacapkeun kasono ka pangajaran basa Sunda
téh. Horéng, gurat Gusti ti ajali-na, tos beda carita.
“Kelas
tilu urang bakal pendak deui”, kasauran usatad atra. Kersaning Allah, urang teu
kungsi pendak deui. Kelas tilu pangajaran basa & budaya Sunda, diajarkeun
deui. Boga jadwal anu khusus dina kolom jadwal pangajaran. Hate abdi sadaya teu
welwh tumanya. Saha pigentoseun kanggo masihkeun bahan ajar, basa & budaya
Sunda téh. Hariwang. Hariwang teu kamanahan, hariwang teu sami sumangetna,
malihan mah sieun teu nyaketan, sumanget ustad kana kasundaan.
Kabuktosan.
Teu unggal jadwal ngajarna, instruktur nu ngagentos Ustad téh sumping ka kelas.
Kabuktosan, jumlah kahadiran ngajarna dina sataun, iasa keneh diétang ku
ramo-nu kenca hungkul. Bari nalika ujian akhir, mere sual nu teu kungsi
diajarkeun. Teu nanaon keur abdi pribadi mah. Nyaah ka babaturan nu sanés, nu
teu apaleun. Stad, duka kedah kumaha harita téh. Bingung nataku. Meupeus
keuyang pamustunganana.
Kitu
stad, dua taun langkung saba’da ustad mulih téh. Mugia ulah dugi ka rengat
galih, ku murid dikintunan serat. Haturan salam ka sono baé. Pirang-pirang
kaayaan nu robah. Boh kaayan Pasantrén, santri-na, TU-na,
Kawijakan-kawijakanana, cara ngatik-ngadidikna, jrrd.. Kitu panginten stad,
ciciran hirup. Salawasna bakal seueur nu robah. Mugia di sawarga engke, urang
tiasa pendak deui kalayan tingtrim, aya dina Maghfirah & rahmat Mantenna.
Cag dugi kadiheu heula, Stad. Teundeun di handeuleum hieum, tunda di hanjuwang
siang. Tutup lawang Si Go Ta Ka.
![]() |
Ganbar beunang: Guglé |
*** Nu
nulis, alumni Pasantrén persis no 34 Cibegol, angkatan 14. Teu boga cupat
piustadeun atawa piajenganeun. Keur sakola édan-éling. Kakapeungan. Sakapeung,
sakola ukur nepi parkiran.
0 komentar:
Posting Komentar