Minggu, 31 Juli 2016

Maca Alf Laylah wa Laylah : Bubuka (I)

Ku: Fikri A. Gholassahma

Geus lila teu bucu-baca perkara nu patula-patali jeung basa Arab. Dalah maca Kuran gé jarang nataku, ari lain manggih aya nu nyutat dina buku atawa artikel mah, jajauheun ka ngahajakeun maca. Saperkara éra ku diri sakujur, ana lalampahan téh beuki sasab baé. Jeung rupa-rupa wé gogodana mah. Démi nu sejénna, nya éra ku kuring sorangan mangsa sababaraha taun kalarung. Nu kungsi soson-sonon ngalarapkeun aqraa Qurānan kulla yaomin téh. Kitu téa ari jelema, aktsara syain jadala (loba pisa alesan) dawuh Kanjeng Nabi gé.
Atuh ari kereteg keur babalik pikir mah sok rajeun aya baé, ngetrokan saban haté keur simpé. Kapeung semu nu ngagegedor, lir ngahudangkeun sangkan geura nyaring. Nya kitu deui baé, sok ngupahan manéh, pajarkeun aya kénéh poé isuk. Padahal, isuk jaganing géto, saha nu nyaho, kumaha boa.
Nya antukna maksakeun manéh. Ngalalanyahan diri nu geus teuleum na sagara kakedul, nu geus sasab di leuweung horéam. Cék kolot gé, “nété tarajé, nincak hambalan,” disambil wé, da nungguan purun mah iraha boa. Nu dipalar téh mudah-mudahan bisa dawam.
Aya jalan komo meuntas. Pun paman (kapi adi pun biang), nu kakasihna Sena Zaéni Aqwam, nu jadi wasilah keur ngadeukeutkeun deui kana adat ngaji téh. Kaluaran hiji ma’had anu mémang sapopoéna idek-liher jeung basa katut budaya Arab. Samalah nepi ka meunang titél mumtaz sagala (ulah gujrud ka sasaha deuinya! Sok ngambek mun disebut kitu téh). Méré isarah yén manéhna boga waktu nu salsé, dipaké ngaji wé cenah, pormatna tadarus, babarengan.
Ari ilaharna mah ngaji kitab alat (bangsaning nahwu, shorof jeung érab), maké rujukan Jāmi’u ad-Durūs beunang nulis Syéikh Mustafa Al-Ghulayaén. Nu quotes ti anjeunna kungsi popilér jaman kuring keur nyantri baheula, napel dina bét saku dada kénca, “subbānu al-yaum, rijālul ghād (ari nonoman di poé ieu téh, baris jadi bapa di poé isuk, kitu kurang-leuwih tarjamahanana).”
Mun henteu ngaderes éta, nya kitab tapsir nu bakal dipilihna. Deuih,  emang boga hanca ngaji kitab tapsir, judulna Shafwatu Tafāsir, yasana Imam Muhammad Aliy as-Shābuniy, jeung ajengan Ridwan ti Bojongwaru. Geus lila kuring absén alias mabal teu ngilu ngaderes. Pun paman wé nu leukeun mah.
Ngan lebah nu ayeuna mah, kuring nu dibéré kawasa keur milih rék ngaji naon. Ngabébénjokeun ti dituna mah meureun. Ras inget sababaraha bulan katukang, méméh puasa asana mah, kuring manggih opat (teuing lima, inget-inget poho), buku tarjamahan Alf Laylah wa Laylah, nu disundakeun/dipasieup (sab nepi ka kiwari can aya tarjamahan sabeuleugeunjeurna tina téks asli) ku pangarang Sunda kawentar, Moh. Ambri (nu ngarang roman Lain Éta, Numbuk di Sué, jrrd) & R. Méméd Sastrahadiprawira (nu ngarang roman Mantri Jero jeung Wira Pakuncén), duanana gé pangarang Balé Pustaka, masing masing buku téh dijudulan Carita Sarébu Samalem, subjudulna mah aya rupa-rupa, aya nu judulna Palika jeung Jin; Istri Pelit; Buah Kholdi; Anis Aljalis, jeung sésana nu kuring poho deui. Teuing ku olo-olo, asa teu apdol mun langsung maca tarjamahanana téh, hayang maca heula teks aslina. Antukna éta buku téh nepi kiwari can dibaraca.
Teu dililakeun, kuring langsung ngiberan Yuris Fahman (balad salembaga di cikampus, sakapeung jadi batur curhat, kapeung ogé jadi guru keur kuring, padahal umurna mah sahandapeun dua taun ti kuring), nu boga kahariwang sarua, duméh geus rada arang pagilinggisik jeung literatur basa Arab. Padahal, pada-pada kungsi masantrén. Éta ku resep ngabandunganana, keur harééng inyana téh, tapi maksakeun datang. Da kawantu ku hayang pisan ngaji.
Meneran alus di wayah, sumping ogé tamu ti Margaasih, Mang Jajang (kakasihna mah Iman Hilman, ngan sakainget wé hayang digentraan Jajang). Sarua ieu gé, lanceuk kuring; sapangaresep jeung nya kitu téa, sok rajeun jadi batur curhat, sok méré kamandang ka kuring keur nyinghareupan kasusah.
Dasar ari jelema, bener wé cék sakaol mahallul al-khatha’ wa nisyan (tempat salah jeung poho) téh. Pun paman kalah ka érék ka gunung, meneran di malem jadwal ngaji nu mangkukna geus dipasinikeun. Dalah dikumaha, sab mustami jamaah pangajian geus daratang, antukna bolay ka gunungna.
Dimimitian ngaderes muqaddimah(prolog/panganteur)na. Kitab Alf Laylah wa Laylah nu dideres ku kuring sararéa, dipedalkeun ku Dar Shader Publishers, ti Beirut, Libanon. Citakan ka dua, taun 2008. Aya dua jilid asana mah. Biasa, beunang ngundeur ti internét, da cék cenah, hésé nyiar kitab citakna mah. Ah, kateuing da teu kungsi nyiar barina gé.
Dina bubuka éta kitab, nu dipanganteuran ku Doktor ‘Afif Naayif Hathum (mun teu salah macana, hiji dosén di Universitas Al-Libanoniyyah), ditétélakeun yén Alf Laylah wa Laylah téh kitab nu geus kakoncara sa alam dunya. Duméh nu macana gé lain urang Arab wungkul, nepi ka urang Éropah gé nyarahoeun tur raresep kana carita-carita dina éta kitab, nu judulna jadi Arabian Night atawa Thousand and One Nights. Geus loba ditarjamahkeun ka saban basa nu aya di alam dunya, kaasup Sunda.
Gambar jilid kitab Alf Laylah wa Laylah citakan
Dar Shader Publisher
Dina paragrap-paragrap mimiti, Doktor ‘Afif ngabahas perkara linuhungna Alf Laylah wa Laylah minangka hiji karya sastra jaman harita. Tuluy madungdengkeun para al-muhadditsīn (kritikus sastra), nu boga tarékah nyukcruk saha-sahana nu ngarang ieu carita. Naha hiji jalma, atawa carita sababaraha jalma. Jaman iraha manéhna hirup, tuluy di mana diwedalkeun jeung di mana dumukna.
Bangun nu bangga cenah ngumpulkeun katrangan ngeunaan saha pangarang ieu carita téh. Lir ibarat hiji budak nu nangtung sisieun jurang di basisir, ngumpulkeun ci sagara nu lega ku ramo-ramona, ari nu nyésa ngan saukur cai nu nyangsang dina kukuna (muqaddimah Alf Laylah wa Laylah, kaca ka 2). Kitu kurang-leuwihna nu dimisilkeun ku Doktor ‘Afif, keur ngahambarkeun banggana tarékah para kritikus nu ngumpulkeun data ngeunaan pangarang ieu kitab.
Tuluy wéh manggih cahaya, najan saenyay-saenyay, yén nu ngarang téh kakasihna Syahrazād (najan ieu gé masih spékulasi ti Doktor ‘Afif kuanjeun). Ka dituna mah madungdengkeun ari Syahrazād téh urang mana. Aya nu boga kamandang yén inyana téh urang Pérsia. Duméh karakter-karakter nu maraén dina éta carita téh loba ngaran-ngaran kawas urang Persia, kayaning Syahriyār jeung Syah Zamān.
Aya ogé nu keukeuh peuteukeuh ngabogaan pamadegan, yén nu ngarang éta kitab téh urang Arab asli, boh pameunteuna boh lisanna. Nya éta meneran wewengkon Mesir. Deuih, dikuatan ku alesan yén, nu ngarang dina bubuka galuring caritana maké bubuka tahmid, alhamdulillahi rabbil ‘ālamīn, … jeung saterusna, nepi ka ammā ba’d. Ogé aya nu keukeuh peuteukeuh nganggap yén ieu carita téh asalna ti Persia jeung India.
Tah sakitu heula rupina mah nu bisa katuliskeun ku kuring. Kapan macana gé karék sababaraha kaca, muqaddimahna gé can bérés. Atuh ku kitu ku kieuna, ieu karya téh mémang lain karya joré-joré. Teu bisa disakompétdaunkeun. NJ Dawood dan William Harvey dina bukunya nu dijudulan Tales from the Thousand and One Nights ngécéskeun yén Carita Sarébu-Samalém téh mangrupa sastra épik nu asalna ti tilu rumpun kabudayaan dunya; India, Pérsia, jeung Arab. Tayohna mah masterpiece ieu karya téh. Cag sakieu heula anu tiasa kapihatur, teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang, paranggi nyokot tinggalkeun.
Hanca***
(Pameungpeuk, janari mimiti sasih agsutus, di luar hujan ngaririncik, 2016)

Rabu, 02 Maret 2016

Tuan Holla: Waspada dan Sunda*




Oleh: Fikri A. Gholassahma**


Kala itu keadaan ekonomi di benua Eropa sedang goncang. Mayoritas penduduk merasakan imbas dari peristiwa ini, termasuk keluarganya. Ia beserta keluarga berhijrah dari kampung halaman, untuk mengadu nasib di Hindia Belanda.
Ia, Karel Frederik Holle (1829-1896), adalah salah satu dari delapan bersaudara, putra Alexandrine A. van der Hucht dan Pieter Holle. Kala depresi ekonomi di Eropa terjadi ayahnya yang memiliki usaha gula, bangkrut. Kemudian di tahun 1844, ia menerima ajakan iparnya, Willem van der Hucht, untuk pindah ke Hindia Belanda dengan keluarganya, dan tiba di Batavia pada tahun 1845.
Pada tahun 1846, atas wasilah dari pamannya Willem van der Hucht, K.F. Holle menjadi juru tulis di sebuah kantor pemerintahan. Ibunya pindah ke Batavia saat Holle dapat pekerjaan. Salahsatu saudaranya, Pauline Holle, menikah dengan seorang bankir bernama N. P. van den Berg (dalam Nelleke Noordervliet, Brieven van de tee, 2004). Di kemudian hari, iparnya inilah yang   memberi bantuan modal, untuk mendapatkan hak guna tanah perkebunan di Cikajang, Garut. “Waspada,” begitu ia namai perkebunan teh yang dibukanya pada 1862 itu.
Menurut H.C. H. De Bie (1924), dalam “De Nederlandsch Indische theecultuur (Budidaya Teh di Hindia Belanda), Holle adalah “the Vrend van den Landman” (sahabat para petani). Pada mulanya ia menolong sahabat baiknya R. Haji Mohamad Moesa (hoof-panghulu Limbangan), dengan membagi biji-biji untuk menanami tanahnya di daerah Cigasong, Desa Pasanggrahan, di pinggir jalan besar ke Mangunreja, sekitar 7 pal jaraknya dari ibu kota kewadanaan Garut.
Kemudia biji-biji tersebut diberikan juga ke lurah-lurah desa, dan ke orang Sunda kaya di sekitar Cigedung. Dengan maksud, supaya budidaya teh tersebut juga bisa sampai ke masyarakat kecil. Ia mengajarkan mereka untuk membuat tungku-tungku pengeringan sederhana (dengan biaya kecil), untuk mengeringkan dedaunan teh yang telah digulung dengan tangan atau kaki di atas anyaman bambu atau kawat kasa. Untuk eksplorasi keharuman teh, dedaunan tersebut dicampurkan dengan bunga pacar cina/pacar culan (aglaia odorata Lour) yang belum mekar, atau kembang entéh “kamille” (De Bie, 1924, hal. 54).
Dalam buku Seputar Garut susunan Darpan dan Suhardiman (2007), juga dalam artikel Atep Kurnia (2007) yang berjudul “Jasa-jasa Tuan Holla”,  diriwayatkan bahwa Holle adalah seorang yang memiliki perhatian besar terhadap kemajuan masyarakat sekitar lingkungannya. Ia mendatangkan bibit-bibit unggulan dari jenis ternak dan produk pertanian. Ia memprakarsai budidaya ikan air tawar, dengan membuat kolam-kolam kecil di sekitar rumah (Kurnia, 2007) dan domba Garut, dan kacang holle. Ia pun mememberikan penyuluhan sistem bertani di tanah sengked (Darpan & Suhardiman, 2007).
Dalam praktiknya, acap kali ia turun langsung untuk memberikan penyuluhan pada warga. Namun setelah usahanya untuk berkeliling guna memberi penyuluhan, terbukti tidak efektif dan efisien, akhirnya ia berkonklusi, bahwa langkah yang solutif adalah memulai dengan menyentuh kesadaran masyarakat, agar bisa membaca.
Tuan Holla—begitu ia kerap disapa oleh masyarakat—termasuk salah seorang yang pertama mencetak buku-buku bahasa Sunda, juga pengarsipan naskah-naskah Sunda kuna. Ia juga dikenal sebagai ahli linguistik pada masa itu.  Menurut Mikihiro Moriyama dalam Semangat Baru: Kolonialisme, Budaya Cetak, dan Kesasastraan Sunda Abad ke-19 (2013), Tuan Holla juga ikut mengusahakan penulisan bahasa Sunda dengan aksara latin, yang sebelumnya penggunaan aksara untuk menulis adalah aksara Jawa (cacarakan) dan Arab pegon.
Perhatiannya pada pendidikan orang Bumi Putra sangatlah besar. Atas saran darinyalah, pemerintah kolonial mulai mencetak buku-buku sekolah bahasa Sunda. Demikian pula, ia diberi kewenangan untuk menyortir (dengan bantuan Moesa) buku-buku yang hendak diterbitkan (baik yang diterbitkan olehnya ataupun dikirim ke percetakan milik pemerintah, Landsdrukkerij, di Weltevreden (Menteng).
Karel Frederik Holle (Gambar oleh Google)
Namun tulisan-tulisan yang dibukukan, kebanyakan adalah buah tangan para penulis yang tinggal di sekitar daerah Holle, di Garut. Yang paling banyak dibukukan adalah karya sahabat dekatnya, Moh. Moesa. Persahabatannya dengan Moesa telah lama terjalin. Kedekatan ini ditambah dengan perkawinan Holle dengan saudara perempuan Moesa, yang bernama Djoariah (Tom van den Berg, dalam Moriyama, 2013). Bagi Moesa mungkin persahabatan ini sampai satutup umur, karena ia meninggal di tahun (1886).
Karya-karya tulis Holle sendiri, di antaranya Tjarita koera-koera jeung Monyét (bersama A. W. Holle, 1851), Kitab Tjatjarakan Soenda no. 1 (1862), dan terbitan berkala Mitra anoe Tani (1883), yang berisi informasi mengenai teknik bertani, kadang jua memuat karya-karya sastra.
Holle jatuh sakit di tahun 1879. Oleh karena itu, ia pergi ke Bogor dalam rangka penyembuhan dan meninggalkan perkebunannya. Tak lama kemudian perkebuan teh “Waspada” miliknya bangkrut. Setelah Holle sembuh, giliran Moesa yang jatuh sakit, hingga meninggal.  Enam tahun setelah ia pindah ke Bogor, ia mendapat penghargaan bintang jasa Officerkruis van de Orde van Oranje Nassau dari pemerintah Belanda. Holle sendiri tutup umur pada 3 Mei 1896. Untuk mengenang jasa-jasanya, dibangunlah monumen di alun-alun Garut pada 29 Oktober 1899.


*) Tulisan ini tidak jadi dimuat di Media
**)Mahasiswa KPI (2013), Aktif di Lembaga Pengkajian Ilmu Keislaman (LPIK) UIN Sunan Gunung Djati Bandung, penikmat kesusastraan Sunda.

Minggu, 10 Januari 2016

Sirung-sirung Harepan (Mapag Muktamar PERSIS XV)


Ku: Fikri A. Gholassahma*

Sok kayungyun upama maca dongéng atawa ngaregepkeun nu ngadongéng téh. Cék hiji kaul mah, jelema téh homo vabulans (makhluk pendongeng). Munasabah baé atuh umpama jalma resep maca, nyieun, jeung ngabandungan dongéng. Lian ti keur panglipur (rékréatif), tina pirang-pirang dongéng atawa carita-carita gé sok rajeun baé manggih unsur-unsur atikan (didaktif). Dina khazanah kasusastraan Sunda mah geus teu bireuk deui kana perkara dongéng téh. Ti barang mimiti mahabuna dongéng nu ditepikeun liwat lisan, tug nepi ka wangun tinulisna. Boh dina wangun pantun, wawacan, tug nepi ka midang dina wangun nu moderenna: novel/roman, carpon, jeung fikmin (fiksi mini). Samalah, R. H. Muhammad Musa (salah saurang sastrawan Sunda) nyusun hiji buku husus nu dijudulan Dongéng-dongéng Pieunteungeun (1912), sok sanajan eusina lain pituin karangan anjeunna.
Gambar beunang: persisalamin.com
Kungsi tibelat ka hiji dongéng jaman keur mu’allimin. Malah nepi ka ayeuna. Dongéng nu nyaritakeun hiji aki-aki, jeung hiji Raja. Si Aki nu umurna geus tunggang gunung téh melak binih tangkal korma. Meneran Raja ngaliwat ka deukeut si Aki.  Ningali si Aki nu keur kitu téh, pok baé Raja mariksa, lamun dina basa urang mah kieu kurang-leuwihna:
“Aki, naha aki téh bet melakeun binih tangkal korma? Ngala naonna? Kapan mun ngarep jeung ngadago-dago kaala buahna mah iraha boa,” pungkas si Raja bangun panasaran.
Ngadangu patarosan si Raja kitu téh, si Aki kalah mésem, bari pok nyarita, “nun gusti Raja, jalma-jalma saméméh urang geus melak rupining pepelakan. Tah éta pepelakan téh tumuwuh kalawan subur. Kakaian parantos jarangkung méh ngajaul alak paul dugi sesah diajul. Geus méré iuh-iuh geusan nu ngariuhan mangsa panas éréng-éréngan.  Teras, teu sakedik tina raweuy bungbuahanana, ngémploh héjo lalabrumbahna.  Sareng éta sadaya parantos katuang ku urang. Naha urang teu aya kereteg pikeun melak pepelakan, geusan alaeun katut tuaengeun jalma-jalma nu baris sumping saparantos urang?” waler si aki semu halon.
Paguneman Raja jeung si Aki téh dibandungan kalawan gemet. Keur sa-kuringeun mah, teu weleh matak kataji jeung nimu unsur atikan nu kacida alusna. Si Aki boga harepan nu kacida gedéna, sangkan anak-incuna atawa entragan nu baris datang, bisa ngasaan hasil tina pepelakanana. Kawasna téh ngan sakitu-kituna nu dipalar ku inyana. Teu ngarep aya nu mulang tarima. Ku urang sadaya parantos papada uninga, éta dongéng téh ayana dina kitab ipis nu judulna Bahrul Adaab, nu eusina euyeub ku dongéng pieunteungeun.
Komo geuning dina hiji hadits nu diriwayatkeun ku imam al-Bukhary mah diuningakeun, “sing saha baé diantara jalma muslim nu melak hiji binih tina hiji tangkal, atawa melak hiji binih tina sisikian, antukna numuwuhkeun hiji tangkal. Tuluy sakur nu dihasilkeun tina éta tangkal téh dihakan ku manuk, atawa dituang ku manusa, atawa dilebok ku ingon-ingon. Taya lian nu kaala tina éta tangkal téh baris jadi sodakoh pikeun nu melakna.” Tuh, dijamin jadi sodakoh.
Asana teu pati géséh jeung sepuh-sepuh urang di Persatuan Islam (PERSIS). Aranjeunna parantos melak pirang-pirang kahadéan nu ayeuna geus kaala ku urang. Ti wiwitan binih, ngaluarkeun mataholang, sirungan, tug nepi ka jadi tangkal nu akarna nanceb pageuh na taneuh, dangdaunanana luebeut héjo ngémploh, tuluy buahan. Teu ngan semet dinya hungkul, nalika daun nu kolotna ngalakay lagrag tina tangkay, mancén amanah sangkan ngahiji jeung taneuh. Jadi gemuk nu bakal nyuburkeun tangkal, diganti ku dangdaunan anyar.
Dumasar dongéng-dongéng nu geus nepi, jeung kajadian-kajadian nu kaalaman, kapan sakitu écésna guru kalih sepuh urang bajoang nanjeurkeun ajaran agama Islam ti mangsa ka mangsa. Wiwitan ngadeg jadi hiji ormas nu legal di taun 1923 tug nepi ka kiwari taun 2015. Sumanget dakwahna teu kungsi suda, najan umur geus méh salapan puluh dua taun, térés saabad. Sok sanajan naon nu diusahakeun ti mangsa ka mangsa pasti aya kakurangan jeung kapunjulanana. Mungguh di usaha manusa, taya nu campleng sampurna. Nu punjulna ulah rék dipopohokeun, anggur mah tuluykeun, alusna mah ronjatkeun. Atuh nu kurangna, kalepatanana, cuang jadikeun muhasabah malar teu ngaduakalian.  Manakomo dina  Muktamar ayeuna, meneran alus di wanci.
Talatah nu dipelak, dititipkeun ka unggal entragan, sangkan hirup nyekel deleg kana Quran jeung Sunnah nu sohéh, sangkan hirup teu awuntah, panceg dina adeg-adeg kaislaman. Nyingkahkeun pirang-pirang wereng sarupaning tahayul, bid’ah, jeung churopat nu matak ngaruksak kana pancegna akidah. Muga samudaya nu diusahakeun ku  aranjeunna dicatet jadi amalan nu saé geusan sampeureun di ahérat jaga.
Minagka wawakil ti entragan ngora, ukur biwir sambung ucap suku sambung léngkah, ngawilujengkeun kanggo Muktamar PERSIS kalih otonom taun ayeuna. Cing lungsur-langsar taya halangan harungan. Teu lali umajak ka papada entragan ngora, sasarengan rumojong sepuh-sepuh urang dina mancén amanahna. Kapan urang tos teu bireuk deui kana kasauran Syeikh Musthapa Al-Ghulayaén, “subbânul yaum - rijâlul ghâd, wa banâtul yaum-ummahâtul Ghâd”, urang baris jadi bapa, baris jadi indung. Gaganti indung jeung bapa nu jumeneng ayeuna. Nu jaga baris nuluykeun tapak lacak dakwah aranjeunna. Ulah rék dimomorékeun, nyaah, ulah dilelebar.
Teu pisan-pisan aya maksud mapatahan ngojay ka meri, éstu ngamalir tina cinyusu asta kalih. Teu pisan-pisan, inggis magar humayua. Mugi saterasna urang sadaya nyingkahan taklid buta, teu alus jeung tatangga, ogé sangkan tetep kritis,  modérnis, sakumaha nu jadi cicirén PERSIS, geusan ngamaniféstasikeun dakwah nu bisa ngungkulan jaman. Pamungkas, sakumaha disaurkeun Bujangga liwat lisan Ki Juru Pantun:
“Ditendeun di jalan gedé
Sampeureun anu ngaliwat
Anu weruh di semuna
Nu terang di jaksana
Anu rancagé di haté”
Pameungpeuk, Agustus wekasan, 2015
*) Nu nulis, alumnus Pasantrén Persatuan Islam no. 34 Cibegol (2012), dumuk di Pameungpeuk, Kab. Bandung.

Selasa, 05 Januari 2016

E-book Al-mazra'atu al-Hayawaanat (Animal Farm) - George Orwell PDF





Animal Farm
Coming soon!

Tadarus Sastra[1]: ngaderes kitab Mazra'atul Hayawanaat (Animal Farm)-na Ki Orwell.
George Orwell téh sastrawan kawentar asal Inggris. Karya petinganana (Masterpiece-na) di antarana, Animal Farm (1945) jeung 1984/Nineteen Eighty-four (1949).
Insya alloh baris digelar tadarus novel Animal Farm-na Ki Orwell nu dikokolakeun ku komunitas Bangbung Ranggaék. Nu baris ngaguarna nyaéta Ajengan Zaen Aizen (guru basa Arab-na Komunitas Bangbung Ranggaék). Jeung minangka keur komparasina, baris ngahadirkeun ogé Mr. Fulan Samwan (instruktur basa English Komunitas Bangbung Ranggaék), jangeun babandingan tina teks basa Inggrisna. Ieu tadarusan téh baris dilaksanakeun di markas saheulaanan komunitas Bangbung Rangaék. Di perpustakaan PPI 03 Pameungpeuk.
Keur waktu jeung poéna mah insya alloh diiberan deui. Nuhun.

Tabe Pun
Fikri A Gholasshama
(nu ngageugeuh komunitas Bangbung Ranggaék)
Mangga diundeur pdf Mazra'atul Hayawanaat alias Animal Farm téa di dieu:
 https://www.dropbox.com/s/ybamrb8cixx3knf/George%20Orwell%20-%20Animal%20Farm%20arab.pdf?dl=0

Sajatining Imah

Sajatining Imah

Ku: Fikri A. Gholassahma


Ieu téh imah urang. Panginditan jeung pangbalikan téh kapan ka dieu, lin? Rérés kuliah, horéam kuliah, pan ka dieu jigna. Ari lain ka imah nu di lembur séwang-séwangan atawa teu boga kost-an mah.  Nu mondasian, nu ngaduk, nu nyaeur, nu ngabataan, nu ngaci, nu ngecét, jeung nu ngahateupan, kapan beunag kolot jeung lanceuk-lanceuk urang. Basa urang datang mah kari genahna, kari nyicingan. Geus nyampak parabot-parabot nu mapantes éta imah. Najan ukur réskuker, kasur, bantal, simbut, jeung buku. Malah jeung seungit-seungitna sagala.

Sakapeung matak kayungyun, ku paripolah sorangan di jero imah téh. Urang lalangiran, mulak-malik lambaran buku. Sakaca, sakaca, tug nepi ka hatamna. Urusan ngarti jeung henteuna mah, teu jadi soal. Nu utama,  jeung nu pang utamana mah, sangkan biasa. Tapi, komo deui mun  ditungtungan ku ngarti mah. Emh, jadi kabungah keur urang.  Dalah maca téh kapan paréntah pangmimitina pisan nu dilungsurkeun ka kanjeng Nabi di Guha Hiro téa. Éta ku telenges jeung keukeuh Malak Jibril. “Iqra!”, cék Jibril. “Mâ anâ biqâri”, saur nabi  haroshos, bakating ku reuwas. Kacipta ratug tutunggulan jajantungna. Beu! Éta si Jibril, maksa téh teu maké ras-rasan. Béh dituna deui, éta pagawéan (maca) téh jadi cicirén manusa nu miboga kaadaban.

Lian ti éta, mindeng urang gé huleng jentul. Ranteng urat tarang, mikiran naon nu geus kabaca. Dipaksa nyabarkeun manéh, nyusun kekecapan. Sa kecap, sa kalimah, sa paragraph, tug nepikeun ka jadi sababaraha kaca tulisan. Jadi répléksi, éséy, carpon, jeung réa-réa deui. Teu cukup nepi dinya, urang sok kalah tuluy hog-hag, Ranteng urat beuheung, paheuras-heuras genggerong, madungdengkeun & nyawalakeun hasil maca jeung nulis téa.
Wanci séjén, imah téh dipaké keur pangedulan. Gigitaran, ceuceuleuweungan, silih tempas, silih élédan. Teu jarang ogé dipaké mudalkeun rupaning rasa. Kasuka, kabungah, kasusah, kapeurih, remen jadi jejer carita. Sabari ngudud jeung ngopi. Awahing ku mindeng, urang méh baé poho, an sich jadi duduluran. Dulur pet ku hinis. Teu maliré, anak ibu-bapa saha, urang ci naon, jeung sékté naon. Atuh mun silih lédék partéy, tampolana semet dina biwir hungkul, ulah teuing dimanahan.

Demi urang gé geus papada nyaho, imah téh éstu basajan pisan. Parabot nu aya téh titinggal ti lanceuk-lanceuk post nu geus teu matuh deui di ieu imah. Tapi kapeung sok ngaranjang, ngabagéakeun ka nu anyar ngeusian ieu imah. Réskuker jadi parabot nu fardu’aén éksisténsina. Da,  bangga atuh kapan maksakeun maca, nulis, jeung sawala, ari beuteung murulit, jumerit ku cara kukurubukan. Cék sakaol, lir bengsinna mun dina mobil téa mah. Nu ahéng, cenah lanceuk-lanceuk urang, kapan bébélaan ngalanggan promah ari euweuh-euweuh teuing mah. Tapi, rajeun aya baé keur gaganjel peujit téh, enya gé teu saban waktu. Alhambulillah, sakitugé udah uyuhan.

Upama dipaluruh, nyoréanng mangsa katukang, ieu imah kawilang rada umuran di sabudeureun aréa Ci Kampus téh. Geus lumayan ledug ku dampal tapak jalma nu lar-sup ka ieu imah. Meureun geus aya welasan entragan nu kungsi jadi pangeusina, méméh urang datang. Pasti, rupa jeung kelir tiap entragan téh béda-béda. Apal ka saha-sahana nu kungsi ngeusian imah (Najan teu kajujut sadayanan), nya ti Ki lanceuk sadaya-ku anjeun. Nu haat mangdongéngkeun jeung metakeun gurat-gurat tatapakan pangeusi imah méméh urang. Deuih, tina buku Oposisi Réskuker ku alpukahna Bang Buleudz. Rékaman pirang kajadian, mangsa inyana jadi pangeusi ieu imah. Sangkan teu pareumeun obor teuing. Kagambar, najan saenyay-saenyay.

Imah téh leutik, tapi camperenik. Teu diraéh-raéh, éstuning basajan.  Saayana pisan.  Karpét nu sok dipaké dahar, saré jeung maca téh, bangun nu satia marengan. Asbak nu pinuh ku calacah nu méh ngagunung, kap-akua gelas di geigireunana, tara ieuh kukulutus. Pédah dipaké ngawadahan kopi hideung, jeung pirang-pirang kecap nu mawur tina sungut urang. Nu mancawura, patingsoléngkrah, jeung nguap jadi hawa di sajeroeun imah, tuluy ilang teuing ka mana.

Kitu-kitu gé kapan geus kagok  katohyan ku balaréa. Ieu imah téh dipiharep jadi cukanglantaran ngabijilkeun pirang mataholang inteléktual (bil khusus dina jagat Kaislaman) nu milu ngeuyeuban jagad Kaislaman ku rupa-rupa sawangan. Pon kitu deui, baréto urang gé hayang jadi pangeusi imah ieu téh nawaétuna ti dinya (najan teu mustahil aya nu béda gé). Kadesek  ku asumsi éta, atawa ku kasadaran diri sorangan, daék teu daék kudu tanggung jawab. Kudu ngarumasakeun manéh jadi pangeusi éta imah, ngajaga-ngariksa tur milu mikiran kumaha pikahareupeunana. Kapan, bakal aya nu baris datang sapandeurieun urang. Nu teuing isuk atawa pagéto, ngeusian ieu imah.

Ti barang jadi mataholang intelektual (harepan urang) Kaislaman, nu nyanghareupan médan jurit di aréa Ci Kampus, tug nepi ka nyanghareupan maha-rohang antara beungeut bumi jeung kulit langit nu legana sapameureunan—kitu kapan ceuk sastrawan Sunda Wahyu Wibisana mah—urang téh keur nyusun léngkah, nincakan hambalan psrosés kahirupan. Nya ti ieu imah panginditanana. Rangkujung méméh jung, nyorang rupaning kajadian di poé ayeuna  jeung isuk (mun enya mah aya kénéh jatah umur).

Kahayang mah, hiji mangsa, méré titinggal keur anu isukan baris datang. Pangeusi anyar éta imah. Najan teu réa, jeung bakal jauh tina sampurna. Paribasa najan ukur  sagedé tongo, tapi taya lian nu dipalar téh susuganan aya mangpaatna keur ieu imah katut pangeusina. Atuh urang gé ngarumasakeun, sok aya baé bobo sapanon-carang sapakan mah. Neda tawakupna baé. Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan. Wilujeng milangkala, LPIK (élpik), nu ka XIX. Imah urang, imah post (lanceuk awéwé-lalaki & amang) urang. Imah nu bakal dieusi ku nu baris datang sapandeurieun urang. Mugia baris mampuh ngigelan jaman.  Nyanggakeun sabrang salayar, lebet ka cabé mah henteu. J

*Kamar Kecil (sékré élpik), 14-15 Mei 2015.
Urang, kurawa élpik.  

Selasa, 29 Desember 2015

“Cocooan” (réfléksi kabeurangan panungtung taun 2015[I])



Ku: Fikri A. Gholassahma



"to infinity and beyond" --- Buzz Lightyear



Nu maturan ti leuleutik

Buuk geus méh saparapateun tonggong. Geus asup kategori ‘rambut panjang’, dumasar kategori ‘rupa-rupa sebutan keur buuk: disawang tina jihat panjang-pondoknana’, meunang ngarumuskeun syeikh Zaramozoé. Keun, moal waka dicukur sataun deui waé mah. Sina ngarumbay nutupan tonggong. Sugan kaumuran tagé.

Teu karasa umur geus nicak salikur. Asana mah geus loba nu robah. Ti mimiti kabisa, karesep, sawangan hirup, jeung réa-réa deui. Susuganan kabéh nuju kana perkara nu aya mangpaatna keur awak sakujur, jeung jalma sabudeureun. Nya, atuh mudah-mudahan.

Mangkukna, teu kahaja ngulinkeun rémot tipi nu keur nganggur. Biasana mah mun keur di imah, tara ngahajakeun lalajo tipi kawas baheula keur budak. Ti wanci bada magrib nepi ka sareureuh kolot, rémot dicekel ku kaum hawa nu aya di imah. Mun teu lalajo sinétron, biasana maranco lalajo acara pamintonan kabisa: ti mimiti akademi dangdut tug akademi musik pop bergengsi. Keur sauingeun mah, matak bosén hirup di alam dunya. Kitu jeung kitu baé nu kasaksian saban peuting.

Asana mah di nagara urang, krisis pisan acara tipi nu ngandung unsur rékréatif sakaligus didaktis téh. Bisa diitung kénéh ku ramo. Padahal, dina wanci-wanci éta (bada magrib nepi bada isya nu cék basa légégna mah prime-time), wanci nu cocog keur mintonkeun program tivi anu ceuyah ku unsur atikan. Sab, ti mimiti budak olo-lého, nepi ka kolot nu rarémpo, ngumpul ngariung dina waktu éta. Di dieu kawasna dibutuhkeun kasadaran ti sakabéh pihak, supaya naon nu disebut literasi media, bisa kahontal.

Basa keur jongjon mindah-mindahkeun chanel, teu kahaja manggih film Toy Story II. Geus teu asa jeung jiga deui ka film ieu mah. Ti barang mamaké saragam beureum bodas gé geus kalalajoanan. Samalah, kungsi boga hiji action figure dina film éta. Buzz Lightyear, figure astronot nu jadi salasahiji tokoh protagonis film Toys Story. Paréré ti Uwa Jakarta. Kétah, teuing nu tatangga kitu, poho deui. Ngan, ti barang wiwitan lalajo éta film, geus teg baé na haté: “nu kieu yeuh film alus téh!”

Toy Story téh film nu disutradaraan ku John Lasetter, dijieun ku Pixar, dirilis ku Walt Disney Pictures jeung Buena Vista Distribution di Amerika Serikat tanggal 21 November 1995. Basa 2010 nu geus kalarung, sekuel ka III film ieu suksés ngéléhkeun film kaluaran Pixar nu séjén, Finding of Nemo, nu harita jadi film terlaris nu kungsi diproduksi ku Pixar. Cenah, Toy Story IV  bakal medal di taun 2017 engké. Nya keun cuang dagoan baé.

Keur uing sauingeun, aya sababaraha perkara nu matak kataji kana alur carita ieu film. Kumaha prakprakanana cocoan—nu salila ieu dianggap benda mati, teu nyawaan—mintonkeun carita maranéhna nalika keur teu dipaénkeun ku nu bogana. Maranéhna hirup, ngobrol jeung sasamana, boga rasa, jrrd. Nu ahéng pisan mah, nu katangkep dina carita ieu, kumaha jerona rasa nu dipiboga hiji cocooan ka nu bogana, jeung ka sing saha baé nu ngulinkeun manéhna. Atawa kumaha sedihna nalika maranéhna geus teu dipaliré deui ku nu bogana, sab, nu bogana geus mulai tumuwuh manjing ka balég. Geus boga dunya séjén nu kudu dialaman. Dunya rumaja, misalna.

Saliwatan mah kawas nu kajadian dina carponna Kang Godi Suwarna, nu judulna “Uwak-awik”, dikumpulkeun dina antologi carponna, Murang-maring (1980). Nyaritakeun kumaha wayang golék nu nyieun konspirasi rék mulihkeun kasakit ka dalangna. Nu sangeunahna ngusik-malikkeun maranéhna di tiap pintonan/pagelaran wayang. Pan ngeri, Lur! Kajadian ieu, mun dina film Toy Story mah aya dina sekuél ka III, nalika Woody & Buzz sabatur-batur, panggih jeung Lotso, boneka biruang, nu boga rasa kuciwa ka nu bogana. Ngan teu nepi rék maéhan nu bogana wé, teu jiga nu kajadian dina carpon “Uwak-awik”na Kang Godi Suwarna.

luncat ka alam rumaja, maranéhna tinggaleun

Kayungyun ku girohna Woody & Buzz sabatur-batur, nu boga pamadegan ‘sanajan nu bogana geus déwasa, tapi maranéhna moal ngijing sila béngkok sinembah ka nu bogana’. Nepikeun maranéhna diwariskeun deui ka budak (nu teuing saha jeung urang mana), jaga baris jadi batur ulin maranéhna. Kapan, nepi panungtung carita dina sékuél ka III, Woody jeung Buzz sabatur-batur, masih satia maturan Andy nu geus kuliah, tur poho ka maranéhna. Pamustunganana, Andy mikeun kabéh cocoanana ka budak awéwé tatanggana.  

Nu kamari karasa nyeunyeuitan pas lalajo Toy Story II, meneran di scene Jessie—koboy awéwé nu bakal aub jadi cocoan Andy di sékuél ka III—nyaritakeun pangalaman manéhna nalika dipopohokeun ku nu bogana, baheula. “Anak-anak yang selama ini bermain denganmu, mereka akan tumbuh dewasa, mulai berdandan, punya pacar, dan akhirnya melupakan kita…”, kitu kurang leuwihna mah.

Nu tinggaleun mangsa luncat (gambar beunang: Googlé)
Sapuk pisan kana pamadegan Jessie. Kailaharan budak nu manjing ka balég téh, bakal ninggalkeun rupa-rupa hal—karesep jeung kabiaasaan nu dianggap—bubudakeun. Kaasup ngulinkeun cocooan.  Dina mangsa keur meujeuhna hayang katanggar ku lawan jenis, individu nu tadina cuék téh mulai ngusahakeun sangkan katinggali cool. Miceun rupa-rupa kalakuan mangsa keur budak, da sieun dibéré title bolon atawa bubudakeun. Kuring waé nu kaasup telat dewasa (kelas 6 SD masih remen mangkal jeung ruang-riung di tukang cocoan hareupeun sakola), antukna mah luncat ogé. Ninggalkeun maranéhna nu ayeun teuing di mana boa.

Kiwari nalika umur nu geus salikur, uing geus boga kaulinan anyar. Alatan faktor karesep jeung lingkungan, kaulinan ayeuna téh teu jauh jeung dunya literasi. Buku, ngaran tokoh-tokoh daérah, nasional, jeung dunya katut nu diusung ku maranéhna. Acan ari dalit pisan mah, komo nepi kawas pet ku hinis, jauh kénéh. Karak wawanohan hungkul. Robah kala, robah karesep jeung cocooanana.

Mangsa keur anteng jeung sababaraha ngaran ti aliran stukturalism, dadak sakala maranéhna ngalangkang dina lamunan. Rupa-rupa jenis cocooan nu kungsi dipiboga, ti barang rorobotan, pepestolan, momobilan jrrd, ngéngklak dina kongkolak panon. Deukeut pisan. “Boa cocooan uing gé kitu”, ceuk na haté. Nu leungit dipaok babaturan, atawa nu lapur palid kabawa banjir, jeung—nu pangpahna mah—nu ku kuring kapopohokeun basa kuring luncat ka alam rumaja. Meureun saronoeun, meureun arambekeun. Deudeuh teuing, hampura, sobat. Sobat nu teu kabawa luncat, mangsa waktu jongjon nyanggi silalatu.***


Cilembur, 29 Désémber 2015.



[I] Ieu tulisan répléktip téh hiji sékuél tina trilogy tulisan panineungan uing. Keur mitineung naon baé nu geus kalarung. Nu dua deui baris nyusul.